Jumat, 24 Februari 2012

Wanda, Sipat, sareng Aliran Drama

Sapertos widang seni sanesna, drama oge mibanda wanda, sipat, sareng aliran nu rupi-rupi.

1. Wanda Drama
a. Wanda drama numutkeun basana aya wanda: lancaran (prosa), ugeran (puisi), tembang (lagu).
b. Wanda drama numutkeun cara atanapi tempat midangkeun: Drama panggung, drama arena, drama radio, drama TV, drama rekaman kaset.

2. Sipat Drama
Nu dimaksud sipat drama nyaeta kumaha unsur dramatikna, naha pikasediheun, pikabingaheun, pikalucueun. Sipat drama anu umum:
a. Komedi, nyaeta carita drama dipungkas ku kabingahan nu naronton ngaraos bungangang. Malah biasana sok pinuh ku adegan-adegan atanapi dialog nu pikalucueun.
b. Tragedi, nyaeta carita drama dipungkas ku pikasediheun.Biasana. Palaku utama (nu boga lalakon) ngarandapan kaayaan nu matak sedih, handeueul malah nepi ka maotna. Kajadian nu tumibana sok disebut kajadian tragis.
c. Tragikomedi, nyaeta kaayaan nu pikasediheun campur sareng nu pikabungaheun. Nu nongton teh sakapeung sedih sakapeung bungah. Ari tungtungna mah tiasa tragis, tiasa komedi.
d. Melodrama. Ieu mah pidangan drama nu suasana langkung seueur digambarkeun ku tatasora, dialogna mah saeutik.
e. Farse (farce). Drama nu sipatna lulucon wungkul, tingkah polah palakuna condong kana karikatural, tapi tetep aya plot carita sanajan langkung caket kana banyolan.

3. Aliran Drama
Sok aya nu nyebutkeun drama klasik, drama modern. Tah eta nu disebut aliran drama teh. Saleresna ieu teh gumantung kana palsapah sareng alam mana eta drama dipidamelna (digelarkeunana).

Aliran drama nu kawilang sering kadangu nyaeta:
a. Aliran klasik. Watek palakuna nu hade sarta nu goreng nembrak pisan. Nu hade kenging ganjaran, nu goreng kenging hukuman.
b. Aliran realis.Ngawitan tumuwuh dina abad 19. Kacida dumasarna kana kanyataan anu karandapan sadidinten.
c. Aliran simbolis. Pagelaranana teh langkung seueur kana hal nu mangrupi silib,sindir, siloka sareng sasmita (5S)
d. Aliran absur (absurd), nyaeta pintonan anu mahiwal, benten tina kailaharan.





(Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar)
Salajengna Juragan

Patani

Laras : Pelog
Gerakan : Sedeng
Sanggian/Rumpaka : Mang Koko

Leumpang gagancangan muru pagawean
Ngagedig leumpang patani
Paculna dipanggul bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah tanah ambeh cukul

Bapa tani jongjon
Ngolah sawah kebon
Ngadekul ngagarap hanca
Kuat kahujanan, kuat kapanasan
Tulaten ngurus pakaya
Bapa Tani ahli bakti
Babakti ka lemah cai
Salajengna Juragan

Ulin Di Buruan

Laras : Salendro
Gerakan: Sedeng
Sanggian/Rumpaka: Iik Setiawan


A.........a...a....a.....a.....a
ha....ha....ha....galumbira
I.......i....i...i.....i
hi..hi..hi...hi...suka seuri

Ulin di buruan ulah sok silih heureuyan
Ulin di buruan ulah sok kamalinaan

Ulin di buruan ulah sok silih poyokan
Lamun kaleuwihan urang nu rugi sorangan
Salajengna Juragan

Pujieun

Buuk musuhna geus dijenggut ku leungeunna anu kenca.Leungeunna nu katuhu ngabar-ngabar pedang tuturunan, mani ramping sukeut herang teu aya pisan karaha, bubuhan hade piara; gurilap-gurilap matak silo anu nempo, da katojo ku cahaya panon poe.

Kumaha papayanana, moal rek kapicatur.

Jeung duka nu mana nu bener, duka nu mana nu salah.................................
Gusti Allah......Nu Maha Uninga.
Carek nu ngabar-ngabar pedang; "Hayoh, ayeuna geus aya di nu suni, kari paduduan. Mun tetep anjeun hamo daek biluk kana  komplotan kuring, jadi balad kuring, tinangtu ayeuna pisan anjeun dipaehan ku kuring. Pok geura cacarita, bisi aya keneh kapanasaran."

Musuhna ngawalon, tapi tetep dina teger:"Moal.........tetep kuring moal rek biluk ka anjeun. Kuring moal rek lanca-linci luncat-mulang. Leuwih suka paragat beuheung, disampurnakeun ku anjeun di dieu, ti batan kudu jadi sakomplotan jeung anjeun. Ngan samemeh sah ti dunya teh, aya pamenta heula, kieu geura: Tuh teu jauh ti dieu aya tangkal kalapa. Kuring pangalakeun heula duwegan. Terus pangupaskeun, sakalian liangan, ngarah kuring kari rot, nginum caina.

Lamun cai duwegan tea geus beak diinum ku kuring, pek geura tigas beuheung kuring, da geus teu aya kapanasaran deui."

Pedang nu geus diamang-amang, kalawan hate rido jeung teu aya pisan sangka goreng, sup diasupkeun kana sarangkana; dig-dig lumpat, terekel naek....................ngala duwegan tea.

Sakumaha pamenta musuhna ditedunan.

Barang duwegan geus dikupas, batokna geus diliangan song diasongkeun ka musuhna. Serepet pedang pusakana dicabut deui. Nu rek nginum geus diungkulan deui ku pedang seukeut.

"Ke, ke" ceuk musuhna, ari ka nu rek dipaehan mah kudu gede tinimbangan; ieu ieu liangna leutik teuing, caina  kana tangtu hese bijilna jeung matak hese notorna deuih. Cing eta pedang teh nambut heula sakedap; ulah make lebar-lebar rek dipake ieu ngagedean liangna, ngarah notorna gampang jeung cai kalapana tereh beak ku kuring diinumna."

Sihoreng..............bet dipake meulah duwegan, sakali gebrah atuh caina oge lapur, teu kapuluk, beak ku nyerep kana taneuh. Pedang teh geuwat direbut tina leungeun musuhna; buuk musuhna mimiti deui digugunyeng, terus pedang teh diheumbatkeun.

"Engke heula," carek musuhna. "Ulah gurung-gusuh.Jigana anjeun geus poho kana kayid kuring tadi. Pan kuring teh teu nginum cai duwegan sakeclak-keclak acan. Kumaha rek bisana anjeun maehan kuring."

Dasar........Satria......geuwat ngaku kana kasalahanana, bari pokna nyarita: "rumasa kuring kaburu ku napsu, hampura we. Memang ajeung jelema pelit," bari sup pedang teh diasupkeun kana tempatna.

Bari rek indit nyarita sorangan: "Can aya widi ti Pangeran."

Si musuh ana gabrug teh ngarangkulan, bari pok cacarita:"Aduh, Satria, anjeun teh geuning manusa pinilih, estu hese bangsana. Kuring kabita ku ageman anjeun. Ayeuna kuring rek gilig rek biluk jadi balad anjeun, sumeja bela tumutur, lahir bathin..............."




(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)


Salajengna Juragan

Drama jeung rupa-rupa Istilah Sejenna

Pintonan anu dipintonkeun di pentas (panggung) sok aya nu disebut drama, sandiwara, tunil atanapi teater. Saleresna dina hakekatna mah sami bae, nyaeta aya tontoneun sareng aya nu nongton. Bentenna teh nyaeta: 

1. Drama, asal tina kecap Dram (Bs. Yunani), hartosna gerak, atanapi kajadian . Tapi ayeuna mah ngeser hartosna teh nyaeta carita wangun guneman (dialog) anu dipintonkeun di pentas. Hartos pentas oge aya anu ngalegaan, tiasa ngandung hartos: panggung, arena, radio, TV atanapi rekaman kaset.

2. Sandiwara, asal kecap tina sandhi (Bs. Jawa), hartosna rusiah/teu nabrak; warah, hartosna atikan/pangwarah. Ku kituna, udaganana teh nyoko kana carita nu ngandung atikan ka nu nongtonna.

3. Tunil, ieu mah tina basa Walanda. Toneel. hartosna nyaeta pintonan.

4. Komidi, baheula mah sok disebatna teh Komidi Istambul, dumeh nu dilalakonkeunana biasana carita ti Istambul (Turki) atana[i di daerah Timur Tengah. Ku margi nu narongtonna jaman baheula mah paramenak, atuh sok disebut oge komidi bangsawan.

5. Teater, asal kecapna tina theatron (Bs. Yunani), hartosna nyaeta:
- Jelema anu nongton hiji pintonan atanapi jelema-jelema anu magelarkeun tongtonan.
- Gedong atanapi tempat anu dianggo pagelaran
- Wangun karangan carita anu dipagelarkeun
- Sugrining nu aya tumalina sareng pagelaran.
Istilah teater anyar keneh lebetna kana kandaga kecap Sunda sarta langkung ngandung hartos "kelompok" atanapi organisasi anu ngahususkeun garapanana kana pagelaran di pentas. Upamina bae Teater Sunda Kiwari, Teater Paguyuban Mahasiswa Sunda.

6. Opera, ieu mah ngandung hartos pintonan anu dialogna winangun tembang. Upami numutkeun kaayaan lalakonna, aya tilu rupi:
- Drama Opera Seria, upami lalakonna sedih.
- Drama Opera Bufo, upami lalakonna lucu,
- Drama Opera Komik, upami lalakonna husus lulucon
  Opera anu pondok disebatna Operette.

7. Tablo (tableau), nyaeta drama anu henteu ngagunakeun dialog tur teu pati seueur gerak. Nu dipentikeunana nyaeta suasana, sanes watekna.

8. Pantomim (pantomime), ieu mah drama nu teu ngagunakeun dialog, nanging suasana carita sareng watek palakuna digambarkeun ku gerakna awak (gestur) sareng ku gerakna babagian awak (kinesik).

9. Sendratari, wancahna tina seni-drama-tari, nyaeta drama teu ngagunakeun dialog, nanging ngungkabkeun carita teh ku tari.

10. Dramaswara, ieu mah drama anu dialogna winangun kawih, silihtempas antara dua atawa tilu kelompok. Upamana bae dramaswara "Pahlawan Samudra" karya Mang Koko. Pintonan gondang oge kalebet dramaswara.

11. Gending karesmen, ieu mah istilah husus di Tatar Sunda nyaeta drama anu dialogna ditembangkeun (dikawihkeun) dipirig karawitan. Istilah nu saharti sareng gending karesmen nyaeta:
- Taman Karesmen, upami dipidangkeunana di pakarangan, taman, ngareuah-reuah peata kebon.
- Setra karesmen, wancahna tina sekar-waditra karesmian. Ieu mah upami pagelaran teh dipirigna ku waditra Tembang Sunda sarta winangun Tembang Sunda (Cianjuran).

12. Purnadrama, purna hartosna lengkep. Janten, drama anu lenkep nyaeta aya dialog, tari, sajak, narasi, karawitan.

Cindekna, drama teh nyaeta pintonan anu ngandung carita nu dipidangkeun di pentas sarta ngahudang rasa, karsa, kaktut cipta nu narontonna.


(tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar; Drs. H. Hidayat Suryalaga)




Salajengna Juragan

Senin, 30 Januari 2012

Babasan jeung Paribasa 2

Birit aseupan; teu daek cicing
Biwir nyiru rombengeun; resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok; sauyunan ngariung babarengan
Beurat birit; hese dititah
Bali geusan ngajadi; lemah cai kalahiran
Balungbang timur; nuduhkeun hate beresih
Bobo sapanon carang sapakan; aya kakurangan
Bilatung ninggang dage; bungah pisan
Batok bulu eusi madu; ninggang lain pitempateunana
Badak Cihea; degig
Bonteng ngalawan kadu; nu hengker ngalawan nu bedas
Babalik pikir; insap
Balik pepeh; nu gering teu daek cicing
Balik ka temen; asal banyol jadi pasea
Buntut kasiran; medit
Bodo alewoh; bodo tapi daek tatanya
Beja mah beje; beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh; pikasusaheun
Bodo kawas kebo; bodo kacida
Budak keur meujeuhna bilatung dulang; keur meujeuhna beuki dahar
Bulu kapaut; kabawa ku batur
Balabar kawat; beja nu sumebar
Beak dengkak; sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
Batan kapok kalah gawok; batan eureun kalah maceuh
Buruk-buruk papan jati; hade goreng dulu sorangan


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk.)
Salajengna Juragan

Minggu, 29 Januari 2012

Kandaga Kecap 15

ngamumule; miara, mupusti, mulasara
sakumna; sakabeh
kapungkur; baheula
nyugemakeun; matak ngeunah kana hate
soson-soson; enya-enya, bener-bener, daria
pangaweruh; kanyaho, pangabisa
bangsa deungeun; bangsa sejen
nyunyuhun; nyuhun, bawa barang luhureun sirah
cacapkeun; nyacapkeun, nganggeuskeun
samudaya; sadaya, sakabeh
miwah; jeung
rerencangan; babaturan
kumawantun; kumawani. wawanianan
nyanggem; nyarita, nyarios
rumaos; rumasa
katiasa; kabisa
patali; hubungan
ngadugikeun; nepikeun
perkawis; perkara, hal
kauninga; di[ikanyaho


(Tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Dangdanggula

Palanggeran dangdanggula: 10-i, 10-a, 8-a/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-u, 12-i, 7-a.

Keak merak lir careurik,
heulang julang kalong ngalanglangan
geuri-geuri ting garero
maung bati ngahiung
kuwiwi mah bati ngecewis
sagala ngiring lara
ka sang putri wiku
jeung paa bijil alpukah
sato-sato berhala gunung sirinding
bumela ka nu lara


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk,)
Salajengna Juragan

Margaluyu

Bang kalima-lima gobang, bang
bangkong di tengah sawah, wah
wahey tukang bajigur, gur
guru sakola desa, sa
saban poe ngajar, jar
jarum paranti ngaput, put
putri nu gareulis, lis
lisung kadua halu, lu
luhur kapal udara, ra
ragrag di Jakarta, ta
taun opat hiji, ji
haji rek ka Mekah, kah
kahar tujuh rebu, bu
buah meunang ngala, la
lauk meunang nyobek, bek
beker meunang muter, ter
terus ka Citapen, pen
pena gagang kalam, lam
lampu eujeung damar, mar
mari kueh hoho, ho
hotel pamandangan. ngan
ngantos kanjeng dalem, lem
lempa-lempi-lempong
ngadu pipi jeung nu ompong


(Tina Peperenian, Drs. Ahmad Hadi Spk)
Salajengna Juragan

Bulantok

Bulantok-bulantok
bulan gede bulan montok
moncorong sagede batok

Bulantok-bulantok
aya bulan sagede batok
bulanting-bulanting
aya bulan sagede piring


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk,)
Salajengna Juragan

Eundeuk-eundeukan Lagoni

Eundeuk-eundeukan lagoni
meunang peucang sahiji
leupas deui ku nini
beunang deui ku aki


Eundeuk-eundeukan cangkuang
bale bandung paseban
meunang peucang pa ujang
leupas deui ku akang


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk,)
Salajengna Juragan

Si Jalak Harupat


Sumber poto: twisstsmandung.blogspot.com

Upama urang ulin di puseur Kota Bandung, urang tangtu bakal manggihan Jalan Oto Iskandardinata. Eta jalan kebat ti mimiti Gupernuran (Gedong Pakuan, imah dines Gupernur) beulah kaler nepi ka hareupeun lapang Tegallega, beulah kidul. Eta ngaran jalan teh pikeun pangeling-ngeling kana jasa-jasa Pa Oto dina mangsa jumenengna.

Oto Iskandardinata teh dilahirekeun di Bojongsoang, Dayeuhkolot, tanggal 31 Maret 1897. Teureuh menak putra bangsawan ieu teh kasohor leber wawanenna. Teuneung ludeung dina nyinghareupa rupa-rupa perkara, pangpangna pikeun ngabela nasib rahayat.

Lalaki langit lalanang jagat ceuk babasaan tea mah pipanteseun nyebut ka dirina teh. Malah dina mangsa bajoang  harita, Oto meunang jujuluk Si Jalak Harupat. Kiwari eta jujuluk dipake ngaran Stadion Menbal Kabupaten Bandung. Sugan wae ku dipakena eta ngaran, atlit anu tandang makalangan di eta stadion, pangpangna atlit Jawa Barat teh leber wawanen jeung gesit dina nyinghareupan lawan-lawanna, teu ngeplek jawer miyuni hayam kabiri, tapi jagjag waringkas tur sportif.

Kahirupan urang sapopoe urang Dayeuhkolot teureu menak ieu teh estuning basajan. Teu sombong, nyaah kanu leutik, hormat ka sasama.Tuladeun pikeun jalma-jalma sejenna. Arang langka kiwari  manggihan jalma kawas anjeuna. Tapi lamun geus ngabela bebeneran, merjuangkeun hak masarakat umum, estu matak gimir nu ngayonan.

Pangpangna basa jadi anggota Volksraad (Dewan Rahyat). Di Volksraad anjeuna salaku anggota wawakil ti Paguyuban Pasundan. Oto kawentar jadi anggota pangwanina dina ngabela hak-hak rahayat. Kritikan jeung strategi politikna diperhitungkeun pisan ku pamarentah Hindia Walanda.

Pantes disebut disebut Si Jalak Harupat, lantaran sakur caritaanana jadi bahan pikiraneun pamarentah Hindia Walanda. Hiji waktu dina sidang Volksraad, Oto nyarita kalawan pertentang, teuneung ludeung, taya kakeueung, taya karingrang. Nepika pingpinan sidang katut anggota wawakil bangsa Walanda harita nakol-nakolkeun palu kana meja sidang sangkan Oto eureu nyaritana. Tapi Si Jalak Harupat neruskeun pidatona pikeun ngayakinkeun urang Walanda, yen nagara Indonesia dina hiji mangsa tangtu merdeka. Sauran " Tetapi saya percaya, Tuang Ketua, bahwa Bangsa Indonesia yang sekarang dijajah, pasti akan merdeka. Bangsa Belanda terkenal sebagai bangsa berkepala dingin. Hendaknya tuan-tuan Bangsa Belanda memilih diantara dua kemungkinan yaitu: 1). menarik diri dengan sukarela tapi terhormat, atau 2). Tuan-tuan pasti lami usirdengan kekerasan".

Tangtu wae ucap-ucapan Oto Iskandardinata dina pidatona teh ngabalukarkeun Tuan Ketua Volksraad ambek, nepika terus nakolan meja sidang, bari nyarita: "Itu keterlaluan. Tuan Oto Iskandardinata supaya lekas turun dari mimbar".

Unggal Oto pidato dina sidang Volksraad, urang Walanda mah pada gimir, sabab eusi pidatona peureus. Nepika anggota wawakil Walanda mah meh kabeh meungpeukan ceuli ku dua dampal leungeunna. Tangtu wae sikep urang Walanda nu saperti kitu teh matak tugenah ka anggota Volksraadwawakil Bangsa Indonesia. Nya Wiwoho Muhammad Husni Tamrin nyarios:"Pemerintah Belanda harus mendengarkan suara Oto Iskandardinata, sikap menutup telinga itu tidak baik. Kami protes pada pemerintah Hindia Belanda Tuan Ketua!"

Sanajan urang Walanda teu merhatikeun pidatona, tinimbang eureun mah kalaka beuki sumanget pidatona. Ngajejeleh kapapimpinan pamarentahan Hindia Walanda. Nya dina taun 1935, Oto, Si Jalak Harupat teh ditarik mundur tina kaanggotaan Volksraad. Satuluyna Oto mingpin Paguyuban Pasundan, oge ngagabung dina Permufakatan Perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia (PPPKI).

PPPKI teh hiji pakumpulan politik Indonesia, anu ngahimpun kakuatan pikeun merjuangkeun Indonesia merdeka. Ieu menak Bojongsoang Dayeuhkolot teh teu eureun ngagedurkeun sumanget unggal jalma lamun keur pidato, saurna:"Hanya dengan persatuan, seluruh cita-cita rakyat akan tercapai. Cita-cita Indonesia harus mengatasi kepentingan daerah. Kepentingan daerah hendaknya sejalan dengan kepentingan nasional Indonesia".

Oto nu kunsi sakola di HIS ieu teh namatkeun sakola guru di Bandung. Ilaharna budak nu sejenna, Oto oge, kawentar budak bangor, tapi cerdas, sakolana teu kungsi ngendog. penteuna aralus, jeung jadi idola batur-baturna.

Sajaba ti ngajar, Oto aktif diantarana pergerakan kabangsaan, ancrub ka dunya politik, di antarana Budi Utomo cabang Pekalongan, basa ditempatkeun jadi guru di Pekalongan taun 1924. Putra-putrina aya sabelas, opat urang lalaki jeung tujuh urang awewe , eta sabada nikah ka Ibu Sukriah taun 1923.

Jaman penjajahan Jepang, Oto diangkat jadi anggota Jawa Hokokai atawa Badan Kebangkitan Rakyat Jawa. Harita.Harita ngagabung jeung Jepang teh ukur siasat. Nepika Jepang dina mangsa harita ngijinkeun ngadegkeun Pembela Tanah Air (PETA). Oto pisan nu sasauran yen:"Pasukan PETA bukan untuk membantu Jepang, tapi sebagai persiapan untuk merebut kemerdekaan. idak begitu lama Indonesia pasti Merdeka. Rakyat Indonesia harus mampu bertempur untuk maksud itu. Indonesia harus mempunyai pemuda yang bisa memanggul senjata dan membela tanah air". Kulantaran kitu, harita Oto jeung sabatur-batur saperjuanganana ngawangun pasukan PETA di Jawa Barat.

Oto ngabogaan kayakinan, yen pikeun ngahontal kamerdekaan teh ngabutuhkeun pamuda anu kuat. Lain ukur bisa marentah, tapi ancrub langsung babarengan dina ngahontal kamerdekaan. Malahan mah pekik merdeka oge nyaku Oto pisan mimitina. Merdeka......Merdeka...., bari ngacungkeun peureup. Beda siakna kana hatena ogedina mangsa harita mahnyebutkeun pekik merdeka teh, pinuh ku wibawa, pinuh ku harepan, pinuh ku kaceuceub ka bangsa penjajah nu ngungkung kabebasan. Kumaha kiwari .....sanggeus Indonesia merdeka?Masarakat Indonesia bebas nangtukeun nasib sorangan, rek sakola, rek digawe, atawa rek naon wae oge moal aya nu ngahalangan, asal ajeg dina aturan anu geus ditangtukeun.



(Tina Gentra Basa Sunda, Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)



Salajengna Juragan

Jumat, 27 Januari 2012

Kandaga Kecap 14

ngalanto; nyemah, datang
ngadaweung; ngalamun
bangban; tutuwuhan leuweung; kawiwirangan
pacing; tutwuhan sabangsa hoe
kawanti-wanti; pisan
engang; guru wilangan unggal padalisan dina pupuh
ngawangkong; ngobrol



(Dicutat tina; Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Kamis, 26 Januari 2012

Panon Hideung

Do:G
2/4 Andante
Sanggian:NN

Panon hideung pipi koneng
Irung mancung putri Bandung
Putri saha dimana bumina
Abdi resep ka anjeuna

Siang wengi kaimpi-impi
Hate abdi sararedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis...panon hideung


(Tina Sagala Sumber)
Salajengna Juragan

Karatagan Pamuda Indonesia

Laras: Pelog
Surupan: 1=Tugu
Gerakan: Gandang

Rempug jukung Pamuda Indonesia
Tingkahna waspada ariatna
Raksa jaringning raga sukma (Tata titi)
Raksa jaringning raga sukma

Kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
Lemah cai merdekana abadi (pangpang-wa-da)
Lemah cai merdekana abadi

Pasti urang kabeh pada kagiliran (urang kabeh pada kagiliran)
Teguh nempuh perjuangan rakyat Indonesia
Ngajungjung darajat bangsa

Salajengna Juragan

Tokecang

Do: C
4/4 Gembira
Sanggian: NN

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang-angeun kacang sapependil kosong

Aya listrik di masigit meuni caang katinggalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Salajengna Juragan

Rabu, 25 Januari 2012

Obahna Suku

Jengke; ngangkatkeun keuneung nepika napak ku ramo suku
Najong; ngenakeun (ramo) suku kalawan ngagentak
Nalapung; nyepak (bal, jste) ka luhur ku tonggong suku (sanggeus dialunkeun heula)
Nalipak; nyepak ku dampal suku
Nejeh; nyepak ku suku nu tukang (kuda, kalde, jste)
Nincak; napakkeun suku
Noker; ngeserkeun barang ku suku rada ka gigir atawa ka tukang
Ngajejek; nincak barang ngagentak ku dampal suku
Ngarengkas; ngahalangan lengkah batur ku suku urang (sina labuh)
Nyepak; ngeunakeun suku kalawan tanaga kana barang (bal, jste)

(Nyutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Selasa, 24 Januari 2012

Kasenian

Salah sahiji cabang kabudayaan teh nyaeta kasenian. Kasenian diwangun ku sababaraha dahan. Diantarana: 1. Seni rupa, 2. Seni gerak, 3. Seni sora, 4. Seni sastra  jeung 5. Seni drama.
meureun ceuk  basa asing mah: Plastic and painting art, dance, muze, belletrie jeung dramaturg.

Dahan anu lima eta rangrangna pirang-pirang. Dicokot anu galedena bae, upamana:

1. Seni rupa
Ngagambar, ngalukis, ngukir, nyungging, natah, ngareka, ngarengga, dspp
2. Seni gerak
Ngibing, menca, ngareog, banjet, benjang, lais, sodoran, dedewan, ujungan, dspp.
3. Seni sora
Diwangun ku du rangrang badag, nyaeta instrumental nu make rupa parabot jeung vokal nu ku sora jalma bae. Ieu rangrang rea deui regang-regangna, upamana bae anu mangrupa rampasan gamelan, rampasan dogdog, rampasan angklung, (rampasan lain "nu direbut" tapi ceuk basa deungeun mah "orkes") jeung rea deui. Kitu deui vokal, aya kawih, beluk, sasalawatan, ngalagam, jeung nembang. Ieu aya deui bubuk-bubuk laleutikna.

Cindekna, urusan seni sora rea unak-anikna.

4. Seni sastra
Anu tangtu bae rangrang badagna aya dua, nyaeta lancaran jeung ugeran.

5. Seni drama
Anu baradagna wae, upamana sandiwara, wayang jeung film. (kabehdieunakeun, film mah aya nu menta dianggap seni anu mandiri (autonom) henteu diabuskeun kana golongan seni drama).

Jadi tetela, yen upama kakara bisa ngibing leyepan mah acan beunang disebut geus "bisa" kabudayan, malah acan juru-juruna acan. Tina kasenian oge, karek sacongo tina rangrang.

Ti antara kasenian tea, aya dua rupa anu perlu ditengetkeun nyaeta mindocipta jeung janget.

Nu disebut mindocipta, nyaeta seni anu diwujudkeunana kudu geus aya seni asli. Upamana bae sandiwara, seni sorana jeung wayang atawa film.

Biasana aya sandiwara, wayang atawa film teh, kudu aya heula lalakonna. Tah eta wujudna lalakon pikeun sandiwara, wayang atawa film teh kudu aya heula hasil seni sastra. Ari pikeun seni sora, kudu aya heula sanggian atawa serat kanayagan, malah pikeun kawih atawa tembang mah kudu aya heula wawangsalanana atawa guguritanana.

Beda deui jeung upamana ngagambar. Eta mah tret harita, wujud harita, henuteu dipindo tina kasenian lian. Kitu deui upama ngarang. Ieu oge henteu dipindo tina hasil kasenian lain.

Ari janget hartina pamageuh, anu patali-tali atawa cangreud anu ngahijikeun, nepika sawatara hal ngahiji. Tur ngahijina atawa gumulungna tea make boga harti pribadi.

Dina tatanen aya istilah "tambang janget", nyaeta tambang anu dijieuna tina tilu batekan kulit munding, dikalabang (lain dirara). Dina sarsilah, aya istilah "janget kinatelon", upamana, ibuna ahli basa, ramana ahli sastra, putrana bujangga moyan., atawa ibu-ramana jadi guru, putrana oge jadi guru.

Tah janget eta anu dipake istilah "basa janget" di dieu oge.

Dina basa asingna, basa janget teh "plastische taal" (basa platik), anu ngagem tilu rupa sipat nyaeta: 1. tetela maksudna, 2. teleb karasana jeung 3. Alus iketanana. (Dina elmu alam oge apan aya nu disebut "plastik" teh, sawatara bahan anu beda-beda, tuluy disanyawakeun sarta dina geus gumulung tunggal, boga ngaran pribadi, upamana, "beling").

Basa janget henteu misti basa pakeman (cliche taal) anu turun tumurun ti aki, ka bapa, ka anak, ka incu, tapi bisa jadi hasil dadakan tur modern, upamana:

1. Magar film rame, nu puguh mah rametek
2. Sepakan geledeg Witarsa teu katadah, kiper Golgijov kapaksa newak angin.
3. Ari gek, ari geleser, mun seug tinggaleun teh , leuh!
4. Rek milu hayu, rek moal, kuma dinya.

Eta conto-conto kalimah di luhur, nya eces hartina (babari kapaham maksudna), nya anteb karasana, nya alus iketanana.

Dina kalangan kesenian aya istilah seniplastik (plastische Kunst).

Contona arca. Arca pribadi ngabogaan harti mandiri. Tapi jaba ti boga harti sorangan teh aya deui hartikeunana, upamana bae dina harti agama, dina harti kaendahan, dina harti perlambang, jeung boga harti kasenian husus. Eta sababaraha harti anu bisa gumulung dina harti tunggal, urang sebut "Jangget".



(Dicutat tina Kandaga; M.A. Salmun)





Salajengna Juragan

Kandaga Kecap 13

ngoleang; ngalayang lantaran hampang
batan; tinimbang
baris; arek, adek
capek rahem; baranggayem bae
mokaha; kacida, pisan
dibageakeun; disambut, dipapag
jagjag; gede tanaga tur sehat
wanci; waktu
petekel; pangawakan leutik tur pendek
bitis; lemesna wentis
mupakat; sapuk, satuju
lepri; wasit
dipeto; ditunjuk, dibere tugas
patotos; sapuk
gembleng; sakabehna
ngabobotohan; ngagedean hate sangkan sumanget
bosongot; beungeut atawa pasemon nu wanian
saprungna; asal maen wae
mapacuan; ngelingan, ngingetan
sakolepat; sakilat
rahul; gede wadul
kembung; beukah


(tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Harti Kecap

Harti nyaeta patalina antara lambang omongan jeung objek (referen, konsep) anu di maksudna. harti mangrupa eusi (maksud) anu dikandung ku kecap atawa omongan. Atawa naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa. Ku kituna, Ullman (1972:57) netelakeun yen antara lambang sora jeung harti raket patalina. Upama urang ngadenge hiji kecap, tangtu bae urang bakal nyipta kumaha "wujud barangna", sarta bakal ngarti kana naonnu dituduhkeun ku eta objek tea. Bagian elmu basa anu nuduhkeun selang surupna harti, parobahan katut kamekaranana disebut tata harti (semantilk).

Omongan manusa teh hakekatna mah ngandung harti anu  gumulung tina: tema (sense), rasa (felling), nada (tone), jeung amanat (intension). Tema nyaeta ide (poko pasualan) nu keur dicaritakeun; rasa nyaeta harti disawang tina sikep panyatur kana tema; nada harti disawang tina sikep panyatur basa kana pangregep; jeung amanat nyaeta maksud anu ditepikeun ka pangregep sangkan kahartieun. Contona kalimah: Isuk-isuk teuing datang teh, Jang? anu diucapkeun ku guru ka muridna anu datangna kabeurangan, temana ngabejakeun aya budak kabeurangan, rasana nuduhkeun kakeuheul, nadana nuduhkeun nyindiran, ari amanatna nanyakeun naha datang ka sakola teh beurang-beurang teuing.

Harti teh gurat badagna bisa dipasing-pasing kieu.
I. hari leksikal
1. harti langsung (konseptual)
2. harti Injeuman (asosiasi)
2.a. harti konotatif
2.b. harti afektif
2.c. harti reflektif
2.d. harti stilistik
2.e. harti kolotatif
2.f. harti idiomatik
II. harti struktural
1. harti gramatikal
2. harti tematikal

Harti leksikal nyaeta harti unsur-unsur basa anu mangrupa lambang barang, hal, objek, jste. Harti langsung nyaeta harti anu langsung nuduhkeun konsep anu tangtu tina hiji objek. Biasa oge disebut harti puseur, denotatif, referensial, kognitif, logikal jeung deskriptif. Contonan:

Manehna keur ngahampas kalapa (harti langsung) 
Anjeun ulah ngahampas ka kuring (harti injeuman)

Harti injeuman nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun objekna, biasana ngandung rasa, tapsiran, jeung ingetan kana objek sejen. Harti injeuman teh aya sababaraha rupa.
1). Harti konotatif, nyaeta harti anu mangrupa tambahan kana harti langsung. Contona: Nyi Icih di kelasna mah kaasup bentangna. (panggeulisna)
2). Harti afektif, nyaeta harti anu muncul balukar aya pamadegan panyatur kana hiji objek binarung rasa atawa emosi. Contona: berek, bisa, tiasa, iasa, harti langsungna mah sarua, tapi rasa anu dikandungna mah beda.
3). Harti reflektif, nyaeta anu muncul lantaran pangregep matalikeun hiji harti langsung sejenna nepika muncul refleksi kana harti sejen tea. Biasana raket patalina jeung pantangan, kapercayaan jeung kasopanan disebut harti piktorial. Contona. Ngising jadi kabeuratan, torek jadi kirang nguping, paeh jadi dugika hanteuna. Harti reflektif nu patali jeung pantangan katut kapercayaan disebut harti gereflektif. Contona: jurig jadi nu ngageugeuh, maung jadi karuhun atawa urang leuweung.
4) Harti stilistik, nyaeta harti anu biasana aya dina gaya bahasa atawa rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ku pangregep. Contona gaduh tanah ge mung satapak peucang.
5) Harti kolokatif, nyaeta harti anu ngan bisa muncul dina lingkungan kecap (ungkara) anu sarua. Contona: demplon jeung geulis ngan tumerap ka awewe wungkul.
6) Harti idiomatik, nyaeta harti anu aya dina pakeman basa (idiom) atawa wangenan basa anu husus sarta anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti unsur-unsurna. Contona: hampang birit, pangmiceunkeun tampolong.


Harti struktural nyaeta harti anu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti srtrukturak aya sababaraha hiji rupa:

1). Harti gramatikal, nyaeta harti anu muncul balukar patepungna wangunan-wangunan gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangunan anu leuwih jembar. Contona: ka+tincak= katincak, harti gramatikna teu dihaja. Keur+manehna= keur manehna, harti gramatikan "tujuan".
2). Harti tematikal, nyaeta harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong kana salahsahiji unsur basa. Contona:
Anu maot dilengkahan ucing hirup
Anu maot/dilengkahan ucing hirup
Anu maot dilengkahan ucing/hirup
Anu maot dilengkahan/ucing hirup

Harti dina hiji basa mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaeta:
1) basa miboga sipat barobah
2) dina basa sok ngawangun basa anu samar (vaguenes)
3) dina basa sok aya wangunan atawa ungkara basa anu miganda harti (ambiguous)
4) dina basa sok aya kajadian leungitna dadasar; jeung
5) unggal basa miboga struktur leksikal

Jaba ti eta, aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaeta faktor:
1) linguistik
2) sosial
3) psikologis
4) historis
5) basa deungeun; jeung
6) pangabutuh kana kecap anyar:

Parobahan harti teh aya sababaraha rupa (proses), di antarana nyaeta:
1) ngajembaran (generalisasi)
2) ngaheureutan (spesialisasi spesipikasi)
3) ngahandapan (pajorasi)
4) ngaluhuran (asosiasi)
5) matukeurkeun (sinestesia)

Cag.

(Dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. Abud Prawirasumantri; CV Geger Sunten; Bandung)





Salajengna Juragan