Kamis, 08 Maret 2012

Leuleus Kejo Poena

"Abah oge baheula mah keur ngora, pangbedegong-bedegongna. Tukang bengal ka batur. Teu boga duit...maok.Katewak ku pulisi kabur. Tapi ayeuna mah kakara kapikir yen teu hade milampah jahat teh. Untung abah dipaparin panjang umur, aya keneh waktu keur tobat ka Pangeran." Ceuk Abah Haji Jang Abdan; tatanggana anu lar sup pisan ka Abah Haji.

"Alus oge, kawas ujang. Bageur ti ngongora, daek kana agama ti bubudak. Peupeujeuh we ulah rek kapangaruhan ku jelema-jelema nu sok raresep ngadu. Abah ge terus diajar ngabangsat teh, kulantaran mimitina mah tina resep ngadu."

Omong Jang Abdan:"Cobi ngadongeng deui, Bah Haji teu sawios pangalaman oge da moal diturutan ieuh, ku abdi mah. Kanggo ngarampog, ngabangsat teh, elmuna nu husus, sanes ukur kedah ludeung wani sareng nekad wungkul?"

Abah Haji:"Ari kana jahat mah, jang da digayuh ku setan, teu make elmu istimewa ge, da ngadak-ngadak juljol akal-akal nu araneh teh. Eta inget abah.........dina hiji waktu tas ngabongkar, malah terus katingker. Jelema-jelema geus sabedogna-sabedogna. Ngan untung, euweuh nu barogaeun batre. Eta.......................abah naplok dina tangkal cau, sakitu tinggalisir jelema-jelema ka gigireun abah, bet euweuh nu maranggihan  keur maranehna barongoh, abah nyokot batu gede, keleweng ku abah dialungkeun ka lebak. Sangkaanana jelema-jelema mah, nu ngagorobas teh, nu ku maranehanana keur ditareangan tea, atuh, kabeh pada maruru ka lebak."

Untung teh, Abah.......bisa lolos, bari rebo. Jang Abdan:"Kumaha abah, upami kabetak nuju aya di jero imah?"

Abah Haji:"Aya 2-3 kalina, abah katebak...........ari kapaksa-paksa teuing mah, nya galungan we, papinter-pinter jeung nu boga imah. Sakali mangsa,..........karek oge abah asup ka jero imah, nu boga imah, salaki jeung pamajikanana, harudang. Kabeneran abah nempo mukena ngagantung, gancang wae dipake, bari pura-pura rek solat. Rupa-rupa eta mukena teh nu indungna, nu boga imah, bari terus arasup deui ka pangkengna teh ngaromong kieu."Geuning ema rek tahajud". Atuh abah teh hasil deui wae.

Jang Abdan: "majar abah kungsi ngabongkar imah nu panganten sagala?"
Bah Haji:"Eta mah lain maksud rek maok-maok teuing. Harita mah abah, mapatkeun sirep sagala.Matih pisan ari ka jalma-jalma anu tara babacaan heula memeh sare mah.

Bakating ku gemes ka panganten lalakina, ku abah teh rigidig dipangku, dipindahkeun ka goah. Beungeutna digambaran, kabeneran manggih oyan ti lantera, tapi da digulang-gaper oge.....tetep we nyegrek.Rumasa ujang abah mah, jelema gede dosa.Muji sukur kanu Maha Kawasa abah make diparengkeun milih jalan bener. Da samemeh jarah mah, sanajan ku kolot kungsi dipasantrenkeun oge estu jadi jelema tukang ngaririweuh batur wungkul.

Lain beja eta mah ujang........di Mekah ditembongkeun kalakuan-kalakuan abah nu geus kaliwat teh. Bongan resep maok, da ti sabarang unggah kana kapal oge, abah teu kendat kacopetan jeung kapalingan, malah Bu Haji pisan aya nu maling..............ngiles aya 3 poena. Abah teu bisa aral subaha, sadrah we kanu kawasa, da bongan abah."


(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa