Kamis, 01 Maret 2012

Struktur Leksikal

Leksikal mangrupa anu patali jeung leksikon. Struktur leksikal nyaeta rupaning tatali (hubungan) harti antara kecap-kecap atawa antara ungkara-ungkara dina hiji basa. Aya lima prinsip anu patali jeung struktur leksikal.
1) prinsip patumpuk, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun rupa-rupa wawaran, anu ngabalakukarkeun ayana homonim jeung polisemi;
2) prinsip pagaris atawa padupak, nyaeta prinsip anu nuduhkeunyen kecap-kecap teh ngebrehkeun ayana sasauran harti, sanajan wangunna beda, anu ngabalakukarkeun ayana sinonim jeung kecap sawanda;
3) prinsip silih lengkepan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun harti lalawanan, anu ngabalukarkeun ayana antonim;
4) prinsip wengkuan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh mangrupa pondokna tina ungkara sejen, anu ngabalukarkeun ayana kecap wancahan.

Nurutkeun struktur leksikalna, dina Basa Sunda aya sababaraha rupa kecap, di antarana ditetelakeun ieu di handap.

1) Kecap saharti (sinonim), nyaeta kecap anu sarua hartina jeung kecap sejen. Contona: beunghar sarua hartina jeung kecap kaya, jegud, sugih, mukti.
2) Kecap sabalikan (antonim), nyaeta kecap anu hartina lalawanan tina kecap sejen. Contona: beurang mangrupa lalawanan tina kecap peuting.
3) Kecap sangaran (homonim), nyaeta kecap anu ngaranna sarua jeung kecap sejen, tapi hartina beda. Kecap sangaran ngawengku: kecap sawangun (homograf), nyaeta kecap anu sarua wangunna tapi beda hartina, saperti manah (hate) jeung manah (mentangkeung panah); jeung kecap sauni atawa kecap sasora (homofon), saperti bank (lembaga paduitan) jeung bang (beureum).
4) Kecap sawengku (hiponim), nyaeta kecap-kecap anu hartina kawengku ku kecap sejen. Contona: malati, campaka, dahlia, sedep malam mangrupa hiponim tina kembang.
5) Kecap rea harti atawa kecap aneka harti (polisemi), nyaeta kecap anu ngandung harti leuwih ti hiji, tapi hartina teh masih keneh aya patalina. Contona: korban, ngandung harti wadal, barang pangbakti, nu nandangan kasusah, nu ciaka.
6) Kecap wancahan (akronim), nyaeta anu mangrupa singgetan atawa pondokna tina ungkara sejen. Contona: dekah tina dewek mah, mangkade tina mangka hade, cekeng tina cek aing.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. H. Abud Prawirasumantri)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa