Selasa, 06 Maret 2012

Pakeman Basa (Idiom)

Pakeman basa, di dieu, disaruakeun jeung idiom. Idiom asalna tina basa Yunani: idios, hartina has, mandiri, husus, atawa pribadi. Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikangdungna enteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa. Pakeman basa teh lahir ku ayana rupa-rupa cara enggoning nyebut atawa mere ngaran kana sagalarupana nu kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa jeung kapikir). Cara-cara mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, sasaruaan, bahan, tempat asalna, nu nyieuna, nu nimuna, sipatna, sabagian anggapan, jeung lian ti eta.

Anu kaasup kana pakeman basa teh, di antarana, ditetelakeun ieu di handap.

1) Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) jeung frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona: ngaburuy, ceuli lentaheun, panjang leungeun.
2) Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa loka lakuning hirup.
Contona:
Anjing ngagogogan kalong
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
3) Gaya basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun. Gaya basa teh sipatna plastis-stilistis, mun dipake estu jadi mamanis basa, tetela maksudna, teleb karasana, jeung alus iketanana. Contona kiray lir gugupay ka nu paturay.
4) Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda-tanda kuda, hade henteuna diingu.
Contona:
Satria pinayungan (tinayungan): aya kukulinciran dina tonggoh lebah handapeun sela beulah katuhu; watekna hade matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
Turub layuan: aya kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup; watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
Buaya ngangsar: aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang. Watekna goreng, lamun dibawa meuntas di nu deet , kuda teh sok depa, ari di nu jero sok palid.
Tumpur ludes: aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup. Watekna goreng, matak mawa sangsara kanu boga.
Sumur Bandung: bulu sukuna, ti handap nepi kana tuurna bodas. Watekna hade mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
5) Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Contona:
Bandung heurin ku tangtung
Sukapura ngadaun ngora.
Sumedang ngarangrangan
Banagara sor ka tengah.
6)Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara (daerah). Geus nepi ka ugana ngandung harti geus nepi kana waktu anu ditujum ku karuhun.
Contona:
Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.
Pulo Jawa bakal dibengker ku beusi.
Pulo Jawa bakal kaereh ku kulit kuning lilana saumur jagong.
7) Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.
Contona:
Cing, pangmiceunkeun tampolong.
Ehm, bau nu ngagoreng tarasi.
8) Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap anu sejen. 
Contona: 
Ari geus maju mah, make wani nincak sagala manehna teh.
Ih, geuning ngeked naker manehna teh.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan, Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa