Selasa, 24 Januari 2012

Kasenian

Salah sahiji cabang kabudayaan teh nyaeta kasenian. Kasenian diwangun ku sababaraha dahan. Diantarana: 1. Seni rupa, 2. Seni gerak, 3. Seni sora, 4. Seni sastra  jeung 5. Seni drama.
meureun ceuk  basa asing mah: Plastic and painting art, dance, muze, belletrie jeung dramaturg.

Dahan anu lima eta rangrangna pirang-pirang. Dicokot anu galedena bae, upamana:

1. Seni rupa
Ngagambar, ngalukis, ngukir, nyungging, natah, ngareka, ngarengga, dspp
2. Seni gerak
Ngibing, menca, ngareog, banjet, benjang, lais, sodoran, dedewan, ujungan, dspp.
3. Seni sora
Diwangun ku du rangrang badag, nyaeta instrumental nu make rupa parabot jeung vokal nu ku sora jalma bae. Ieu rangrang rea deui regang-regangna, upamana bae anu mangrupa rampasan gamelan, rampasan dogdog, rampasan angklung, (rampasan lain "nu direbut" tapi ceuk basa deungeun mah "orkes") jeung rea deui. Kitu deui vokal, aya kawih, beluk, sasalawatan, ngalagam, jeung nembang. Ieu aya deui bubuk-bubuk laleutikna.

Cindekna, urusan seni sora rea unak-anikna.

4. Seni sastra
Anu tangtu bae rangrang badagna aya dua, nyaeta lancaran jeung ugeran.

5. Seni drama
Anu baradagna wae, upamana sandiwara, wayang jeung film. (kabehdieunakeun, film mah aya nu menta dianggap seni anu mandiri (autonom) henteu diabuskeun kana golongan seni drama).

Jadi tetela, yen upama kakara bisa ngibing leyepan mah acan beunang disebut geus "bisa" kabudayan, malah acan juru-juruna acan. Tina kasenian oge, karek sacongo tina rangrang.

Ti antara kasenian tea, aya dua rupa anu perlu ditengetkeun nyaeta mindocipta jeung janget.

Nu disebut mindocipta, nyaeta seni anu diwujudkeunana kudu geus aya seni asli. Upamana bae sandiwara, seni sorana jeung wayang atawa film.

Biasana aya sandiwara, wayang atawa film teh, kudu aya heula lalakonna. Tah eta wujudna lalakon pikeun sandiwara, wayang atawa film teh kudu aya heula hasil seni sastra. Ari pikeun seni sora, kudu aya heula sanggian atawa serat kanayagan, malah pikeun kawih atawa tembang mah kudu aya heula wawangsalanana atawa guguritanana.

Beda deui jeung upamana ngagambar. Eta mah tret harita, wujud harita, henuteu dipindo tina kasenian lian. Kitu deui upama ngarang. Ieu oge henteu dipindo tina hasil kasenian lain.

Ari janget hartina pamageuh, anu patali-tali atawa cangreud anu ngahijikeun, nepika sawatara hal ngahiji. Tur ngahijina atawa gumulungna tea make boga harti pribadi.

Dina tatanen aya istilah "tambang janget", nyaeta tambang anu dijieuna tina tilu batekan kulit munding, dikalabang (lain dirara). Dina sarsilah, aya istilah "janget kinatelon", upamana, ibuna ahli basa, ramana ahli sastra, putrana bujangga moyan., atawa ibu-ramana jadi guru, putrana oge jadi guru.

Tah janget eta anu dipake istilah "basa janget" di dieu oge.

Dina basa asingna, basa janget teh "plastische taal" (basa platik), anu ngagem tilu rupa sipat nyaeta: 1. tetela maksudna, 2. teleb karasana jeung 3. Alus iketanana. (Dina elmu alam oge apan aya nu disebut "plastik" teh, sawatara bahan anu beda-beda, tuluy disanyawakeun sarta dina geus gumulung tunggal, boga ngaran pribadi, upamana, "beling").

Basa janget henteu misti basa pakeman (cliche taal) anu turun tumurun ti aki, ka bapa, ka anak, ka incu, tapi bisa jadi hasil dadakan tur modern, upamana:

1. Magar film rame, nu puguh mah rametek
2. Sepakan geledeg Witarsa teu katadah, kiper Golgijov kapaksa newak angin.
3. Ari gek, ari geleser, mun seug tinggaleun teh , leuh!
4. Rek milu hayu, rek moal, kuma dinya.

Eta conto-conto kalimah di luhur, nya eces hartina (babari kapaham maksudna), nya anteb karasana, nya alus iketanana.

Dina kalangan kesenian aya istilah seniplastik (plastische Kunst).

Contona arca. Arca pribadi ngabogaan harti mandiri. Tapi jaba ti boga harti sorangan teh aya deui hartikeunana, upamana bae dina harti agama, dina harti kaendahan, dina harti perlambang, jeung boga harti kasenian husus. Eta sababaraha harti anu bisa gumulung dina harti tunggal, urang sebut "Jangget".



(Dicutat tina Kandaga; M.A. Salmun)





Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa