Rabu, 16 Juli 2014

Mapag Panganten






Salajengna Juragan

Jumat, 23 Maret 2012

Braga Festival 2011

Poto ku Edi Sujana


























Salajengna Juragan

Minggu, 11 Maret 2012

Lalamunan

Laras : Salendro
Gerakan: Sedeng
Sanggian/Rumpaka: Mang Koko

Mun abdi pareng nincak dewasa
Bade ngabantu rukun tatangga
Gotong royong tur sabilulungan
trong trong trong sora kohkol ditakol

Mun abdi pareng nincak dewasa
Hayang laksana jadi tentara
Ngusir musuh nu rek niat jail
Dor dor dor musuh paeh dibedil

Mun abdi pareng jadi nu kaya
Moal nyaah ku dunya barana
Pakir miskin nu katalangsara
Sok sok sok rek dibagi walatra
Salajengna Juragan

Jumat, 09 Maret 2012

Ngayuh Hujan

Laras: Pelog
Gerakan: Anca
Sanggian/Rumpaka: Mang Koko

Hujan turun tutumplukan
Kuwung-kuwung narembongan
Anu hejo anu kayas
matak kelar matak waas
Cur hujan geura breg turun sing rata
Peksiram tatanen masing walatra

Hujan geura turun deui
Supaya maseuhan bumi
Bumi tempat pepelakan
Sangkan timbul karaharjan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Hujan turun tutumplukan
Rek nulungan pepelakan
Nu keur meunang kasusahan
Rek laju kahalodoan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra
Salajengna Juragan

Kamis, 08 Maret 2012

Leuleus Kejo Poena

"Abah oge baheula mah keur ngora, pangbedegong-bedegongna. Tukang bengal ka batur. Teu boga duit...maok.Katewak ku pulisi kabur. Tapi ayeuna mah kakara kapikir yen teu hade milampah jahat teh. Untung abah dipaparin panjang umur, aya keneh waktu keur tobat ka Pangeran." Ceuk Abah Haji Jang Abdan; tatanggana anu lar sup pisan ka Abah Haji.

"Alus oge, kawas ujang. Bageur ti ngongora, daek kana agama ti bubudak. Peupeujeuh we ulah rek kapangaruhan ku jelema-jelema nu sok raresep ngadu. Abah ge terus diajar ngabangsat teh, kulantaran mimitina mah tina resep ngadu."

Omong Jang Abdan:"Cobi ngadongeng deui, Bah Haji teu sawios pangalaman oge da moal diturutan ieuh, ku abdi mah. Kanggo ngarampog, ngabangsat teh, elmuna nu husus, sanes ukur kedah ludeung wani sareng nekad wungkul?"

Abah Haji:"Ari kana jahat mah, jang da digayuh ku setan, teu make elmu istimewa ge, da ngadak-ngadak juljol akal-akal nu araneh teh. Eta inget abah.........dina hiji waktu tas ngabongkar, malah terus katingker. Jelema-jelema geus sabedogna-sabedogna. Ngan untung, euweuh nu barogaeun batre. Eta.......................abah naplok dina tangkal cau, sakitu tinggalisir jelema-jelema ka gigireun abah, bet euweuh nu maranggihan  keur maranehna barongoh, abah nyokot batu gede, keleweng ku abah dialungkeun ka lebak. Sangkaanana jelema-jelema mah, nu ngagorobas teh, nu ku maranehanana keur ditareangan tea, atuh, kabeh pada maruru ka lebak."

Untung teh, Abah.......bisa lolos, bari rebo. Jang Abdan:"Kumaha abah, upami kabetak nuju aya di jero imah?"

Abah Haji:"Aya 2-3 kalina, abah katebak...........ari kapaksa-paksa teuing mah, nya galungan we, papinter-pinter jeung nu boga imah. Sakali mangsa,..........karek oge abah asup ka jero imah, nu boga imah, salaki jeung pamajikanana, harudang. Kabeneran abah nempo mukena ngagantung, gancang wae dipake, bari pura-pura rek solat. Rupa-rupa eta mukena teh nu indungna, nu boga imah, bari terus arasup deui ka pangkengna teh ngaromong kieu."Geuning ema rek tahajud". Atuh abah teh hasil deui wae.

Jang Abdan: "majar abah kungsi ngabongkar imah nu panganten sagala?"
Bah Haji:"Eta mah lain maksud rek maok-maok teuing. Harita mah abah, mapatkeun sirep sagala.Matih pisan ari ka jalma-jalma anu tara babacaan heula memeh sare mah.

Bakating ku gemes ka panganten lalakina, ku abah teh rigidig dipangku, dipindahkeun ka goah. Beungeutna digambaran, kabeneran manggih oyan ti lantera, tapi da digulang-gaper oge.....tetep we nyegrek.Rumasa ujang abah mah, jelema gede dosa.Muji sukur kanu Maha Kawasa abah make diparengkeun milih jalan bener. Da samemeh jarah mah, sanajan ku kolot kungsi dipasantrenkeun oge estu jadi jelema tukang ngaririweuh batur wungkul.

Lain beja eta mah ujang........di Mekah ditembongkeun kalakuan-kalakuan abah nu geus kaliwat teh. Bongan resep maok, da ti sabarang unggah kana kapal oge, abah teu kendat kacopetan jeung kapalingan, malah Bu Haji pisan aya nu maling..............ngiles aya 3 poena. Abah teu bisa aral subaha, sadrah we kanu kawasa, da bongan abah."


(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)
Salajengna Juragan

Nuduhkeun Sipat

Herang ngagenclang
Herang ngagenyas
Poek mongkleng
Poek meredong
Caang mabra
Caang ngebrak
Kandel kedeplik
Ipis nyempring
Pendek pecekrek
Pendek pedeklek
Panjang ngagebay
Gede ngajegir
Leutik camperenik

(tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Rabu, 07 Maret 2012

Nuduhkeun Rasa

Amis kareueut
Haseum ngadengil
Lada newewet
Pait molelel
Pangset moletek
Panas nereptep
Tiis camewek
Seungit melenghir
Seungit meleber
Seungit ngadalingding
Bau meledos
Bau meledek
Hangseur meleding


(tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Selasa, 06 Maret 2012

Jemblungan

Jemblungan asal kecapna tina jemblung nyaeta hiji wangun seni tradisional di Tatar Sunda, pangpangna di wewengkon Kabupaten Ciamis nu ngawates ka wewengkon Kabupaten Banyumas di Jawa Tengah. Tatabeuhanana dijieunna tina awi nu sorana niron kana sora gamelan, malah ngaran waditrana oge sarua jeung ngaran waditra gamelan.

Aya bedana, seni jemblung jeung seni jemblungan. Di wewengkon Banyumas (Jawa Tengah) nu ngawates ka Tatar Sunda. Nu disebut jemblungan teh nyaeta seni pintonan winangun guneman, dipirig ku sora baham  nu niron sora (lagu) tatabeuhan gamelan. Biasana dipintonkeun ku patugas-patugas panerangan di wewengkon-wewengkon nu mencil.

Di wewengkon Banyumas mah aya nu disebut wayang jemblung, nyaeta magelarkeun lalakon wayang. Cara nyaritana (antawacana) teu beda jeung antawacana wayang wong. Dariukna biasana ngariung satengah buleudan. Gerakna kawatesanan bari diuk, bisa oge bari deku atawa ngajungkung jeung pepeta.

Anu jadi ciri mandiri jemblungan nyaeta ayana unsur dalang, minangka nu ngajejeran runtuyan carita kaasup mere katerangan ngeunaan suasana jeung tempat kajadianana. Ari waditra pamirigna nyaeta kacapi (siter), kitu oge ngan pikeun mere pangkatan sora.Cara magelarkeunana teu beda ti nu maca wawacan (beluk), bisa dibiskalan (aya nu ngilona), tapi bisa oge guneman langsung bae. Ku lantaran carana bari dariuk saperti anu maca wawacan, atuh pikeun nembongkeun watek palaku teh cukup ku gerakna awak jeung ku pasemon wae, henteu kudu bari nangtung atawa leuleumpangan bisa heula nembangkeun rupa-rupana pupuh.

(tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar)



Salajengna Juragan

Pakeman Basa (Idiom)

Pakeman basa, di dieu, disaruakeun jeung idiom. Idiom asalna tina basa Yunani: idios, hartina has, mandiri, husus, atawa pribadi. Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikangdungna enteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa. Pakeman basa teh lahir ku ayana rupa-rupa cara enggoning nyebut atawa mere ngaran kana sagalarupana nu kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa jeung kapikir). Cara-cara mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, sasaruaan, bahan, tempat asalna, nu nyieuna, nu nimuna, sipatna, sabagian anggapan, jeung lian ti eta.

Anu kaasup kana pakeman basa teh, di antarana, ditetelakeun ieu di handap.

1) Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) jeung frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona: ngaburuy, ceuli lentaheun, panjang leungeun.
2) Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa loka lakuning hirup.
Contona:
Anjing ngagogogan kalong
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
3) Gaya basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun. Gaya basa teh sipatna plastis-stilistis, mun dipake estu jadi mamanis basa, tetela maksudna, teleb karasana, jeung alus iketanana. Contona kiray lir gugupay ka nu paturay.
4) Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda-tanda kuda, hade henteuna diingu.
Contona:
Satria pinayungan (tinayungan): aya kukulinciran dina tonggoh lebah handapeun sela beulah katuhu; watekna hade matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
Turub layuan: aya kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup; watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
Buaya ngangsar: aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang. Watekna goreng, lamun dibawa meuntas di nu deet , kuda teh sok depa, ari di nu jero sok palid.
Tumpur ludes: aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup. Watekna goreng, matak mawa sangsara kanu boga.
Sumur Bandung: bulu sukuna, ti handap nepi kana tuurna bodas. Watekna hade mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
5) Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Contona:
Bandung heurin ku tangtung
Sukapura ngadaun ngora.
Sumedang ngarangrangan
Banagara sor ka tengah.
6)Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara (daerah). Geus nepi ka ugana ngandung harti geus nepi kana waktu anu ditujum ku karuhun.
Contona:
Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.
Pulo Jawa bakal dibengker ku beusi.
Pulo Jawa bakal kaereh ku kulit kuning lilana saumur jagong.
7) Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.
Contona:
Cing, pangmiceunkeun tampolong.
Ehm, bau nu ngagoreng tarasi.
8) Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap anu sejen. 
Contona: 
Ari geus maju mah, make wani nincak sagala manehna teh.
Ih, geuning ngeked naker manehna teh.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan, Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda)

Salajengna Juragan

Taraje

Aya urang Batawi anyar pindah ka Tatar Pasundan. Kulantaran sumur caina saat, nya ngahiras tukang ngali sumur urang Sunda. Teu kudu dicatur kumaha-kumahana mah.Kacaritakeun pas waktuna dahar, Si Urang Batawi tea, nitah dahar:

Urang Batawi : "Mang makan dulu!"
Tukang Sumur: "Taraje bang"

Ari kadengena ku urang Batawi mah "ntar aje". Leos we manehna asup deui ka imah.
Geus kira-kira nya sapanyeupahan, jol deui Si Batawi nyampeurkeun nu keur ngagali, terus gera-gero deui.

Urang Batawi : "Mang! udah siang makan dulu nape"
Tukang Sumur:"Bang, taraje"

Si Batawi gogodeg bari ngaleos. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali, tapi beuki lila sora Si Tukang Ngali Sumur beuki halon, malah ampir les-lesan.

Waktu geus manceran, Si Urang Batawi bari rada keuheul, myampeurkeun deui Tukang Sumur. Gorowok, ngagorowok tarik pisan:

Urang Batawi: "Mang....mang....keburu basi tuh nasi, makaaan dulu!".
Tapi teu kadenge aya nu ngajawab ti handap. Nepika sababaraha kali gegeroan, tapi welej euweuh nu ngajawab.

Panasaran bari rada curiga, Si Urang Batawi nyokot taraje, terus turun ka handap. Nepika ka handap, kasampak Si Tukang Ngali ngaringkuk lapiuhan.

Cag

(NN)
Salajengna Juragan

Pangkur

Palanggeran : 8-a, 11-a, 8-u, 7-a, 12-a, 8-a, 8-i.
Judul : Hutang Pati Bayar Pati
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sang gaang samakta,
nyuhun batu, awakna dibeulit hinis,
dina buntut jarum pentul,
tatandang bari susumbar,
nunggu musuh munding bule, nu putukul,
bongan abong kena kuat,
adigung boga hate dir.


Samaruk hamo dilawan,
padahal mah, najan leutik asal pelit,
sanggup jurit bari unggul,
jangkung ge ditarajean,
komo ieu ukur dayut euweuh tanduk,
hayu urang perang,
rasakeun pamales aing.


Hutang uyah bayar uyah,
hutang pati, tangtu dibayar ku pati,
anak aing paeh tujuh,
paeh ku sakaasakeun sakali tincak,
abong kena ieu aing kuat suku,
rasakeun ieu pakarang,
geura datang tong jejerih.


Jigrag-jigrag bari tanggah,
rarat-reret neangan nu ngajak jurit,
umba-ambeu, ungas-ingus,
mawa rawe dina sirah,
dina tonggong jigana mah mawa bubu,
maksudna eukeur naheunan,
sato leutik nu aprelit.


Sabot Si Bule tatandang,
henteu nempo musuh dina tangkal kai,
enggeus ngincer mawa batu,
dicentang lebah panona,
gerang-gerung Si Bule teh ngarumpuyuk,
tangginas sang gaang luncat,
rek meuncit musuh ku hinis.


Si Bule adug-adugan,
ambek nyedek, sukuna mani pakupis,
hanjakal teu boga tanduk,
musuh ngan ukur karasa,
boga panon duanana tambuh,
na saha anu merangan,
geuning pinter bisa licik.


Suku buntut pada meta,
Sang Gaang mah, cungcat-cingcet estu gasik,
najan si musuh babadug,
ripuh ku polah sorangan,
tanaga dihambur-hambur teu puguh,
sang gaang ngarasa punah,
geus bisa males kanyeri.
r

Salajengna Juragan

Senin, 05 Maret 2012

Wirangrong

Palanggeran : 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a
Judul : Poe Wiwirang 
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sing ulah pinanggih deui,
nu ku emang geus kalakonan,
nyorang wirang keur natamu,
tungtungna bet hayang seuri,
dasar emang sok limpeuran,
jeung pohara mokahaan.

Emang dipantaln ginding,
dijas hideung jeung dibendo,
kasampak ondangan ngumpul,
emang diaku pribumi,
cat emang unggah ka tepas,
terus sila gagah pisan,

Emang teh asa kapuji,
nu hadir pada narempo,
sugan teh kaget ku baju,
dumeh emang tandang ginding,
lila-lila mah curiga,
da neuteup kana lahunan

Paingan tingcarikikik,
aya nu bengong olohok,
sihoreng teh barang tungkul,
meh teu kawani cengkat deui,
pantalon lesot kancingna,
tali kolor bijil ngambay.

Bororaah daek ngopi,
tungtungan emang permios
bari teu weleh tungkul,
sok masrahkeun amplop duit,
sabadana sasalaman,
emang mulang gagancangan.

Barang ka imah geus tepi,
katangen pahili amplop,
nu duitan dina saku,
nu kosong dibikeun tadi.
bet nambah-nambah wiwirang.
kumaha mun kanyahoan.

Emang rek nepungan bibi,
hayang geura-geura ngobrol,
jigana eukeur di dapur,
teu tata pasini deui,
gancang ditepak tonggongna,
sihoreng....geuning mitoha.

"Bet neunggeul ema teh tarik"
ceuk mitoha bari melong,
emang gancang sanduk-sanduk,
memendekan semu isin,
koloyong deui ka luar,
terus ka cai ka lebak.

Teu kapalang mun keur tiis,
wiwirang teu towong-towong,
sabot na cukang ngalamun,
seureuleu suku nu hiji,
jurali teh jungkir pisan,
rancucut heunteu kapalang.

Barang amprok jeung si bibi,
gancang nyorowok "ku naon?"
tatangga ge ribut muru.
emang hayang hinghing ceurik,
peureum bakating ku era,
jedak neumbrag kandang domab.

Terus emang alak-ilik,
heran ka mana bendo,
mangkaning gaduh Bah Apung,
barang disusul ka cai.
oteng geus kokoleaban,
ngadon ngangkleung di walungan.

Bakating inggis kaciri,
sieun anu boga nyaho,
dideang hareupeun hawu.
pek tej kasundut saeutik.
bet sue kateterusan,
sial teh pohara pisan.
Salajengna Juragan

Ngaran-ngaran Patempatan

Alun-alun; tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten jsb)
Babakan; lembur anyar; ngababakan= nyieun lembur anyar
Babantar; bagian walungan anu leah sarta deet
Bobojong; jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
Bubulak; sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa pasir
Dungus; ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan ;a;eutik nu rada remet (di leuweung)
Huma; tanah darat (biasanan di leuweung) nu dipelakan  pare tur tara dikocoran cai
Jungkrang/jurang; legok anu jero sarta sisi-sisina gurawes
Karees; sisi walungan nu rea keusikan (mun di sisi laut basisir)
Kebon; tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Lamping; bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
Legon; bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa jeung teluk ngan leuwih leutik
Lembur; kampung, tempat padumukan jelema nu rea imah
Leuwi; bagian walungan anu jero sarta biasana lega (rubak)
Monggor/momonggor; sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
Muhara/muara; tungtung walungan di hilir, tempat patepungna jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gede
Mumunggang/geger; bagian gunung pangluhurna (tonggong gunung)
Pasir; gunung leutik sarta pasir
Reuma; tanah darat urut huma
Rorah; cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung
Sabang; tanah darat nu dihapit ku dua walungan
Sampalan; tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
Situ; sarupa balong ngan leuwih gede, leuwwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajanggelek jadi situ)
Somang; jurang gurawes sarta jero
Tanjung; jojontor tanah anu nyodor ka laut
Tarikolot; tempat urut lembur nu tadina gegek imahna jadi corencang, nu tadina haneuteun jadi tiiseun
Tegalan; tanah lega tur rata nu sabagian gede pinih ku jukut wungkul
Teluk; bagian basisir nu ngelok ka darat (sabalikan tina tanjung)
Tepiswiring; sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan
Tetelar; tanah datar di tengah sawah anu henteu jahontal ku cai, sok dipake pangangonan
Tutugan gunung; bagian gunung beulah handap (suku gunung)
Wahangan; walungan, cai gede nu ngocr ti girang ka muara. Nu leuwih gede disebutna bangawan


(tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk)
Salajengna Juragan

Gumbira

Laras : Pelog
Gerakan : Sedeng
Sanggian/Rumpak : Mang Koko

Rasa guligah rapot alus angkana
Seuri gumbira hahahahah
Seubeuh pamuji irung ge asa kembung
Igel-igelan pakpongpakpong gung

Rasa guligah itungan bener kabeh
Seuri jeung surak, heup heup heup horseh
Waktu pakansi ulin bareng ngalabring
Karakawuhan, durang duraring
Salajengna Juragan

Kamis, 01 Maret 2012

25 Rebu Sakilo

Nini-nini naek lift ka lantei 6.Di lantaei 3 aya gadis (mojang) naek meni sareungit.
Nini:"Duh neng meni sareungit"
Gadis:"Bvlgari nini.....750 rebu sabotol". Agul eta si gadis

Di lantei 4 aya deui gadis asup, leuwih seungit ti nu tadi
Nini:"Neng ge meni seungit"
Gadis ka 2: "Gucci nini 900 rebu sabotol", agul deui wae eta si gadis teh.

Nepi ka lntei 6, nini ka luar bari hitut melekbek kacida bauna. Gadis-gadis nu di jero lift ampir-ampir kapiuhan. Ceuk si nini bari ka luar, "Cilembu neng 25 sakilo".....hehehhe

(NN)

Salajengna Juragan

Balap Lumpat

Laras : Salendro
Gerakan : Gandang
Sanggian/Rumpaka : Mang Koko

Balap lumpat patarik-tarik lumpatna
Balap lumpat paheula-heula tepina
Hiji dua barudak sadia
Tilu bareng lumpat paheula-heula
Lumpat tarik bebeakan
Muru kalang pameunangan

Lumpat tarik meakeun tanaga
Embung kasor hayang datang pangheulana
Lumpat tarik tungtungna sok lempoh
Silih susul ambekan ha he hoh
Nincak kalang pameunangan
Surakna ayeuh-ayeuhan

Balap lumpat papada hayang ti heula
Balap lumpat museurkeun tanaga
Lumpat cape beakeun tanaga
Lesu ngaclek nyusul teu kaduga
Lumpat nyisi dodongkoan
Ku baturna dikeprokan
Salajengna Juragan

Ukuran Beurat jeung Lobana Pare

Saranggeuy; sagagang
Sapocong; satengah geugeus (pikeun ukuran pare nu ranggeuyanana bisa kakeupeul).
Saeundan; sapocong
Sageugeus; dua pocong nu dibeungkeut dihijikeun
Sagedeng; sageugeus.
Sasangga; 5 geugeus
Salajer; 4 sangga = 20 geugeus
Sacaeng; 200 geugeus=2 madea=4 tanggung=10 lajer=40 sangga
Sabawon; 4 pocong
Satanggung; 50 geugeus
Saundem; pikeun ukuran beas anu ditaker ku batok, kira-kira satengah leter.
Samadea; satengah caeng= 100 geugeus=6 kati
Sakati; kira-kira 817, 5 gram.
Sagantang; 10 undem= 5 kati=3087,5 gram
Saleter; 1 dm kubik.
Saemud; kira-kira saleter leuwih.
Sakulak; kira-kira 2,5 kg, keur ukuran beas.
Sapikul; 100 kati, kira-kira 62, 5 kg, keur ukuran bangsal
Sadacin; sapikul

(dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Unsur Carita Drama

Carita drama , mibanda  unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu  husus, pangpangna dina plot sareng watek.

Wincikanana unsur drma teh nyaeta:
1. Tema (Bs. Inggris thema) nyaeta 'pikiran pokok', sarta jadi gambaran kana palsapah eusi naskah tea.
2. Amanat, nyaeta naon tujuan anu hayang dihontal ku nu ngarang eta naskah.
3. Plot, nyaeta susunan lalakon, sok disebat oge skenario. Ciri plot nyaeta ayana sabab akibat. Pikeun milari plot tina hiji carita nyaeta ku cara nanya: Ku naon, naha.
4). Watek atanapi karakter. Nu dimaksud di dieu nyaeta watekna para palaku drama, sanes watekna drama. Watek ti para palaku ieu pisan anu engkena ngawangun 'plot', diwujudkeunana dina peran palaku tea. Kapan sok aya nu naros: Peranna naon?watekna kumaha?
a. Watek protagonis, nyaeta watek anu diperankeun ku pamaen utama, nu boga lalakon.
b. Watek antagonis, nyaeta watek nu jadi pamaen utama. Ku ayana peran antagonis ieu pisan timbulna konflik anu jadi unsur plot.
c. Watek tritagonis, nyaeta peran pihak katilu, biasana pihak anu memeres kajadian.
d. Watek pangjangkep, nyaeta peran jelema sanesna anu diperlukeun pikeun ngarengsekeun carita.

Watek atanapi karakter nu aya di unggal 'pemeran' kedah eces pisan. Langkung-langkung upami kanggo tontoneun barudak.


(dicutat tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar; Drs. H. Hidayat Suryalaga)
Salajengna Juragan

Katipu Ku Bohongna Sorangan

Ceuk babasan tea mah, adat geus kakurung ku iga, sanajan unggal poe dipapatahan oge, tetep bohongna teh teu bisa leungit-leungit.

Mun ngclok duit ka, jangji rek mayar dina jero saminggu, pleng teh ngampleng nepika aya 6 bulanna. Tapi aneh..........masih keneh aya bae nu percaya. Jigana.....nempo ka bapana, da jelema aya.

Ki Kasdum, tukang bohong tea, kungsi dipasanternkeun sagala ku bapana. Tapi keur tukang bohong mah bet jadi nambahan kasempetan pikeun ngabohong. Meusmeus....menta iuran itu, iuran ieu, boh mangrupa beas, atawa mangrupa duit. Padahal masantrenna mah, ukur meunang sabulan, jigana teu betah, jeung jadi santri mah, ongkoh bae teu meunang bohong teh.

Dina hiji mangsa Ki Kasdum rada susah. Ku bapana teu pati diwaro. Gawena teh ngan ngalamun bari nangkeup tuur di tepas hiji imah leutik di sisi kebon, meunang mangnyieunkeun bapana, ngahaja keur Ki Kasdum bari dibere pancen tunggu kebon.

Ceuk dina pikirna: "Mun seug aya jelema beunghar nu hajat daging munding, pek dibagikeun ka rahayat sakampung ieu, meureun aing oge kabagean 4-5 pangpangan mah. Bet maredit jelema-jelema teh. Nikmat meureun mun dahar jeung daging mah.

Keur anteng-anteng ngalamun digebah ku sobatna, Ki Ustam.

Pokna:"Hoyah ngalamun weh. Sabaraha minggu disetrap teh jang?
Ki Kasdum ngajawab:"Sok salah sangka, maneh mah. Tara ngalamun urang mah. Puguh keur uleng mikir, ku ngarasa aneh pisan, eta Mang Haji Hasdib, kumaha jalan-jalanna nepi ka gancang pisan jadi beungharna. Naha eta kitu, ku loba hajat, loba sidkah, mindeng mere maweh ka nu miskin?. Aeh enya Tam, maneh mah kawasna can meunang beja nya. Dina ba'da lohor Mang Haji Hasdib rek meuncit munding malah dua pisan, di lapangan Babakan. Dagingna teh rek digunduk-gunduk, rek dihajatkeun ka rahayat sakampung ieu. Bari balik, kade maneh ulah poho sakur sosobatan urang mah bejaan nya. Bada lohor geuwat marawa nyiru atawa wadah naon bae ka lapangan Babakan kituh. Nu sorangan mah cenah rek dibere loba."

Ustam:"Na asa kabeneran teuing, mun enya teh kuring mah geus aya kana 2 bulanna teu manggih dahar jeung daging."
Ki Kasdum:"Tong loba carita, geuwat ku maneh bejaan."
Ki Ustam teu boga curiga saeutik-eutik acan yen sobatna teh ngabohong.

Kira-kira sajam ti sajungna Ki Ustam mulang, geus mimiti aya hiji, dua budak-kolot nu ngaraliwat bari marawa nyiru. Malah aya nu mawa tampir sagala.

Panasaran ku Ki Kasdum ditanya. Ari jawabna teh bener bae rek ka lapang Babakan.

Ki Kasdum ngomong jero hate:"Percaya nya....jelema-jelema kana omongan Si Ustam.Pan Si Ustam teh beja ti aing. Ari aing ceuk saha, da ukur tina lamunan."

Kulantaran anu ngaleut ka lapang Babakan teh beuki loba, malah katempo aya Pa Tua Kampung sagala jeung Pa Lebe, Ki Kasdum rada ser-seran rek percaya oge.Teu inget jigana yen manehna teh tina bohongna sorangan.

Ceuk dina pikirna:"Boa-boa enya....tungtungna batur meunang....aing ceuleumeut."

Korejat manehna cengkat gura-giru ka jero imah, gap kana dudukuy cotomna, paranti manehna ngangon munding. Gap deui kana tolombong paragi ngala jukut, berebet ka jalan bari teu eureun-eureun menta didagoan ka batur-baturna nu geus ti hareula, pokna:"Dagoan........dagoan......, ulah hawek atuh. Kade kuring teu kaagehan........Asalna oge da tina lamunan kuring.

Cag.

(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)
Salajengna Juragan

Roman Asmara

Dina roman bangsa kieu, anu nonjol teh bab tresnaningsih antara awewe jeung lalaki. Gumantung kana "beurat" jeung "entengna" roman tea, nyaritakeunana ge aya nu talete (tapi biasana make basa-basa sindir), aya nu ngan saliwat-saliwat bae. Upamana bae, "Renggani", (saterusna mah roman perang anu make tujuan propaganda ka Islaman.

Conto sejenna "Rara Mendut", "Lain Eta", "Tresnasena Jeung Nyi Putri Sedihasih", jeung rea-rea deui.


(tina Kandaga: M.A. Salmun)
Salajengna Juragan

Struktur Leksikal

Leksikal mangrupa anu patali jeung leksikon. Struktur leksikal nyaeta rupaning tatali (hubungan) harti antara kecap-kecap atawa antara ungkara-ungkara dina hiji basa. Aya lima prinsip anu patali jeung struktur leksikal.
1) prinsip patumpuk, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun rupa-rupa wawaran, anu ngabalakukarkeun ayana homonim jeung polisemi;
2) prinsip pagaris atawa padupak, nyaeta prinsip anu nuduhkeunyen kecap-kecap teh ngebrehkeun ayana sasauran harti, sanajan wangunna beda, anu ngabalakukarkeun ayana sinonim jeung kecap sawanda;
3) prinsip silih lengkepan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun harti lalawanan, anu ngabalukarkeun ayana antonim;
4) prinsip wengkuan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh mangrupa pondokna tina ungkara sejen, anu ngabalukarkeun ayana kecap wancahan.

Nurutkeun struktur leksikalna, dina Basa Sunda aya sababaraha rupa kecap, di antarana ditetelakeun ieu di handap.

1) Kecap saharti (sinonim), nyaeta kecap anu sarua hartina jeung kecap sejen. Contona: beunghar sarua hartina jeung kecap kaya, jegud, sugih, mukti.
2) Kecap sabalikan (antonim), nyaeta kecap anu hartina lalawanan tina kecap sejen. Contona: beurang mangrupa lalawanan tina kecap peuting.
3) Kecap sangaran (homonim), nyaeta kecap anu ngaranna sarua jeung kecap sejen, tapi hartina beda. Kecap sangaran ngawengku: kecap sawangun (homograf), nyaeta kecap anu sarua wangunna tapi beda hartina, saperti manah (hate) jeung manah (mentangkeung panah); jeung kecap sauni atawa kecap sasora (homofon), saperti bank (lembaga paduitan) jeung bang (beureum).
4) Kecap sawengku (hiponim), nyaeta kecap-kecap anu hartina kawengku ku kecap sejen. Contona: malati, campaka, dahlia, sedep malam mangrupa hiponim tina kembang.
5) Kecap rea harti atawa kecap aneka harti (polisemi), nyaeta kecap anu ngandung harti leuwih ti hiji, tapi hartina teh masih keneh aya patalina. Contona: korban, ngandung harti wadal, barang pangbakti, nu nandangan kasusah, nu ciaka.
6) Kecap wancahan (akronim), nyaeta anu mangrupa singgetan atawa pondokna tina ungkara sejen. Contona: dekah tina dewek mah, mangkade tina mangka hade, cekeng tina cek aing.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. H. Abud Prawirasumantri)
Salajengna Juragan

Durma

Judul : Nyalahan
Palanggeran: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Dordar, brugbreg, kawas nu keur parasea,
ngomongna semu bengis,
naha kikituan,
rangkepna ge can lila,
piraku rek bengkah deui,
asa kacida,
saha nu wani ngintip.

Ngan teu aneh, jep teh jadi jempling pisan,
teu lila:"Aduh nyeri"
naha, boa-boa,
cing hayu urang unggah
bisi aya raja pati,
urang teh salah,
upama cicing-cicing.

Sihoreng teh, rusuh beberes pakean,
isukan arek indit, 
jeung nyubuh miangna,
nyaba aya mingguna,
bongan beberes ti peuting,
ku rurusuhan,
kacepet ku lomari/

Nu matak ge ulah sungku-sangka,
upama tacan yakin,
geuningan nyalahan,
mun seug nu atah sasar,
dig-dig geuwat ka pulisi,
tangtu wiwirang,
laporan tanpa bukti.

Bet ras inget waktu Jepang keur kawasa,
kawentar galak bengisna,
abong meunang perang,
tingkahna sakama-sakama,
edas ku sagala beuki,
sok punta-penta, 
teu mere ditampiling.

Laskar Jepang hol datang bari pepeta,
maksudna teu kaharti,
"Tamago" omongna,
heg nyabakan bujurna,
sugan teh hayang ka cai,
hanas dibawa,
ka kakus nu beresih.

Ari pek teh jol ujug-ujug nyabokan,
terusna jadi seuri,
barang nempo sayang,
anu aya hayaman,
hayam digebah diusir,
endog dirampas,
teu lila leos balik.

Sihoreng teh keur butuh butuh ku endog hayam,
ku bodo salah taksir,
teu ngarti petana,
poek kana basana,
"Tamago teh endog geuning,
kakara apal,
pangan jol nampiling.

Jaman Nica loba jelema ditewak,
katerangan sing tarapti,
sok remen nyalahan,
marukan tukang tembak,
sihoreng teu jelas nulis,
o jigana a,
mariksa teu taliti.

Tukang tembok watir majar tukang tembak,
bet bodo henteu ngilik,
nangkepna teh asal,
nu sidik tanpa dosa,
disiksa leuwih timisti,
karunya pisan,
nu enya majar lain.

Harianeun Pa Teri oge ditewak,
ku salah denge sidik,
dasar nu kasima,
ngajawab ngan ukur "ya",
dumeh eta ngaran Teri,
ku rusuh tea,
kadenge TRI.

Atuh lapur harita ge dicangkalak,
Nica geus teu sak deui,
pek nanya pangkatna,
"Tanen" jawabna  gancang,
samaruk Kapten TRI,
teu antaparah,
digebot pohpor bedil.


Salajengna Juragan

Pucung

Judul: Aki-aki Pundung
Palanggeran: 12-u, 6-a, 8-e/i, 12-a


Euleuh, euleuh geuning si aki mah kitu,
tina pasal dahar
bugad-baged, lewa-lewe
naha atuh, aki mah sok sarakah


Apa aya, eta deungeuna nu hipu,
bonganna sorangan,
pangraos teu acan ompong,
naha eta, kulub peuteuy teh ti saha.


Gucal-gecol, gugusi teu kuat tarung
horeng teu katahan,
tungtungna natambuh gawe,
ngadon mecleng ka luar, henteu katewak.


Meureun eta, gemesna mah ka si Empus,
hayoh ngaheureuyan,
nu mecleng geuwat diboro,
padahalmah, mun antep, bongan ngalawan.


Ambek nyedek, terus merenggut ngajentul,
euleuh cipanonan,
gubrag ngalabuhkeun maneh,
kokosodan, nyarekan kasarerea.


Ka si Nini ngaggapna kawas ka musuh,
bet jol ngabaeudan
Nini nembrong dilelewe,
dulak dilak, teu sirikna ngajebian.


Mani manyun samutut murukusunu,
kutan ku belikan,
pasal leutik jadi gede,
geuning kitu, nu pikun mah, matak cua.


Papakean ngadon dibuntel ku simbut,
lomari diruksak,
ngarah ku nini disentor,
tapi ngantep, teu daekeun ngahaminan.


Hayang pundung, tapi bet kalah ka bingung
ceuk nini teh: "Puas",
Aki balaham-belehem,
lumah-lameh, meredih disaliksikan.
Salajengna Juragan

Jiwa Bedas

Piit ngabubuhan ricit
jogjog ngagonjok sok cekcok
tapi garuda ngalayang
nyorangan di awang-awang
taya karisi karingrang


Lain hirup ku diawur
lain gede ku pamere
teu rek sirik ka galatik
teu rek ngewa ka kadanca
sanggup ngapak ku jangjangnaeu kagembang 



Teu kaduyung kunu hurung
teu kagembang kunu herang
teu ngundeur ka kebon deungeun
teu mambrih sugih ku duit
mun hasil panggawe rujit.

(Quint; Kandaga III)

Salajengna Juragan

Rabu, 29 Februari 2012

Ulah Senang Dina Haram

Mun teu nyiar moal dahar
mun teu ngarah moal ngarih
mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu ngopek moal nyapek

Nu teu bageur moal cageur
nu teu tulus moal mulus
nu teu bener moal beuneur
nu teu beresih moal asih

Ulah beunghar teu makaya
ulah ginding beunang maling
ulah jegud ku gerejud
eta mah kasakit jagat,

Pahing jangji tanpa bukti
pahing seubeuh ku macikeuh
pahing senang ladang haram
yakin yen moal jamuga

(Quatrain; Majalah Sunda)
Salajengna Juragan

Payuneun Rabuljalal



Balitungan sabada kiamat
dosa jasa sakabehna umat.


Lebah dinya teu aya cacah teu aya menak
unggal arwah teu deungeun teu sanak.


Sabab mungguh Rabuljalal
nimbangna teh ku salehna amal.


Najan raja mun dolim tur murka
loba dosa tangtu ka naraka.


Tapi cacah lamun saleh mu'min
dipiasih ku Rabul-Alamin.


Harta banda pangarti mubadir,
taya pedah di yaumil-ahir.


(Distichon; Kandaga III)
Salajengna Juragan

Obahna Awak

Diuk; nempatkeun awak ku bujur bari sila, emok, nyanghujar, jste.
Jijingklak; awak kawas nu igel-igelan lantaran meunang kabungah
Malik; ngagerakeun badan 180 darajat, nepika nyanghareup kanu tadi ditukangan
Nangkarak; ngedeng tonggong di handap
Nangkuban; ngedeng, tonggong di luhur, sabalikna tina nangkarak
Nangtung; napak kana taneuh, jsb.sarta sakujur awak ajeg
Ngadangkak; nangkarak bari ngajegangkeun suku
Ngadapang; nangkuban tapi dada diangkat ditahan ku siku
Ngadayagdag; nyarande bari rada ngadangheuak sarta ngalonjorkeun suku saperti dina kursi males
Ngalanggir/lalanggiran; nangkuban atawa ngadapangbari suku semet tuurdikaluhurkeun duanana kawas langgir
Ngalangsud;  nangkuban bari maju ku tanaga siku (budak nu rek diajar ngorondang; perjurit nu ngadodoho abri ngadeukeutan musuh, jste)
Ngarandang; leumpang ku tuur jeung leungeun cara sato
Ngedeng; ngagolerkeun awak dienggon, dina samak jste. biasana make anggel
Nyanda; nyarande (kana tumpukan anggel) baru nyanghunjar saperti awewe nu hudang ngajuru
Nyangsaya; nyarandekeun awak kana bantal, tihang jste. lantaran cape, jsb


(tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan