Senin, 05 Maret 2012

Wirangrong

Palanggeran : 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a
Judul : Poe Wiwirang 
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sing ulah pinanggih deui,
nu ku emang geus kalakonan,
nyorang wirang keur natamu,
tungtungna bet hayang seuri,
dasar emang sok limpeuran,
jeung pohara mokahaan.

Emang dipantaln ginding,
dijas hideung jeung dibendo,
kasampak ondangan ngumpul,
emang diaku pribumi,
cat emang unggah ka tepas,
terus sila gagah pisan,

Emang teh asa kapuji,
nu hadir pada narempo,
sugan teh kaget ku baju,
dumeh emang tandang ginding,
lila-lila mah curiga,
da neuteup kana lahunan

Paingan tingcarikikik,
aya nu bengong olohok,
sihoreng teh barang tungkul,
meh teu kawani cengkat deui,
pantalon lesot kancingna,
tali kolor bijil ngambay.

Bororaah daek ngopi,
tungtungan emang permios
bari teu weleh tungkul,
sok masrahkeun amplop duit,
sabadana sasalaman,
emang mulang gagancangan.

Barang ka imah geus tepi,
katangen pahili amplop,
nu duitan dina saku,
nu kosong dibikeun tadi.
bet nambah-nambah wiwirang.
kumaha mun kanyahoan.

Emang rek nepungan bibi,
hayang geura-geura ngobrol,
jigana eukeur di dapur,
teu tata pasini deui,
gancang ditepak tonggongna,
sihoreng....geuning mitoha.

"Bet neunggeul ema teh tarik"
ceuk mitoha bari melong,
emang gancang sanduk-sanduk,
memendekan semu isin,
koloyong deui ka luar,
terus ka cai ka lebak.

Teu kapalang mun keur tiis,
wiwirang teu towong-towong,
sabot na cukang ngalamun,
seureuleu suku nu hiji,
jurali teh jungkir pisan,
rancucut heunteu kapalang.

Barang amprok jeung si bibi,
gancang nyorowok "ku naon?"
tatangga ge ribut muru.
emang hayang hinghing ceurik,
peureum bakating ku era,
jedak neumbrag kandang domab.

Terus emang alak-ilik,
heran ka mana bendo,
mangkaning gaduh Bah Apung,
barang disusul ka cai.
oteng geus kokoleaban,
ngadon ngangkleung di walungan.

Bakating inggis kaciri,
sieun anu boga nyaho,
dideang hareupeun hawu.
pek tej kasundut saeutik.
bet sue kateterusan,
sial teh pohara pisan.

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa