Jumat, 24 Februari 2012

Pujieun

Buuk musuhna geus dijenggut ku leungeunna anu kenca.Leungeunna nu katuhu ngabar-ngabar pedang tuturunan, mani ramping sukeut herang teu aya pisan karaha, bubuhan hade piara; gurilap-gurilap matak silo anu nempo, da katojo ku cahaya panon poe.

Kumaha papayanana, moal rek kapicatur.

Jeung duka nu mana nu bener, duka nu mana nu salah.................................
Gusti Allah......Nu Maha Uninga.
Carek nu ngabar-ngabar pedang; "Hayoh, ayeuna geus aya di nu suni, kari paduduan. Mun tetep anjeun hamo daek biluk kana  komplotan kuring, jadi balad kuring, tinangtu ayeuna pisan anjeun dipaehan ku kuring. Pok geura cacarita, bisi aya keneh kapanasaran."

Musuhna ngawalon, tapi tetep dina teger:"Moal.........tetep kuring moal rek biluk ka anjeun. Kuring moal rek lanca-linci luncat-mulang. Leuwih suka paragat beuheung, disampurnakeun ku anjeun di dieu, ti batan kudu jadi sakomplotan jeung anjeun. Ngan samemeh sah ti dunya teh, aya pamenta heula, kieu geura: Tuh teu jauh ti dieu aya tangkal kalapa. Kuring pangalakeun heula duwegan. Terus pangupaskeun, sakalian liangan, ngarah kuring kari rot, nginum caina.

Lamun cai duwegan tea geus beak diinum ku kuring, pek geura tigas beuheung kuring, da geus teu aya kapanasaran deui."

Pedang nu geus diamang-amang, kalawan hate rido jeung teu aya pisan sangka goreng, sup diasupkeun kana sarangkana; dig-dig lumpat, terekel naek....................ngala duwegan tea.

Sakumaha pamenta musuhna ditedunan.

Barang duwegan geus dikupas, batokna geus diliangan song diasongkeun ka musuhna. Serepet pedang pusakana dicabut deui. Nu rek nginum geus diungkulan deui ku pedang seukeut.

"Ke, ke" ceuk musuhna, ari ka nu rek dipaehan mah kudu gede tinimbangan; ieu ieu liangna leutik teuing, caina  kana tangtu hese bijilna jeung matak hese notorna deuih. Cing eta pedang teh nambut heula sakedap; ulah make lebar-lebar rek dipake ieu ngagedean liangna, ngarah notorna gampang jeung cai kalapana tereh beak ku kuring diinumna."

Sihoreng..............bet dipake meulah duwegan, sakali gebrah atuh caina oge lapur, teu kapuluk, beak ku nyerep kana taneuh. Pedang teh geuwat direbut tina leungeun musuhna; buuk musuhna mimiti deui digugunyeng, terus pedang teh diheumbatkeun.

"Engke heula," carek musuhna. "Ulah gurung-gusuh.Jigana anjeun geus poho kana kayid kuring tadi. Pan kuring teh teu nginum cai duwegan sakeclak-keclak acan. Kumaha rek bisana anjeun maehan kuring."

Dasar........Satria......geuwat ngaku kana kasalahanana, bari pokna nyarita: "rumasa kuring kaburu ku napsu, hampura we. Memang ajeung jelema pelit," bari sup pedang teh diasupkeun kana tempatna.

Bari rek indit nyarita sorangan: "Can aya widi ti Pangeran."

Si musuh ana gabrug teh ngarangkulan, bari pok cacarita:"Aduh, Satria, anjeun teh geuning manusa pinilih, estu hese bangsana. Kuring kabita ku ageman anjeun. Ayeuna kuring rek gilig rek biluk jadi balad anjeun, sumeja bela tumutur, lahir bathin..............."




(tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)


Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa