Selasa, 06 Maret 2012

Taraje

Aya urang Batawi anyar pindah ka Tatar Pasundan. Kulantaran sumur caina saat, nya ngahiras tukang ngali sumur urang Sunda. Teu kudu dicatur kumaha-kumahana mah.Kacaritakeun pas waktuna dahar, Si Urang Batawi tea, nitah dahar:

Urang Batawi : "Mang makan dulu!"
Tukang Sumur: "Taraje bang"

Ari kadengena ku urang Batawi mah "ntar aje". Leos we manehna asup deui ka imah.
Geus kira-kira nya sapanyeupahan, jol deui Si Batawi nyampeurkeun nu keur ngagali, terus gera-gero deui.

Urang Batawi : "Mang! udah siang makan dulu nape"
Tukang Sumur:"Bang, taraje"

Si Batawi gogodeg bari ngaleos. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali, tapi beuki lila sora Si Tukang Ngali Sumur beuki halon, malah ampir les-lesan.

Waktu geus manceran, Si Urang Batawi bari rada keuheul, myampeurkeun deui Tukang Sumur. Gorowok, ngagorowok tarik pisan:

Urang Batawi: "Mang....mang....keburu basi tuh nasi, makaaan dulu!".
Tapi teu kadenge aya nu ngajawab ti handap. Nepika sababaraha kali gegeroan, tapi welej euweuh nu ngajawab.

Panasaran bari rada curiga, Si Urang Batawi nyokot taraje, terus turun ka handap. Nepika ka handap, kasampak Si Tukang Ngali ngaringkuk lapiuhan.

Cag

(NN)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa