Kamis, 01 Maret 2012

Katipu Ku Bohongna Sorangan

Ceuk babasan tea mah, adat geus kakurung ku iga, sanajan unggal poe dipapatahan oge, tetep bohongna teh teu bisa leungit-leungit.

Mun ngclok duit ka, jangji rek mayar dina jero saminggu, pleng teh ngampleng nepika aya 6 bulanna. Tapi aneh..........masih keneh aya bae nu percaya. Jigana.....nempo ka bapana, da jelema aya.

Ki Kasdum, tukang bohong tea, kungsi dipasanternkeun sagala ku bapana. Tapi keur tukang bohong mah bet jadi nambahan kasempetan pikeun ngabohong. Meusmeus....menta iuran itu, iuran ieu, boh mangrupa beas, atawa mangrupa duit. Padahal masantrenna mah, ukur meunang sabulan, jigana teu betah, jeung jadi santri mah, ongkoh bae teu meunang bohong teh.

Dina hiji mangsa Ki Kasdum rada susah. Ku bapana teu pati diwaro. Gawena teh ngan ngalamun bari nangkeup tuur di tepas hiji imah leutik di sisi kebon, meunang mangnyieunkeun bapana, ngahaja keur Ki Kasdum bari dibere pancen tunggu kebon.

Ceuk dina pikirna: "Mun seug aya jelema beunghar nu hajat daging munding, pek dibagikeun ka rahayat sakampung ieu, meureun aing oge kabagean 4-5 pangpangan mah. Bet maredit jelema-jelema teh. Nikmat meureun mun dahar jeung daging mah.

Keur anteng-anteng ngalamun digebah ku sobatna, Ki Ustam.

Pokna:"Hoyah ngalamun weh. Sabaraha minggu disetrap teh jang?
Ki Kasdum ngajawab:"Sok salah sangka, maneh mah. Tara ngalamun urang mah. Puguh keur uleng mikir, ku ngarasa aneh pisan, eta Mang Haji Hasdib, kumaha jalan-jalanna nepi ka gancang pisan jadi beungharna. Naha eta kitu, ku loba hajat, loba sidkah, mindeng mere maweh ka nu miskin?. Aeh enya Tam, maneh mah kawasna can meunang beja nya. Dina ba'da lohor Mang Haji Hasdib rek meuncit munding malah dua pisan, di lapangan Babakan. Dagingna teh rek digunduk-gunduk, rek dihajatkeun ka rahayat sakampung ieu. Bari balik, kade maneh ulah poho sakur sosobatan urang mah bejaan nya. Bada lohor geuwat marawa nyiru atawa wadah naon bae ka lapangan Babakan kituh. Nu sorangan mah cenah rek dibere loba."

Ustam:"Na asa kabeneran teuing, mun enya teh kuring mah geus aya kana 2 bulanna teu manggih dahar jeung daging."
Ki Kasdum:"Tong loba carita, geuwat ku maneh bejaan."
Ki Ustam teu boga curiga saeutik-eutik acan yen sobatna teh ngabohong.

Kira-kira sajam ti sajungna Ki Ustam mulang, geus mimiti aya hiji, dua budak-kolot nu ngaraliwat bari marawa nyiru. Malah aya nu mawa tampir sagala.

Panasaran ku Ki Kasdum ditanya. Ari jawabna teh bener bae rek ka lapang Babakan.

Ki Kasdum ngomong jero hate:"Percaya nya....jelema-jelema kana omongan Si Ustam.Pan Si Ustam teh beja ti aing. Ari aing ceuk saha, da ukur tina lamunan."

Kulantaran anu ngaleut ka lapang Babakan teh beuki loba, malah katempo aya Pa Tua Kampung sagala jeung Pa Lebe, Ki Kasdum rada ser-seran rek percaya oge.Teu inget jigana yen manehna teh tina bohongna sorangan.

Ceuk dina pikirna:"Boa-boa enya....tungtungna batur meunang....aing ceuleumeut."

Korejat manehna cengkat gura-giru ka jero imah, gap kana dudukuy cotomna, paranti manehna ngangon munding. Gap deui kana tolombong paragi ngala jukut, berebet ka jalan bari teu eureun-eureun menta didagoan ka batur-baturna nu geus ti hareula, pokna:"Dagoan........dagoan......, ulah hawek atuh. Kade kuring teu kaagehan........Asalna oge da tina lamunan kuring.

Cag.

(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa