Tampilkan postingan dengan label Drama/Gending Karesmen. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Drama/Gending Karesmen. Tampilkan semua postingan

Selasa, 06 Maret 2012

Jemblungan

Jemblungan asal kecapna tina jemblung nyaeta hiji wangun seni tradisional di Tatar Sunda, pangpangna di wewengkon Kabupaten Ciamis nu ngawates ka wewengkon Kabupaten Banyumas di Jawa Tengah. Tatabeuhanana dijieunna tina awi nu sorana niron kana sora gamelan, malah ngaran waditrana oge sarua jeung ngaran waditra gamelan.

Aya bedana, seni jemblung jeung seni jemblungan. Di wewengkon Banyumas (Jawa Tengah) nu ngawates ka Tatar Sunda. Nu disebut jemblungan teh nyaeta seni pintonan winangun guneman, dipirig ku sora baham  nu niron sora (lagu) tatabeuhan gamelan. Biasana dipintonkeun ku patugas-patugas panerangan di wewengkon-wewengkon nu mencil.

Di wewengkon Banyumas mah aya nu disebut wayang jemblung, nyaeta magelarkeun lalakon wayang. Cara nyaritana (antawacana) teu beda jeung antawacana wayang wong. Dariukna biasana ngariung satengah buleudan. Gerakna kawatesanan bari diuk, bisa oge bari deku atawa ngajungkung jeung pepeta.

Anu jadi ciri mandiri jemblungan nyaeta ayana unsur dalang, minangka nu ngajejeran runtuyan carita kaasup mere katerangan ngeunaan suasana jeung tempat kajadianana. Ari waditra pamirigna nyaeta kacapi (siter), kitu oge ngan pikeun mere pangkatan sora.Cara magelarkeunana teu beda ti nu maca wawacan (beluk), bisa dibiskalan (aya nu ngilona), tapi bisa oge guneman langsung bae. Ku lantaran carana bari dariuk saperti anu maca wawacan, atuh pikeun nembongkeun watek palaku teh cukup ku gerakna awak jeung ku pasemon wae, henteu kudu bari nangtung atawa leuleumpangan bisa heula nembangkeun rupa-rupana pupuh.

(tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar)



Salajengna Juragan

Kamis, 01 Maret 2012

Unsur Carita Drama

Carita drama , mibanda  unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu  husus, pangpangna dina plot sareng watek.

Wincikanana unsur drma teh nyaeta:
1. Tema (Bs. Inggris thema) nyaeta 'pikiran pokok', sarta jadi gambaran kana palsapah eusi naskah tea.
2. Amanat, nyaeta naon tujuan anu hayang dihontal ku nu ngarang eta naskah.
3. Plot, nyaeta susunan lalakon, sok disebat oge skenario. Ciri plot nyaeta ayana sabab akibat. Pikeun milari plot tina hiji carita nyaeta ku cara nanya: Ku naon, naha.
4). Watek atanapi karakter. Nu dimaksud di dieu nyaeta watekna para palaku drama, sanes watekna drama. Watek ti para palaku ieu pisan anu engkena ngawangun 'plot', diwujudkeunana dina peran palaku tea. Kapan sok aya nu naros: Peranna naon?watekna kumaha?
a. Watek protagonis, nyaeta watek anu diperankeun ku pamaen utama, nu boga lalakon.
b. Watek antagonis, nyaeta watek nu jadi pamaen utama. Ku ayana peran antagonis ieu pisan timbulna konflik anu jadi unsur plot.
c. Watek tritagonis, nyaeta peran pihak katilu, biasana pihak anu memeres kajadian.
d. Watek pangjangkep, nyaeta peran jelema sanesna anu diperlukeun pikeun ngarengsekeun carita.

Watek atanapi karakter nu aya di unggal 'pemeran' kedah eces pisan. Langkung-langkung upami kanggo tontoneun barudak.


(dicutat tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar; Drs. H. Hidayat Suryalaga)
Salajengna Juragan

Jumat, 24 Februari 2012

Wanda, Sipat, sareng Aliran Drama

Sapertos widang seni sanesna, drama oge mibanda wanda, sipat, sareng aliran nu rupi-rupi.

1. Wanda Drama
a. Wanda drama numutkeun basana aya wanda: lancaran (prosa), ugeran (puisi), tembang (lagu).
b. Wanda drama numutkeun cara atanapi tempat midangkeun: Drama panggung, drama arena, drama radio, drama TV, drama rekaman kaset.

2. Sipat Drama
Nu dimaksud sipat drama nyaeta kumaha unsur dramatikna, naha pikasediheun, pikabingaheun, pikalucueun. Sipat drama anu umum:
a. Komedi, nyaeta carita drama dipungkas ku kabingahan nu naronton ngaraos bungangang. Malah biasana sok pinuh ku adegan-adegan atanapi dialog nu pikalucueun.
b. Tragedi, nyaeta carita drama dipungkas ku pikasediheun.Biasana. Palaku utama (nu boga lalakon) ngarandapan kaayaan nu matak sedih, handeueul malah nepi ka maotna. Kajadian nu tumibana sok disebut kajadian tragis.
c. Tragikomedi, nyaeta kaayaan nu pikasediheun campur sareng nu pikabungaheun. Nu nongton teh sakapeung sedih sakapeung bungah. Ari tungtungna mah tiasa tragis, tiasa komedi.
d. Melodrama. Ieu mah pidangan drama nu suasana langkung seueur digambarkeun ku tatasora, dialogna mah saeutik.
e. Farse (farce). Drama nu sipatna lulucon wungkul, tingkah polah palakuna condong kana karikatural, tapi tetep aya plot carita sanajan langkung caket kana banyolan.

3. Aliran Drama
Sok aya nu nyebutkeun drama klasik, drama modern. Tah eta nu disebut aliran drama teh. Saleresna ieu teh gumantung kana palsapah sareng alam mana eta drama dipidamelna (digelarkeunana).

Aliran drama nu kawilang sering kadangu nyaeta:
a. Aliran klasik. Watek palakuna nu hade sarta nu goreng nembrak pisan. Nu hade kenging ganjaran, nu goreng kenging hukuman.
b. Aliran realis.Ngawitan tumuwuh dina abad 19. Kacida dumasarna kana kanyataan anu karandapan sadidinten.
c. Aliran simbolis. Pagelaranana teh langkung seueur kana hal nu mangrupi silib,sindir, siloka sareng sasmita (5S)
d. Aliran absur (absurd), nyaeta pintonan anu mahiwal, benten tina kailaharan.





(Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar)
Salajengna Juragan

Drama jeung rupa-rupa Istilah Sejenna

Pintonan anu dipintonkeun di pentas (panggung) sok aya nu disebut drama, sandiwara, tunil atanapi teater. Saleresna dina hakekatna mah sami bae, nyaeta aya tontoneun sareng aya nu nongton. Bentenna teh nyaeta: 

1. Drama, asal tina kecap Dram (Bs. Yunani), hartosna gerak, atanapi kajadian . Tapi ayeuna mah ngeser hartosna teh nyaeta carita wangun guneman (dialog) anu dipintonkeun di pentas. Hartos pentas oge aya anu ngalegaan, tiasa ngandung hartos: panggung, arena, radio, TV atanapi rekaman kaset.

2. Sandiwara, asal kecap tina sandhi (Bs. Jawa), hartosna rusiah/teu nabrak; warah, hartosna atikan/pangwarah. Ku kituna, udaganana teh nyoko kana carita nu ngandung atikan ka nu nongtonna.

3. Tunil, ieu mah tina basa Walanda. Toneel. hartosna nyaeta pintonan.

4. Komidi, baheula mah sok disebatna teh Komidi Istambul, dumeh nu dilalakonkeunana biasana carita ti Istambul (Turki) atana[i di daerah Timur Tengah. Ku margi nu narongtonna jaman baheula mah paramenak, atuh sok disebut oge komidi bangsawan.

5. Teater, asal kecapna tina theatron (Bs. Yunani), hartosna nyaeta:
- Jelema anu nongton hiji pintonan atanapi jelema-jelema anu magelarkeun tongtonan.
- Gedong atanapi tempat anu dianggo pagelaran
- Wangun karangan carita anu dipagelarkeun
- Sugrining nu aya tumalina sareng pagelaran.
Istilah teater anyar keneh lebetna kana kandaga kecap Sunda sarta langkung ngandung hartos "kelompok" atanapi organisasi anu ngahususkeun garapanana kana pagelaran di pentas. Upamina bae Teater Sunda Kiwari, Teater Paguyuban Mahasiswa Sunda.

6. Opera, ieu mah ngandung hartos pintonan anu dialogna winangun tembang. Upami numutkeun kaayaan lalakonna, aya tilu rupi:
- Drama Opera Seria, upami lalakonna sedih.
- Drama Opera Bufo, upami lalakonna lucu,
- Drama Opera Komik, upami lalakonna husus lulucon
  Opera anu pondok disebatna Operette.

7. Tablo (tableau), nyaeta drama anu henteu ngagunakeun dialog tur teu pati seueur gerak. Nu dipentikeunana nyaeta suasana, sanes watekna.

8. Pantomim (pantomime), ieu mah drama nu teu ngagunakeun dialog, nanging suasana carita sareng watek palakuna digambarkeun ku gerakna awak (gestur) sareng ku gerakna babagian awak (kinesik).

9. Sendratari, wancahna tina seni-drama-tari, nyaeta drama teu ngagunakeun dialog, nanging ngungkabkeun carita teh ku tari.

10. Dramaswara, ieu mah drama anu dialogna winangun kawih, silihtempas antara dua atawa tilu kelompok. Upamana bae dramaswara "Pahlawan Samudra" karya Mang Koko. Pintonan gondang oge kalebet dramaswara.

11. Gending karesmen, ieu mah istilah husus di Tatar Sunda nyaeta drama anu dialogna ditembangkeun (dikawihkeun) dipirig karawitan. Istilah nu saharti sareng gending karesmen nyaeta:
- Taman Karesmen, upami dipidangkeunana di pakarangan, taman, ngareuah-reuah peata kebon.
- Setra karesmen, wancahna tina sekar-waditra karesmian. Ieu mah upami pagelaran teh dipirigna ku waditra Tembang Sunda sarta winangun Tembang Sunda (Cianjuran).

12. Purnadrama, purna hartosna lengkep. Janten, drama anu lenkep nyaeta aya dialog, tari, sajak, narasi, karawitan.

Cindekna, drama teh nyaeta pintonan anu ngandung carita nu dipidangkeun di pentas sarta ngahudang rasa, karsa, kaktut cipta nu narontonna.


(tina Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru Sakola Dasar; Drs. H. Hidayat Suryalaga)




Salajengna Juragan