Selasa, 06 Maret 2012

Jemblungan

Jemblungan asal kecapna tina jemblung nyaeta hiji wangun seni tradisional di Tatar Sunda, pangpangna di wewengkon Kabupaten Ciamis nu ngawates ka wewengkon Kabupaten Banyumas di Jawa Tengah. Tatabeuhanana dijieunna tina awi nu sorana niron kana sora gamelan, malah ngaran waditrana oge sarua jeung ngaran waditra gamelan.

Aya bedana, seni jemblung jeung seni jemblungan. Di wewengkon Banyumas (Jawa Tengah) nu ngawates ka Tatar Sunda. Nu disebut jemblungan teh nyaeta seni pintonan winangun guneman, dipirig ku sora baham  nu niron sora (lagu) tatabeuhan gamelan. Biasana dipintonkeun ku patugas-patugas panerangan di wewengkon-wewengkon nu mencil.

Di wewengkon Banyumas mah aya nu disebut wayang jemblung, nyaeta magelarkeun lalakon wayang. Cara nyaritana (antawacana) teu beda jeung antawacana wayang wong. Dariukna biasana ngariung satengah buleudan. Gerakna kawatesanan bari diuk, bisa oge bari deku atawa ngajungkung jeung pepeta.

Anu jadi ciri mandiri jemblungan nyaeta ayana unsur dalang, minangka nu ngajejeran runtuyan carita kaasup mere katerangan ngeunaan suasana jeung tempat kajadianana. Ari waditra pamirigna nyaeta kacapi (siter), kitu oge ngan pikeun mere pangkatan sora.Cara magelarkeunana teu beda ti nu maca wawacan (beluk), bisa dibiskalan (aya nu ngilona), tapi bisa oge guneman langsung bae. Ku lantaran carana bari dariuk saperti anu maca wawacan, atuh pikeun nembongkeun watek palaku teh cukup ku gerakna awak jeung ku pasemon wae, henteu kudu bari nangtung atawa leuleumpangan bisa heula nembangkeun rupa-rupana pupuh.

(tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar)



1 komentar: