Tampilkan postingan dengan label Pupuh. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pupuh. Tampilkan semua postingan

Selasa, 06 Maret 2012

Pangkur

Palanggeran : 8-a, 11-a, 8-u, 7-a, 12-a, 8-a, 8-i.
Judul : Hutang Pati Bayar Pati
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sang gaang samakta,
nyuhun batu, awakna dibeulit hinis,
dina buntut jarum pentul,
tatandang bari susumbar,
nunggu musuh munding bule, nu putukul,
bongan abong kena kuat,
adigung boga hate dir.


Samaruk hamo dilawan,
padahal mah, najan leutik asal pelit,
sanggup jurit bari unggul,
jangkung ge ditarajean,
komo ieu ukur dayut euweuh tanduk,
hayu urang perang,
rasakeun pamales aing.


Hutang uyah bayar uyah,
hutang pati, tangtu dibayar ku pati,
anak aing paeh tujuh,
paeh ku sakaasakeun sakali tincak,
abong kena ieu aing kuat suku,
rasakeun ieu pakarang,
geura datang tong jejerih.


Jigrag-jigrag bari tanggah,
rarat-reret neangan nu ngajak jurit,
umba-ambeu, ungas-ingus,
mawa rawe dina sirah,
dina tonggong jigana mah mawa bubu,
maksudna eukeur naheunan,
sato leutik nu aprelit.


Sabot Si Bule tatandang,
henteu nempo musuh dina tangkal kai,
enggeus ngincer mawa batu,
dicentang lebah panona,
gerang-gerung Si Bule teh ngarumpuyuk,
tangginas sang gaang luncat,
rek meuncit musuh ku hinis.


Si Bule adug-adugan,
ambek nyedek, sukuna mani pakupis,
hanjakal teu boga tanduk,
musuh ngan ukur karasa,
boga panon duanana tambuh,
na saha anu merangan,
geuning pinter bisa licik.


Suku buntut pada meta,
Sang Gaang mah, cungcat-cingcet estu gasik,
najan si musuh babadug,
ripuh ku polah sorangan,
tanaga dihambur-hambur teu puguh,
sang gaang ngarasa punah,
geus bisa males kanyeri.
r

Salajengna Juragan

Senin, 05 Maret 2012

Wirangrong

Palanggeran : 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a
Judul : Poe Wiwirang 
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sing ulah pinanggih deui,
nu ku emang geus kalakonan,
nyorang wirang keur natamu,
tungtungna bet hayang seuri,
dasar emang sok limpeuran,
jeung pohara mokahaan.

Emang dipantaln ginding,
dijas hideung jeung dibendo,
kasampak ondangan ngumpul,
emang diaku pribumi,
cat emang unggah ka tepas,
terus sila gagah pisan,

Emang teh asa kapuji,
nu hadir pada narempo,
sugan teh kaget ku baju,
dumeh emang tandang ginding,
lila-lila mah curiga,
da neuteup kana lahunan

Paingan tingcarikikik,
aya nu bengong olohok,
sihoreng teh barang tungkul,
meh teu kawani cengkat deui,
pantalon lesot kancingna,
tali kolor bijil ngambay.

Bororaah daek ngopi,
tungtungan emang permios
bari teu weleh tungkul,
sok masrahkeun amplop duit,
sabadana sasalaman,
emang mulang gagancangan.

Barang ka imah geus tepi,
katangen pahili amplop,
nu duitan dina saku,
nu kosong dibikeun tadi.
bet nambah-nambah wiwirang.
kumaha mun kanyahoan.

Emang rek nepungan bibi,
hayang geura-geura ngobrol,
jigana eukeur di dapur,
teu tata pasini deui,
gancang ditepak tonggongna,
sihoreng....geuning mitoha.

"Bet neunggeul ema teh tarik"
ceuk mitoha bari melong,
emang gancang sanduk-sanduk,
memendekan semu isin,
koloyong deui ka luar,
terus ka cai ka lebak.

Teu kapalang mun keur tiis,
wiwirang teu towong-towong,
sabot na cukang ngalamun,
seureuleu suku nu hiji,
jurali teh jungkir pisan,
rancucut heunteu kapalang.

Barang amprok jeung si bibi,
gancang nyorowok "ku naon?"
tatangga ge ribut muru.
emang hayang hinghing ceurik,
peureum bakating ku era,
jedak neumbrag kandang domab.

Terus emang alak-ilik,
heran ka mana bendo,
mangkaning gaduh Bah Apung,
barang disusul ka cai.
oteng geus kokoleaban,
ngadon ngangkleung di walungan.

Bakating inggis kaciri,
sieun anu boga nyaho,
dideang hareupeun hawu.
pek tej kasundut saeutik.
bet sue kateterusan,
sial teh pohara pisan.
Salajengna Juragan

Kamis, 01 Maret 2012

Durma

Judul : Nyalahan
Palanggeran: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Dordar, brugbreg, kawas nu keur parasea,
ngomongna semu bengis,
naha kikituan,
rangkepna ge can lila,
piraku rek bengkah deui,
asa kacida,
saha nu wani ngintip.

Ngan teu aneh, jep teh jadi jempling pisan,
teu lila:"Aduh nyeri"
naha, boa-boa,
cing hayu urang unggah
bisi aya raja pati,
urang teh salah,
upama cicing-cicing.

Sihoreng teh, rusuh beberes pakean,
isukan arek indit, 
jeung nyubuh miangna,
nyaba aya mingguna,
bongan beberes ti peuting,
ku rurusuhan,
kacepet ku lomari/

Nu matak ge ulah sungku-sangka,
upama tacan yakin,
geuningan nyalahan,
mun seug nu atah sasar,
dig-dig geuwat ka pulisi,
tangtu wiwirang,
laporan tanpa bukti.

Bet ras inget waktu Jepang keur kawasa,
kawentar galak bengisna,
abong meunang perang,
tingkahna sakama-sakama,
edas ku sagala beuki,
sok punta-penta, 
teu mere ditampiling.

Laskar Jepang hol datang bari pepeta,
maksudna teu kaharti,
"Tamago" omongna,
heg nyabakan bujurna,
sugan teh hayang ka cai,
hanas dibawa,
ka kakus nu beresih.

Ari pek teh jol ujug-ujug nyabokan,
terusna jadi seuri,
barang nempo sayang,
anu aya hayaman,
hayam digebah diusir,
endog dirampas,
teu lila leos balik.

Sihoreng teh keur butuh butuh ku endog hayam,
ku bodo salah taksir,
teu ngarti petana,
poek kana basana,
"Tamago teh endog geuning,
kakara apal,
pangan jol nampiling.

Jaman Nica loba jelema ditewak,
katerangan sing tarapti,
sok remen nyalahan,
marukan tukang tembak,
sihoreng teu jelas nulis,
o jigana a,
mariksa teu taliti.

Tukang tembok watir majar tukang tembak,
bet bodo henteu ngilik,
nangkepna teh asal,
nu sidik tanpa dosa,
disiksa leuwih timisti,
karunya pisan,
nu enya majar lain.

Harianeun Pa Teri oge ditewak,
ku salah denge sidik,
dasar nu kasima,
ngajawab ngan ukur "ya",
dumeh eta ngaran Teri,
ku rusuh tea,
kadenge TRI.

Atuh lapur harita ge dicangkalak,
Nica geus teu sak deui,
pek nanya pangkatna,
"Tanen" jawabna  gancang,
samaruk Kapten TRI,
teu antaparah,
digebot pohpor bedil.


Salajengna Juragan

Pucung

Judul: Aki-aki Pundung
Palanggeran: 12-u, 6-a, 8-e/i, 12-a


Euleuh, euleuh geuning si aki mah kitu,
tina pasal dahar
bugad-baged, lewa-lewe
naha atuh, aki mah sok sarakah


Apa aya, eta deungeuna nu hipu,
bonganna sorangan,
pangraos teu acan ompong,
naha eta, kulub peuteuy teh ti saha.


Gucal-gecol, gugusi teu kuat tarung
horeng teu katahan,
tungtungna natambuh gawe,
ngadon mecleng ka luar, henteu katewak.


Meureun eta, gemesna mah ka si Empus,
hayoh ngaheureuyan,
nu mecleng geuwat diboro,
padahalmah, mun antep, bongan ngalawan.


Ambek nyedek, terus merenggut ngajentul,
euleuh cipanonan,
gubrag ngalabuhkeun maneh,
kokosodan, nyarekan kasarerea.


Ka si Nini ngaggapna kawas ka musuh,
bet jol ngabaeudan
Nini nembrong dilelewe,
dulak dilak, teu sirikna ngajebian.


Mani manyun samutut murukusunu,
kutan ku belikan,
pasal leutik jadi gede,
geuning kitu, nu pikun mah, matak cua.


Papakean ngadon dibuntel ku simbut,
lomari diruksak,
ngarah ku nini disentor,
tapi ngantep, teu daekeun ngahaminan.


Hayang pundung, tapi bet kalah ka bingung
ceuk nini teh: "Puas",
Aki balaham-belehem,
lumah-lameh, meredih disaliksikan.
Salajengna Juragan

Minggu, 29 Januari 2012

Dangdanggula

Palanggeran dangdanggula: 10-i, 10-a, 8-a/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-u, 12-i, 7-a.

Keak merak lir careurik,
heulang julang kalong ngalanglangan
geuri-geuri ting garero
maung bati ngahiung
kuwiwi mah bati ngecewis
sagala ngiring lara
ka sang putri wiku
jeung paa bijil alpukah
sato-sato berhala gunung sirinding
bumela ka nu lara


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk,)
Salajengna Juragan

Senin, 23 Januari 2012

Asmarandana

Palanggeran Asmarandana: 8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.

Eling-eling murangkalih
kudu apik jeung berseka
ulah odoh ka panganggo
mun kotor geuwat seuseuhan
soeh geuwat kaputan
ka nu buruk masing butuh
ka nu anyar masing lebar.

(tina Peperenian Drs. Ahmad Hadi, Spk)
Salajengna Juragan

Minggu, 22 Januari 2012

Sinom

Palanggeran Sinom: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a,

Conto:

Aya hiji rupa kembang
raranggeuyan tapi leutik
rupana bodas kacida
matak lucu liwat saking
hanjakalna teu seungit
lamun ku urang diambung
kitu soteh ti beurang
ari seug mungguh ti peuting
sumeleber nyambuang sapakarangan


(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Kinanti

Palanggeran Kinanti: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, b-a, 8-i

Conto:

Budak leutik bisa ngapung
babaku ngapungna peuting
nguriling kakalayangan
neangan nu amis-amis
sarupaning bubuahan
naon wae nu kapanggih.

(Tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi. Spk.)
Salajengna Juragan

Rabu, 27 Juli 2011

Rampak Sekar (Magatru)

Tangkal mala, suren, puspa, reujeung pingku, tangkal mindi jeung kareumbi, loa, kiara jeung tisuk, kupa, jalawura, huni, jaradi di leuweung ganggong.

Ku manusa langka kasaba kaasruk,wantu-wantu tempat rumpil,panonoban bagong maung, lutung, oa jeung surili, matak paur mun pasanggrok.
Salajengna Juragan

Jumat, 22 Juli 2011

Pupuh

Pupuh Jeung watekna

1. Asmarandana : birahi, silih asih.
2. Balakbak : pikaseurieun, bobodoran.
3. Dangdanggula : kabungahan, kaagungan.
4. Jurudemung : kaduhung, hanjakal.
5. Durma : ngambek, pasea, gelut, perang.
6. Gambuh : tambuh laku, samar polah, bingung.
7. Gurisa : lulucon tamba kesel, pangangguran.
8. Kinanti : prihatin, harepan, ngadago.
9. Ladrang : banyol, heureuy, gogonjakan.
10. Lambang : cara ladrang, ngan leuwih motah.
11. Magatru : nyelang nyarita, lulucon ngeusi, prihatin.
12. Maskumambang : prihatin, sasambat, nyeri, nalangsa.
13. Mijil : susah, sedih, cilaka, tiiseun, jempling.
14. Pangkur : lumampah, napsu, sadia rek perang.
15. Pucung : piwuruk, wawaran, kaget, eling.
16. Sinom : gumbira, senang.
17. Wirangrong : era, wirang, apes, rugi.


Hartina:

1. Asmarandana, asal tina smara jeung dahana. Smara ayeuna jadi asmara, hartina birahi atawa duriat. Dahana hartina seuneu.
2. Balakbak, tadina Balabak bisa jadi asalna tina "babak" make rarangken  "al".
3. Dangdang-gula. Lain dangdang  anu hartina seeng. Ieu mah "dangdang" anu robah jadi "dendang", hartina kawih. Dendang-gula, kawih manis. Aja nu nyebutkeun "dangdang" hartina "gagak".
4. Jurudemung, tukang demung, sabangsa saron.
5. Durma, hartina maung.
6. Gambuh, hartina loba luang.
7. Gurisa atawa "gurisan", tegesna pikaseurieun.
8. Kinanti, bisa jadi asalna tina "anti" nu hartina dago (lemesna "antos"), bisa jadi tina "kanti" nu hartina bareng.
9. Ladrang, sabangsa keris.
10. Lambang, gambar.
11. Magatru, teu kapapay hartina. Duka upama asalna tina "magatru" nu hartina teu anggeus, teu aya putusan, kitu soteh lamun ningali kana watek pupuh nu sok dipake "panyelang".
12. Maskumambang, emas ngambang. Baheula sok disebut "Mas Kentir".
13. Mijil, bijil, kaluar. Baheula : "Raras-Ati".
14. Pangkur, ditinggalkeun atawa "tonggong". Baheula disebut "Yuda Kanaka".
15. Pucung, tangkal (buah) picung, oge kelewekna.
16. Sinom, asal tina "sinwam", pucuk asem. Baheula "Sri Nata".
17. Wiangrong, asalna "Wirang-rwang", hartina kasima, bingung, teu eling.



Salajengna Juragan