Tampilkan postingan dengan label Kandaga Kecap. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kandaga Kecap. Tampilkan semua postingan

Selasa, 06 Maret 2012

Pakeman Basa (Idiom)

Pakeman basa, di dieu, disaruakeun jeung idiom. Idiom asalna tina basa Yunani: idios, hartina has, mandiri, husus, atawa pribadi. Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikangdungna enteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa. Pakeman basa teh lahir ku ayana rupa-rupa cara enggoning nyebut atawa mere ngaran kana sagalarupana nu kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa jeung kapikir). Cara-cara mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, sasaruaan, bahan, tempat asalna, nu nyieuna, nu nimuna, sipatna, sabagian anggapan, jeung lian ti eta.

Anu kaasup kana pakeman basa teh, di antarana, ditetelakeun ieu di handap.

1) Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) jeung frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona: ngaburuy, ceuli lentaheun, panjang leungeun.
2) Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa anu kekecapan katut susunana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa loka lakuning hirup.
Contona:
Anjing ngagogogan kalong
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
3) Gaya basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun. Gaya basa teh sipatna plastis-stilistis, mun dipake estu jadi mamanis basa, tetela maksudna, teleb karasana, jeung alus iketanana. Contona kiray lir gugupay ka nu paturay.
4) Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda-tanda kuda, hade henteuna diingu.
Contona:
Satria pinayungan (tinayungan): aya kukulinciran dina tonggoh lebah handapeun sela beulah katuhu; watekna hade matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
Turub layuan: aya kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup; watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
Buaya ngangsar: aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang. Watekna goreng, lamun dibawa meuntas di nu deet , kuda teh sok depa, ari di nu jero sok palid.
Tumpur ludes: aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup. Watekna goreng, matak mawa sangsara kanu boga.
Sumur Bandung: bulu sukuna, ti handap nepi kana tuurna bodas. Watekna hade mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
5) Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Contona:
Bandung heurin ku tangtung
Sukapura ngadaun ngora.
Sumedang ngarangrangan
Banagara sor ka tengah.
6)Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara (daerah). Geus nepi ka ugana ngandung harti geus nepi kana waktu anu ditujum ku karuhun.
Contona:
Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.
Pulo Jawa bakal dibengker ku beusi.
Pulo Jawa bakal kaereh ku kulit kuning lilana saumur jagong.
7) Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.
Contona:
Cing, pangmiceunkeun tampolong.
Ehm, bau nu ngagoreng tarasi.
8) Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap anu sejen. 
Contona: 
Ari geus maju mah, make wani nincak sagala manehna teh.
Ih, geuning ngeked naker manehna teh.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan, Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda)

Salajengna Juragan

Kamis, 01 Maret 2012

Struktur Leksikal

Leksikal mangrupa anu patali jeung leksikon. Struktur leksikal nyaeta rupaning tatali (hubungan) harti antara kecap-kecap atawa antara ungkara-ungkara dina hiji basa. Aya lima prinsip anu patali jeung struktur leksikal.
1) prinsip patumpuk, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun rupa-rupa wawaran, anu ngabalakukarkeun ayana homonim jeung polisemi;
2) prinsip pagaris atawa padupak, nyaeta prinsip anu nuduhkeunyen kecap-kecap teh ngebrehkeun ayana sasauran harti, sanajan wangunna beda, anu ngabalakukarkeun ayana sinonim jeung kecap sawanda;
3) prinsip silih lengkepan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh ngebrehkeun harti lalawanan, anu ngabalukarkeun ayana antonim;
4) prinsip wengkuan, nyaeta prinsip anu nuduhkeun yen kecap teh mangrupa pondokna tina ungkara sejen, anu ngabalukarkeun ayana kecap wancahan.

Nurutkeun struktur leksikalna, dina Basa Sunda aya sababaraha rupa kecap, di antarana ditetelakeun ieu di handap.

1) Kecap saharti (sinonim), nyaeta kecap anu sarua hartina jeung kecap sejen. Contona: beunghar sarua hartina jeung kecap kaya, jegud, sugih, mukti.
2) Kecap sabalikan (antonim), nyaeta kecap anu hartina lalawanan tina kecap sejen. Contona: beurang mangrupa lalawanan tina kecap peuting.
3) Kecap sangaran (homonim), nyaeta kecap anu ngaranna sarua jeung kecap sejen, tapi hartina beda. Kecap sangaran ngawengku: kecap sawangun (homograf), nyaeta kecap anu sarua wangunna tapi beda hartina, saperti manah (hate) jeung manah (mentangkeung panah); jeung kecap sauni atawa kecap sasora (homofon), saperti bank (lembaga paduitan) jeung bang (beureum).
4) Kecap sawengku (hiponim), nyaeta kecap-kecap anu hartina kawengku ku kecap sejen. Contona: malati, campaka, dahlia, sedep malam mangrupa hiponim tina kembang.
5) Kecap rea harti atawa kecap aneka harti (polisemi), nyaeta kecap anu ngandung harti leuwih ti hiji, tapi hartina teh masih keneh aya patalina. Contona: korban, ngandung harti wadal, barang pangbakti, nu nandangan kasusah, nu ciaka.
6) Kecap wancahan (akronim), nyaeta anu mangrupa singgetan atawa pondokna tina ungkara sejen. Contona: dekah tina dewek mah, mangkade tina mangka hade, cekeng tina cek aing.


(dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. H. Abud Prawirasumantri)
Salajengna Juragan

Minggu, 29 Januari 2012

Kandaga Kecap 15

ngamumule; miara, mupusti, mulasara
sakumna; sakabeh
kapungkur; baheula
nyugemakeun; matak ngeunah kana hate
soson-soson; enya-enya, bener-bener, daria
pangaweruh; kanyaho, pangabisa
bangsa deungeun; bangsa sejen
nyunyuhun; nyuhun, bawa barang luhureun sirah
cacapkeun; nyacapkeun, nganggeuskeun
samudaya; sadaya, sakabeh
miwah; jeung
rerencangan; babaturan
kumawantun; kumawani. wawanianan
nyanggem; nyarita, nyarios
rumaos; rumasa
katiasa; kabisa
patali; hubungan
ngadugikeun; nepikeun
perkawis; perkara, hal
kauninga; di[ikanyaho


(Tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Jumat, 27 Januari 2012

Kandaga Kecap 14

ngalanto; nyemah, datang
ngadaweung; ngalamun
bangban; tutuwuhan leuweung; kawiwirangan
pacing; tutwuhan sabangsa hoe
kawanti-wanti; pisan
engang; guru wilangan unggal padalisan dina pupuh
ngawangkong; ngobrol



(Dicutat tina; Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Selasa, 24 Januari 2012

Kandaga Kecap 13

ngoleang; ngalayang lantaran hampang
batan; tinimbang
baris; arek, adek
capek rahem; baranggayem bae
mokaha; kacida, pisan
dibageakeun; disambut, dipapag
jagjag; gede tanaga tur sehat
wanci; waktu
petekel; pangawakan leutik tur pendek
bitis; lemesna wentis
mupakat; sapuk, satuju
lepri; wasit
dipeto; ditunjuk, dibere tugas
patotos; sapuk
gembleng; sakabehna
ngabobotohan; ngagedean hate sangkan sumanget
bosongot; beungeut atawa pasemon nu wanian
saprungna; asal maen wae
mapacuan; ngelingan, ngingetan
sakolepat; sakilat
rahul; gede wadul
kembung; beukah


(tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Harti Kecap

Harti nyaeta patalina antara lambang omongan jeung objek (referen, konsep) anu di maksudna. harti mangrupa eusi (maksud) anu dikandung ku kecap atawa omongan. Atawa naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa. Ku kituna, Ullman (1972:57) netelakeun yen antara lambang sora jeung harti raket patalina. Upama urang ngadenge hiji kecap, tangtu bae urang bakal nyipta kumaha "wujud barangna", sarta bakal ngarti kana naonnu dituduhkeun ku eta objek tea. Bagian elmu basa anu nuduhkeun selang surupna harti, parobahan katut kamekaranana disebut tata harti (semantilk).

Omongan manusa teh hakekatna mah ngandung harti anu  gumulung tina: tema (sense), rasa (felling), nada (tone), jeung amanat (intension). Tema nyaeta ide (poko pasualan) nu keur dicaritakeun; rasa nyaeta harti disawang tina sikep panyatur kana tema; nada harti disawang tina sikep panyatur basa kana pangregep; jeung amanat nyaeta maksud anu ditepikeun ka pangregep sangkan kahartieun. Contona kalimah: Isuk-isuk teuing datang teh, Jang? anu diucapkeun ku guru ka muridna anu datangna kabeurangan, temana ngabejakeun aya budak kabeurangan, rasana nuduhkeun kakeuheul, nadana nuduhkeun nyindiran, ari amanatna nanyakeun naha datang ka sakola teh beurang-beurang teuing.

Harti teh gurat badagna bisa dipasing-pasing kieu.
I. hari leksikal
1. harti langsung (konseptual)
2. harti Injeuman (asosiasi)
2.a. harti konotatif
2.b. harti afektif
2.c. harti reflektif
2.d. harti stilistik
2.e. harti kolotatif
2.f. harti idiomatik
II. harti struktural
1. harti gramatikal
2. harti tematikal

Harti leksikal nyaeta harti unsur-unsur basa anu mangrupa lambang barang, hal, objek, jste. Harti langsung nyaeta harti anu langsung nuduhkeun konsep anu tangtu tina hiji objek. Biasa oge disebut harti puseur, denotatif, referensial, kognitif, logikal jeung deskriptif. Contonan:

Manehna keur ngahampas kalapa (harti langsung) 
Anjeun ulah ngahampas ka kuring (harti injeuman)

Harti injeuman nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun objekna, biasana ngandung rasa, tapsiran, jeung ingetan kana objek sejen. Harti injeuman teh aya sababaraha rupa.
1). Harti konotatif, nyaeta harti anu mangrupa tambahan kana harti langsung. Contona: Nyi Icih di kelasna mah kaasup bentangna. (panggeulisna)
2). Harti afektif, nyaeta harti anu muncul balukar aya pamadegan panyatur kana hiji objek binarung rasa atawa emosi. Contona: berek, bisa, tiasa, iasa, harti langsungna mah sarua, tapi rasa anu dikandungna mah beda.
3). Harti reflektif, nyaeta anu muncul lantaran pangregep matalikeun hiji harti langsung sejenna nepika muncul refleksi kana harti sejen tea. Biasana raket patalina jeung pantangan, kapercayaan jeung kasopanan disebut harti piktorial. Contona. Ngising jadi kabeuratan, torek jadi kirang nguping, paeh jadi dugika hanteuna. Harti reflektif nu patali jeung pantangan katut kapercayaan disebut harti gereflektif. Contona: jurig jadi nu ngageugeuh, maung jadi karuhun atawa urang leuweung.
4) Harti stilistik, nyaeta harti anu biasana aya dina gaya bahasa atawa rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ku pangregep. Contona gaduh tanah ge mung satapak peucang.
5) Harti kolokatif, nyaeta harti anu ngan bisa muncul dina lingkungan kecap (ungkara) anu sarua. Contona: demplon jeung geulis ngan tumerap ka awewe wungkul.
6) Harti idiomatik, nyaeta harti anu aya dina pakeman basa (idiom) atawa wangenan basa anu husus sarta anu teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti unsur-unsurna. Contona: hampang birit, pangmiceunkeun tampolong.


Harti struktural nyaeta harti anu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti srtrukturak aya sababaraha hiji rupa:

1). Harti gramatikal, nyaeta harti anu muncul balukar patepungna wangunan-wangunan gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangunan anu leuwih jembar. Contona: ka+tincak= katincak, harti gramatikna teu dihaja. Keur+manehna= keur manehna, harti gramatikan "tujuan".
2). Harti tematikal, nyaeta harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong kana salahsahiji unsur basa. Contona:
Anu maot dilengkahan ucing hirup
Anu maot/dilengkahan ucing hirup
Anu maot dilengkahan ucing/hirup
Anu maot dilengkahan/ucing hirup

Harti dina hiji basa mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaeta:
1) basa miboga sipat barobah
2) dina basa sok ngawangun basa anu samar (vaguenes)
3) dina basa sok aya wangunan atawa ungkara basa anu miganda harti (ambiguous)
4) dina basa sok aya kajadian leungitna dadasar; jeung
5) unggal basa miboga struktur leksikal

Jaba ti eta, aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaeta faktor:
1) linguistik
2) sosial
3) psikologis
4) historis
5) basa deungeun; jeung
6) pangabutuh kana kecap anyar:

Parobahan harti teh aya sababaraha rupa (proses), di antarana nyaeta:
1) ngajembaran (generalisasi)
2) ngaheureutan (spesialisasi spesipikasi)
3) ngahandapan (pajorasi)
4) ngaluhuran (asosiasi)
5) matukeurkeun (sinestesia)

Cag.

(Dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. Abud Prawirasumantri; CV Geger Sunten; Bandung)





Salajengna Juragan

Senin, 23 Januari 2012

Kandaga Kecap 12

sumawona, komo deui
baranang, loba bari tingkaretip
pagirang-girang, paluhur-luhur
narah, embung
nyambat, nebut-nyebut
ngiberan, ngabejaan
kamendi, kamana
ngoleab, kabawa palid
pahung, kapahung, bingung pilampaheun, salah tincak lantaran prihatin
rampang-reumpeung, teu puguh ragap
kasungsi, kasaba, katepi
ngalayung, bijil waktu sore mangsa keur bijil layung
ngabigeu, teu ngomong
ngawagu, teu laju, angger
halon, lalaunan
lumingsir, pindah tempat (robahna panon poe ti wetan ka kulon)
gupuy-gapay, rumpu-rampa
muntang, nyepeng




(tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dinding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Minggu, 22 Januari 2012

Kandaga Kecap 11

ngawanohkeun; ngawawuhkeun, nepangkeun, ngabejakeun ngararanna, ngenalkeun
pancen; tugas
kapapancenan; dibere tugas
nyangkolong; ngurangan
ngadugikeun; nepikeun
bandungan, barandungan; perhatikeun
pamanggih; pamadegan
sawatara; sababaraha
nalungtik; naliti
kabong (b)roy; kabita, bogoh
ngalanglang dunya; ngurilingan dunya
salajengna; satuluyna
patalekanana; patarosan, pananya
maparin; mere nepikeun
ngawitan; ngamimitian
olahan; asakan, racikan
baris; are, adeuk, deuk
dangukeun; lemesna tina dengekeun
kasauran; caritaan


(Tina  Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Jumat, 25 November 2011

Wangenan jeung Harti

1. Wangenan

Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata dina basa Inggris disebut lexicon. Ari asalna mah tina basa Yunani : Lexicon hartina "kecap". Widang elmu basa anu maluruh selang surupna kandaga kecap, parobahan, katut kamekaranana disebut leksikologi. Kandaga kecap bisa dihartikeun: (1) Sakumna kecap nu aya dina hiji basa, (2) kecap-kecap nu geus dipikanyaho jeung dipake ku jalma-jalma di hiji wewengkon, (3) kecap-kecap nu dipake dina hiji widang elmu pangaweruh anu tangtu, (4) dina elmu basa: sakumna morfem nu aya dina hiji basa, (5) daftar sapuratina kecap (ungkara) tina hiji basa anu disusun kalawan alfabetis, anu biasana dilengkepan ku wangenan jeung katerangan.

Kandaga kecap teh robah ti mangsa ka mangsa, henteu angger, mekar ngarekahan atawa ngurangan. Tumuwuh jeung mekarna kandaga kecap teh sok aya patalina jeung rembesna kecap atawa ungkara basa lian, boh wangunan boh hartina. Mun geus aya dina hiji basa, kecap-kecap dina basa deungeun teh sok teu karasa asingna.

Pikeun kaperluan anu tangtu, upamana pikeun pangbakuan, pamekaran jeung pangajaran basa, kecap-kecap teh biasana sok disusun dina buku khusus, anu disebut kamus (leksikon). Bagian tina elmu basa anu maluruh dasar-dasar nyusun kamus, saperti nu patali jeung ngumpulkeun data, milih data, nyieun papasingan data, ngo;ah data, nyusun data sacara alfabetis , sarta nysusn wangenan katut katerangan lianna, disebut leksikografi. Wangun pangleutikan anu jadi poko (entri) dina kamus teh disebutna leksem  (kecap disebutna leksikal). Ari harti nu dikandung ku leksem disebut harti leksikal.

2. Harti Kecap
Harti nya eta patalina antara lambang omongan jeung objek (referen, konsep ) anu dimaksudna. Harti  mangrupa eusi (maksud) anu dikandung ku kecap atawa omongan, atawa naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa. Ku kitu, Ullman (1972:57) netelakeun yen antara lambang jeung sora jeung harti raket patalina. Upamana urang ngadenge hiji kecap, tangtu wae urang bakal nyipta kumaha "wujud barangna", sarta bakal ngarti kana naon nu dituduhkeun ku objek eta tea. Bagian tina elmu basa anu maluruh selang surupna harti, parobahan katut kamekaran disebut tata harti (semantik).

Omongan manusa teh hakekatnana mah, ngandung harti anu gumulung tina: tema (sense), rasa (feling), nada (tone), jeung amanat (intension). Tema nyaeta ide (pokok pasualan) nu keur dicaritakeun, rasa harti disawangan tina sikep panyatur basa ka pangregep, jeung amanat nyaeta maksud nu ditepikeun ka pangregep sangkan kahartieun. Contona kalimah: Isuk-isuk teuing datang teh jang?anu diucapkeun ku guru ka muridna anu datangna kabeurangan, temana ngabejakeun aya budak kabeurangan, rasana nuduhkeun kakeuheul, nadana nuduhkeun nyindiran, ari amanatna nanyakeun naha datang ka sakola teh beurang-beurang teuing.

Harti teh gurat badagna bisa dipasing-pasing kieu:

Harti leksikal nyaeta harti unsur-unsur basa anu mangrupa lambang barang, hal objek, jste. Harti langsung nyaetaharti anu langsung nuduhkeun konsep anu tangtu tina hiji objek. Biasan oge disebut harti puseur, denotatif, referensial, kognitif, logikal jeung deskriftif. Contona:

Manehna keur ngahampas kalapa, (harti langsung) 
Anjeun ulah ngahampas ka kuring, (harti injeuman)

Harti injeuman, nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun; objekna; biasan ngandung rasa, tapsiran, jeung ingetan kana objek sejen. Harti injeuman teh aya sababaraha rupa.

1). Harti konotatif, nayeta harti anu mangrupa tambahan kana harti langsung. Contona Nyi Icih teh di kelasna mah kaasup bentangna (panggeulisna)
2. Harti afektif, nyaeta harti anu muncul balukar ayana pamadegan panyatur kana hiji objekbinarung rasa atawa emosi . Contona: berek, bisa, tiasa. iasa harti harti langsungna mah sarua, tapi rasa anu dikandungnamah beda.
3. Harti reflektif, nyaeta anu muncul lantaran pangregep matalikeun hiji harti langsung jeung harti langsung sejenna, nepika muncul refleksi kana harti sejen tea. Biasana raket patalina jeung pantangan, kapercayaan, jeung kasopanan. Harti reflektif nu patali jeung pantangan, kapercayaan jeung kasopanan disebut harti piktorial. Contona ngising jadi kabeuratan, torek jadi kirang nguping, paeh jadi dugi ka hanteuna. harti reflektif nu patali jeung pantangan katut kapercayaan jeung kasopanan disebut gereflektif. Contona jurig, jadi nu ngaeugeuh, maung jadi karuhun atawa urang leuweung.
4. Harti stilistik, nayeta harti anu biasana aya dina gaya basa atawa rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ku pangregep. Contona, gaduh tanah teh mung satapak peucang.
5. Harti kolokatif, nyaeta harti anu ngan bisa muncul dina lingkungan kecap (ungkara)anu sarua.Contona: demplon jeung geulis ngan tumerap ka awewe wungkul.
6. Harti idiomatik, nyaeta harti anu aya dina pakeman basa (idiom) atawa wangunan basa anu husus sarta teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti unsur-unsurna. Contona, hampang birit, "pangmiceunkeun tampolong".

Harti struktural, nyaeta  harti anu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti struktural, aya sababaraha rupa.

1. Harti gramatikal, nayeta harti anu muncul balukar patepungna wangun-wangun gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangun anu leuwih jembar. Contona: ka+tincak-katincak, harti gramatikal teu dihaja; keur +manehna-keur manehna; harti gramatikal tujuan.

2. Harti tematikal, nyaeta harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong salahsahiji unsur basa.
Contona:
Anu maot dilengkehan ucing hirup.
Anu maot/dilengkahan ucing hirup.
Anu maot dilengkahan ucing/hirup.
Anu maot dilengkahan/ucing hirup.

Harti dina basa mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaeta:
1. basa miboga sipat barobah.
2. dina basa sok aya wangunan basa anu samar (vaguenes)
3. dina basa sok aya wangun atawa ungkara basa anu miganda harti (ambiguous);
4. dina basa sok aya kajadian leungitna dadasar; jeung
5. unggal basa miboga struktur leksikal.

Jaba ti eta, aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaeta faktor:
1. linguistik
2. sosial
3. psikologis
4. historis
5. basa deungeun; jeung
6. pangabutuh kana kecap anyar.

Parobahan harti teh aya sababaraha rupa (proses), diantarana nyaeta:
1. ngajembaran (generalistik)
2. ngaheureutan (spesialisasi, spesipikasi)
3. ngahandapan (asosiasi), jeung
4. matukeurkeun (sinestesia).

Cag.


(Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. Abud Prawirasumantri)


Salajengna Juragan

Kamis, 17 November 2011

Kandaga Kecap 10

gif maker

puser kota; pusat kota
tangtu; pasti
gimir; ngarasa sieun
kebat; langsung terus
pangeling-ngeling; nginget-nginget, ngemut-ngemut
mangsa jumenengna; basa aya keneh
leber wawanena; gede kawani, wanian
teuneung ludeung; gede kawani; wanian
arang langka; jarang
pangpangna; utamana
lalaki langit, lalanang jagat; lalaki gagah perkasa
jujuluk, julukan; landian
tandang makalangan, pinton; ngalalakon
ngeplek jawer miyuni hayam kabiri; sieunan, euweuh kawani
jagjag waringkas; sehat bari gede tanagana
teureuh menak; turunan menak
estuning, mani; pisan
basajan; sederhana pisan
tuladeun; picontoeun
ngayonan; nyanghareupan
kaceuceub; kangewa
kawentar; kasohor, kakoncara
taya karingrang; teu  aya nu dipikasieuneun
meungpeuken ceuli; nutupan ceuli
matak tuenah; matak teu ngeunah
ngajejeleh; moyok, ngesek-ngesek
ngagedurkeun sumanget; ngagedekeun sumanget
ngungkung; ngawatesanan, nyengker, ngahalangan


(Nyutat tina Gentra Basa Sunda; Drs.Dingding Haerudin, M.Pd.)



Salajengna Juragan

Jumat, 07 Oktober 2011

Kandaga Kecap 9



aheng, aneh; beda ti biasa
arayeuh; rarubuh
bangbaraan; tarik pisan
cumalimba; ngarasa sedih
cungcat-cingcet; ngagerakeun awakna nyingkahan panarajang lawan
dawuhna, cenah; omongna, saurna
dibobotohan; disumangetan
didama-dama; dihormat
diembarkeun; dibejakeun
dihaturkeun; ragam hormat tina kecap dibikeun
dipaparinkeun; ragam hormat tina kecap dibikeun
dipendemna, dikuburna; dimakamkeunana
dipulasara; diurus
dirorok; dikukut
disanggakeun; ragam hormat tina kecap dibikeun
kaahenganana; kaanehanana
kabungbulenganana; kagegeringan lantaran ditinggalkeun
kagimir; kasieun
rerencepan, teu geruh; teu ribut ka batur
kateterasan; katutuluyan
katompernakeun; ka ahirnakeun
digjaya, gagah perkasa; wanian jeung rikat
mangpirang-pirang, rupa-rupa; loba pisan
manjing; cukup
meujeuhna, mahi; cukup
ngadu jajaten; ngadu kabisa, ngadu elmu
ngahenang-ngahening; senang
ngaheungheum; ngasupkeun barang/kadaharan kana sungut tapi teu dicapek/didahar
ngaleyekan; nincakan
ngayonan; ngalawan

(Dicutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Minggu, 02 Oktober 2011

Kandaga Kecap 8


balukarna; akibatna
meredih; menta
gempungan; lawungan, kumpulan, diskusi, badami
nandangan; ngalaman
balangsak; sangsara
kateter; kadeseh, teu kuat ngalawan
ngagugu; nurut, taat
ngungsi; pindah tempat
heroik; laga pahlawan, kapahlawanan


(Dicutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Sabtu, 30 Juli 2011

Kandaga Kecap 6

Gif maker


gawanohkeun; ngawawuhkeun, nepangkeung, ngabejakeun ngaran, ngenalkeun
pancen; tugas
kapapancenan; dibere tugas
ngadugikeun; nepikeun
nyangkolong; ngurangan
ngadugikeun; nepikeun
bandungan; barandungan, perhatikeun
pamanggih: pamadegan
sawatara; sabaraha
nalungtik; naliti
kabong (b)roy; kabita; bogoh
ngalanglang dunya; ngurilingan dunya
salajengna; satuluyna
patalekanana; patarosan; pananya
maparin; mere, nepikeun
ngawitan; ngamimitian
olahan; asakan, racikan
baris; arek, adek, deuk
dangukeun; lemesna tina dengekeun
kasauran; caritaan

(Di Cutat tina Gentra Basa Sunda, Drs Dingding Haerudin, S.Pd.)
Salajengna Juragan

Kamis, 28 Juli 2011

Kandaga Kecap 5

puseur kota; pusat kota
tangtu; pasti
gimir; ngarasa sieun
kebat; langsung terus
pangeling-ngeling; nginget-ngiet, ngemut-ngemut
mangsa jumenengna; mangsa aya keneh
leber wawanenna; gede kawani; wanian
teuneung ludeung; gede kawani, wanian
arang langka; jarang
pangpangna; utamana
lalaki langit lalanang jagat; lalaki gagah perkasa
jujuluk; julukan, landian
tandang makalangan; pinton, ngalalakon
ngeplek jawer miyuni hayam kabiri; sieunan, euweuh kawani
jagjag waringkas; sehat bari gede tanagana
teureuh menak; turunan menak
estuning; mani, pisan
basajan; sederhana pisan
tuladeun; picontoeun
ngayonan; nyanghareupan
kaceuceub; kangewa
kawentar; kasohor, kakoncara
taya karingrang; teu aya nu dipikasieun
meungpeukan ceuli; nutupan ceuli

(Dicutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Rabu, 27 Juli 2011

Kandaga Kecap 4

pasehat; bener jeung merenah nyaritana (fasih)
ngebrehkeun; ngunkabkeun, nerangkeun
sakumna; sakabeh
sawatara; sababaraha
panumbu catur; moderator
teureuh; turunan
Nippon; sebutan keur Jepang
nalungtik; naliti
matuh; ngajrek, dunuk, tempat cicing
tumuwuhna; timbulna
karep; kahayang, cita-cita
ngeunaan; perkara, perkawis
saprak; ti mimiti
amprok; papagih, pasanggrok
lentongna; intonasina
neuleuman; ngulik
ngarojong; ngadukung
mangsana; jamana
tawis; tanda, ciri
sejenna; lianna
handap asor; sabalikna tina sombong, sopan
kiwari; ayeuna
panitenana; perhatianana
ditalungtik; ditaliti
diwangsulkeun; dipulangkeun
nuwuwuhkeun; ngajadikeun
imut; seuri
mugia; muga-muga, sugan


(Dicutat tina Gentra Basa Sunda; Dingding Haerudin, M.Pd)
Salajengna Juragan

Kandaga Kecap 3

ngabedega; nangtung, ngajanteng.
singhoreng; ari pek teh
banjar karanga pamidangan; tempat lahir, lembur asal
matuh; netep, tempat cicing, nganjrek
maneuh; angger, biasa
ngahudangkeun; nimbulkeun
munggaran; mimiti
alpukahna; pokal, inisiatif, prakarsa, nu migawe
sumebar; nerekab, nyebar
manten; pangsiunan, tilas, mantan
jentre; jelas
medalna; terbitna
pangnyongcolangna; pangalusna, panghadena, pangpinterna
komara; wibawa, harisma
ditaratas; dimimitian
mayeng; terus-terusan teu kungsi eureun
ngadeudeul; ngarojong, ngadukung
diungkab; dipaluruh, ditarik deui sangkan leuwih jelas
pating pucunghul; pada medal, pada datang
galura; ombak. ribut
atikan; pendidikan
ngamumule; ngurus, miara enya-enya
nanjeurkeun; nangtungkeun
ngelingan; ngingetan


(Nyutat tina Getra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Selasa, 26 Juli 2011

Kandaga Kecap 2

nyimpang; ngalongok sakeudeung, mampir
kasambutna; maotna
nungkulan; nyaksian
hawatos; karunya
lemah cai; nagara, nagri
sageuy; piraku
sahayuna; sakahayang
dimonyah-monyah; dihambur-hambur
uninga; terang, nyaho, apal
katelahna; kasohorna
muntang; nyepeng
saurna; cenah
nepungan; manggihan, ngadatangan
reueus; ngarasa bagja
teuneung; wanian
kungsi; kantos



(Nyutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Senin, 25 Juli 2011

Kandaga Kecap 1

di antawisna; di antarana
diperedih; dipiharep pisan; dipentaan tulung
diwangsulkeun; dipulangkeun; dibalikeun deui.
karuhun; jalma-jalma nu kungsi aya saheulaeun urang.
mamaos; tembang
manca nagara; luar nagara
ngamumule; ngurus; miara enya-enya.
ngaronjatkeun; ningkatkeun
ngawanohkeun; ngawawuhkeun; ngenalkeun
palangsiang; boa-boa
pasampangan; tempat anu teu tangtu.
patepung lawung paamprok jonghok; ngariung.
reueus; ngarasa agul.
sasieureun sabeunyeureun; saeutik-saeutikeun.
sekeseler; turunan.
tarekah; usaha.
taya pulunganeunana; euweuh mangpaatna keur jalma sejen.
tembang; basa dangdingan make aturan pupuh.
sihaksami; pangampura.
paheuyeuk-heuyeuk lengeun; silih bantuan; gawe babarengan.
nonoman; pamuda.
mikareueus; ngarasa bagja leuwih ti batur.
hirup kumbuh; kahirupan sapopoe.
sakumna; sakabeh.
nyangkaruk; netep.
karuk; kembang jambu batu.
mupusti; nyimpen barang dihade-hade,
nembang; ngalagu nurutkeun aturan puph.
kataji; katarik hate,
sageuy; piraku; maenya.
pasanggiri; perlombaan.
cindekna; kasimpulanana.
manawi; sugan; susuganan.
mungguhing; tina hal, lantaran.
amit mungkur; seja mungkur; pamitan.
lumur; gelas paranti nginum.
jabung; ngaran sarupa pepelakan sok dilalab.
sabda; sasauran, nyarita.
kumapalang;kamapalang, kapalang tanggung.
sanggem; ceuk; lemesna tina sanggup.
mijah; pijah; motah, teu daek cicing
catur; omongan; carita;caritaan






(Nyutat tina Gentra Basa Sunda)
Salajengna Juragan