1. Sajarah Basa Sunda
Basa Sunda anu nyampak ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang mangsa. Eta kamekaran teh ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda anu kapangaruhan ku suasana tempat jeung mangsa nu kasorang dina sajarah kahirupan urang Sunda. Kamekaran basa Sunda sajalan jeung kamekaran kabudayaan Sunda umumna. Ari sababna, basa teh mibanda fungsi pikeun nyumponan sabagian tina pangabutuh anggota masarakat dina hirup kumbuhna. Basa teh cicireun bangsa. Budi parangi, carana mikir, pacabakan, angen-angen, jeung susunan masarakat hiji bangsa bisa kagambarkeun dina basana.
Kamekaran kabudayaan Sunda ditangtukeun ku pamanggih-pamanggih anu aya di jero masarakat Sunda sorangan jeung rupa-rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun. Bangsa Sunda geus ti bihari ngayakeun patali marga jeung bangsa lian. Ku kituna, tangtu bae bakal lumangsung kontak budaya antara budaya Sunda jeung budaya deungeun. Bangsa Sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama Hindu, budaya jeung agama Islam, pangaruh kabudayaan Jawa (Mataram), jeung pangaruh kabudayaan kulon. Eta pangaruh teh saterusna diolah nurutkeun kapribadian urang Sunda, dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan.
Urang Sunda teh minangka salah sahiji seler bangsa Indonesia, sakaruhun keneh jeung urang Ace, Batak, Minangkabaow, Jawa, Bali, jeung lian ti eta. malah jeung bangsa Filipina, Cina, Vietnam oge sakaruhun keneh, anu mibanda tanah asal ti Yunan (Hindia Tukang).Parindah jeung malencarna karuhun bangsa Indonesia ti wewengkon Yunan teh rebuan taun katukang. Aya sawatara alesan parindahna teh, diantaranawae: (1) ayana bahaya kalaparan, (2) ayana bahaya kasakit, (3) ayana bahaya alam, jeung (4) ayana kamungkinan dirurug ku musuh nu datangan ti beulah kulon jeung beh kaler.Ku lantaran bangsa Indonesia anu "Bhineka Tunggal Ika"asalnamha sakaruhun, atauh moal boa basana oge sadapuran. Nurutkeun Prof. H. Kern, kokocoran tina ieu huluwotan teh ngawengku daerah anu lega pisan, nyaeta ti kaler Pulo Taiwan, ti kulon pulo Paas/Ester, ti kidul Pulo Selandia Baru, jeung ti kulon Pulo Madagaskar. Basa-basa di ieu wewengkon teh disebutna bangsa Austronesia, anu ngawengku: (1) basa-basa Hesperanesia/Nusantara (nu aya di wewengkon Indonesia, Taiwan, jeung Filipina), jeung (2) basa-basa Oseania/Nusa Lautan (Polinesia, Melanesia jeung Mikronesia)
Salah sahiji bukti anu nuduhkeun yen basa-basa di Indonesia teh sasungapan keneh nyaeta loba pisan kecap-kecap anu sarua atawa meh sarua, upamana kecap lisung dina basa Sunda unina ( meh) sarua jeung basa-basa sejenna di Indonesia, saperti lisuh (Kawi), lesung (Jawa),lesong (Madura), lesung (Batak), lesung (Johor), lisong (Dayak), losong (Tagalok), jeung sajaba ti eta.
Dina garis badagna, galuring sajarah basa Sunda ti bihari nepi ka kiwari teh bisa diringkeskeun kieu:
(1) Sajarah basa Sunda mangsa I (samemeh taun 1600 M);
(2) Sajarah basa Sunda mangsa II (antara taun 1600-1800 M);
(3) Sajarah basa Sunda mangsa III (antara taun 1800-19000 M);
(4) Sajarah basa Sunda mangsa IV (antara taun 1900-1945 M);
(5) Sajarah basa Sunda Mangsa V (ti taun 1945 nepi ka ayeuna)
1.a. Sajarah Basa Sunda Mangsa I (Samemeh taun 1600)
Samemeh taun 1600 M, di urang geus ngadeg karajaan-karajaan saperti Salakanagara, Tarumanagara, Galuh, Sunda, Kawali jeung Pajajaran.
Karajaan Salakanagara ngadeg (kurang leuwih taun 130-362 M) di Pandeglang ayeuna. Rajana nu mimiti Prabu Darmalokapala Dewawarman Haji Raksagapurasagra, ari nu pamungkas Prabu Darmawirya Salakabuwana anu nyakrawati jeung Prameswarina Rani Spatikarnawarmandewi. Ieu katerangan teh kapanggihna tina naskah buhun Rajya-rajya i Bhuni Nusantara, Parwa V, Sargah 1, kaca 55 naskah Nagara Kretabhumi, anu disusun ku apingan Pangeran Wangsakerta Cirebon (Atja, 1984, 14).
Salakanagara rungkad disambung ku Tarumanagara (358-669). Rajana nu munggaran Jayasingawarman (minantu Dewawarman VIII), nu pamungkas Linggawarman. Dina mangsa ieu aya sawatara batu tulis nu ditulis dina basaSangsekerta, aksara Pallawa, minangka titinggal Purnawarman (raja Taruma III). Satuluyna timbul karajaan Galuh/Kendan (536-568). Rajana nu munggaranManikmaya (minantu Raja Taruma VII), ari nu pamungkas Linggabumi nu gugur di Bubat.
Galuh runtag, muncul Karajaan Sunda (669-1311). Rajana nu munggaran Tarusbawa (minantu Raja Taruma XII), ari nu pamungkas Citraganda. Perkara ratu Sunda aya katerangan tina prasasti Cibadak, Sukabumi, anu unina:
"ini sabdakalanda rakyan juru pangambat i kawihaji panca pasagi marsandeca barpulihkan haji Sunda"
Eusina netelakeun yen Sri Jayabupati nu nyakrawati sabudeur jagat kawentar jadi raja Sunda.
Puseur dayeuh Karajaan Sunda teh pindah ka Kawali (1311-1482). Rajana nu mungkaran Linggdewata, nu pamungkas Ningrat Kancana (Dewa Niskala). Raja nu kawentar mangsa Kawali nyaeta Niskala Wastu Kancana anu ninggalkeun prasasti Astana Gede anu unina:
"Nihan tapa Kawali nu sanghyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayuna kadatuan sura wisesanu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya dina buana"
Hartina:
"Ieu nu tapa di Kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa, Gusti nu bagja, Raja Wastu, nu ngereh di kota Kawali, nu parantos mapaes karaton Sura Wisesa, nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat" (Atmamiharja, 1958:54)
Sabada Sri Baduga Maharaja naek tahta, puseur dayeuh pindah ka Bogor, sarta ganti ngaran jadi Karajaan Pajajaran (1482-1579). Ari rajana nu pamungkas Ragamulya Sryakancana. Basa nu dinukaeun ti mimiti Salakanagara nepika Karajaan Pajajaran nyaeta Basa Sunda jeung aksarana aksara Sunda. Basa Sunda alam harita geus dipake dina widang kanagaraan, kaagamaan, kasenian, jeung kahirupan sapopoe.
Tumali jeung kaagamaan, loba kitab suci anu ditulis dina Basa Sunda, saperti: Darmasikas, Siksakandang Karesian, Pasukpata, Kadenaan, Mahaprawita, Siksaguru, Dasasila,Pancasiksa. Gurutalapakan, Jagaturpradesa, Jadusakti, Tetebuana, Tateajayana, jeung sajabana ti eta. Urang Sunda alam harita geus kawilang maju, geus wanoh kana budaya lian, malah di masarakat Sunda geus aya juru basa (ahli basa), saperti anu ditetelakeun dina Siksakandang Karesian anu unina kieu (Atja, 1981:43):
" Hayang kenal basa Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Padang, Palembang, Siem, Kalaten, Bangka, Buwun, Beten, Tulang Bawang, Sela Pasai, Parayanan, Dinah, Andalas, Pego, Mulangkebo, Mekah, Palawa, Sasak, Sembawa, Balii, Jengge, Sabino, Ogan, Komoring, Simpangtiga, Gunangtung, Manubi, Bubu, Nyiri, Sapari, Patungan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Sereng, Gedah, Selat, Salondong Indragiri, Tanjungpura, Baluk, Jawa, tanyakeun ka juru basa Darmamurcaya"
Dina widang kasusastraan, urang Sunda wanoh kana carita-carita: Kunjarakarna, Babak Catra, Ciung Wanara, Prabu Siliwangi. Carita Ratu Pakuan, Carita Parahiyangan, jeung sajabana.Geura titenan ieu cutatan tina carita Ratu Pakuan (Atja, 1970:31,35):
“Ini carita ratu pakuan, ti gunung kubang, guru giri maya seda, patan pwahaci mangbang siyang, nitis ka rucita wangi, ahis tuhan jayasasi, seuweu pahtih sang utus sangi,.............hana caraka datasawala pada jayanya magabatanga, sadu pun sugan aya sastra leuwih, suda baan kurang wuwuhan, beunang diajar nulis, gunung larang sri mangata.”
Conto sejenna cutatan tina Carita Parahiyangan (Atja. 1981:1)
“Ndeh nihan carita parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuda Rajaputra. Raja miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan.”
1.b. Sajarah Bangsa Sunda Mangsa II (1600-1800)
Pajajaran runtag taun 1579, dirurug ku balad Islam ti Banten. Asupna agama Islam mah bisa jadi geus ti taun 1519 keneh, nyaeta ti saprak Palabuhan Banten kajojo ku sudagar-sudagar Islam (sabada Malaka ragrag ka Portugis taun 1511). Harita daerah Pajajaran nungtut ragrag ka balad Islam, saperti, Banten Girang (1526), Sunda Kalapa jeung Cirebon (1552-1813). Saterusna muncul karajaan sejen, saperti, Mataram (1559), Ukur (1624), Cianjur jeung Cirebon (1619), katut Sumedanglarang (1620)
Basa Sunda mangsa ieu dipake dina kahirupan masarakat, tapi kandaga kecapna loba kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa. Basa Arab hirup di lingkungan pasantren, basa Jawa hirup di lingkungan sakola-sakola jeung padaleman, ari basa Sunda diparake dina kahirupan masarakat padesan. Masarakat Sunda mangsa ieu loba kapangaruhan ku Jawa nepi ka basana oge kapangaruhan, saperti asupna undak usuk basa kana Basa Sunda. Masarakat padesan terus ihtiar pikeun nyaluyukeun kana basa Jawa anu diparake di sakola-sakola padaleman, sabab lamun henteu kitu, bakal disebut “teu nyakola”. Ku kituna, teu matak aneh lamun basa Sunda mangsa ieu loba pacampur jeung basa Jawa. Pangaruh basa Jawa kana basa Sunda teh kungsi dibuktikeun ku Coolsma ku jalan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung kecap 400 kecap kasar eta dua basa.Coolsma manggihan 300 kecap lemes jeung kecap kasar basa Sunda anu asalna tina basa Jawa, tapi dipakena dipacorokeun. Contona, kecap-kecap abot, impen, anom, bobot, sasih, lali, pungkur, nu dina basa Sunda mah lemes, dina basa Jawa mah kaasup kasar, kecap-kecap beja, bulan, datang, pindah, suku, numpak, nu dina basa Sunda kasar, dina basa Jawa mah lemes. Hasil panaluntikan coolsma teh mangrupa hiji bukti yen undak usuk basa Sunda mangrupa pangaruh tina basa Jawa.Urang Sunda samemeh kapangaruhan ku Jawa henteu wanoheun jeung undak usuk basa. Hal ieu kapanggih dina carita Parahiyangan anu ditulis dina abad 16. Dina eta carita aya obrolan antara patih jeung rajana. Ari basa anu diparakena sarua, nyaeta “basa kasar” anu unina kieu (Atja, 1980:20-21):
“Sadatang Sang Apatih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru, “Na, naha beja siya Sang Apatih?”.....”Pun, kami dititah ku Rahiyangta Sanjaya menta piparentaheun, adi Rahiyang Purbasora, henteu dibikeun ku Batara Dangiang Guru”
Tina cutatan di luhur ebreh yen Sunda samemeh kapangaruhan ku basa Jawa mah henteu mikawanoh undak usuk basa.
Bukti sejenna bakal kapanggih dina karya sastra anu gelar mangsa harita. Karya sastra mangsa ieu loba anu ditulis ku aksara Pegon jeung aksara Sunda, ari basana campur jeung basa Jawa katut Arab. Eusi caritana sabagian gede mangrupa ajaran agama, sajarah, legenda jeung mite, contona: Carita Waruga Guru, anu ditulis kira-kira taun 1705. Ieu carita winangun dangding,ditulis dina aksara Sunda. Pangaruh Islam ebreh dina nyaritakeun sarsilah para nabi. Eusi carita sejenna mah natrat tradisi sastra samemehna. Carita-carita sejenna anu gelar mangsa ieu upamana bae, Babad Galuh (Carita wiwitan Raja-raja di Pulo Jawa), Sajarah Gunung Galuh jeung Galunggung, Carita Nyi Lokatmala.
Kabudayaan Sunda mangsa ieungandung kapercayaan anu didadasaran ku kaimanan Islam, tapi pacampur jeung kapercayaan anu geus aya. Sipatna religius, magis, jeung dinamis, karya sastra lolobana dianggit winangun dangding (pupuh).
1.c. Sajarah Sunda Mangsa III ( Tahun 1800-1900)
Ti taun 1800 bangsa urang ngalaman rupa-rupa pangjajah. Taun 1799-1807 diparentah ku Bataafsche Company. Ragrag deui ka Walanda taun 1816. Sapanjang gunta-ganti pamarentahan teh, nyorang gunta-ganti aturan deuih, anu hasilna mah ngan nambahan kasangsaraan bangsa urang bae. Kakara dina taun 1871 eta kakawasaan teh ngurangan sabada pararegen (bupati) diangkat jadi amtenar (pagawe nagri).
Kontak antara masarakat Sunda jeung Eropa anu ngaliwatan para bupati jeung para pagawe Walanda gede pisan pangaruhna kana kamekaran basa Sunda.Malah beuki dieu beuki remen ngaliwatan sakola-sakola, anu nepi ka taun 1879 di Jawa Barat aya 64 sakola. Rarancang pangajaranana diantarana wae ngawengku, maca, nulis, paramasatra Sunda, Jawa jeung Malayu.
Mangsa ieu mangrupa awal parobahan kalangan masarakat Sunda. Basa Sunda, anu ratusan taun babarengan jeung basa Jawa, mimiti dipake deui dina basa tulisan. Loba buku anu ditulis dina basa Sunda make aksara Laten. Parobahan sarupa kieu teh ngabalukarkeun robahna kahirupan masarakat Sunda, kamekaran basa Sunda, jeung elmu pangaweruh sejenna. Ku sabab bangsa Walanda ngawajibkeun make basa Malayu, atuh masarakat Sunda oge, jaba ti make basa Sunda teh, make basa Malayu deuih minagka lingua francana (Depdikbud, 1982:22).
Dina mangsa ieu basa Sunda teh mimiti meunang perhatian, pangpangna ti bangsa deungeun pikeun kaperluan studina. Upamana wae Raffles dina bukuna History of Java, geus nyieun perelean kecap-kecap Sunda. Urang Sunda oge henteu tinggaleun nyusun kamus, saperti anu dilaksanakeun, ku Dalem Pancaniti jeung Rd. Kartawinata. Sangkan ebreh kumaha kamekaran kamus Sunda, runtuyanana sacara kronologis bisa dititenan ieu di handap:
Soendasch Woordenboek (Roorda, 1841)
Nederduitsch Maleisch en Soendasch Woordenboek (Wilde, 1841)
Lexicon een woordenboek in Manuscript (Dalem Pancaniti, 1843-1864)
A dictionary of the Sunda Language (Rigg, 1862)
Soendaneesch Leesboek (Grahuis, 1874)
Holandsch-Soendasch Woordenboek (Blusse, 1877)
Soendaneesch-Holandsch Woordenboek (Geerdink, 1875)
Soendasch-Nederduitsch Woordenboek (Oosting, 1879)
Supplement op het Soendasch-Nederduitsch Woordenboek (Oosting, 1882)
Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (Coolsma, 1884)
Formulieren in gebruik bij afsterven en het begreven in de desa Bengang, afdeeling Soemedang (Kartawinata, 1889)
Bijdrage tot de kennis van het Bantensch dialect der Soendaneesche taal (Meijer, 1890)
Soendasch Woordenboek (Geerdink, 1893)
Woordenliste der Soendaneesche Hollandsch-Soendaneesche (Brons Middel, 1899)
Soendaneesch-Hollandsch Woordenlijstje (Brons Middel, 1903)
Ayana eta kamus-kamus teh netelakeun yen basa Sunda mangsa ieu diparake ku masarakat Sunda. Malah basa Sunda teh miboga dialek-dialek saperti anu diebrehkeun ku Meijer.
Tumali jeung karya sastra anu gelar dina mangsa ieu, para panulis leuwih museur kana karya sastra sajarah, upamana wae, Sajarah Bogor, Babad Galuh Imbanagara, Babad Panjalu, Carios Prabu Kancana, Sajarah Cikandul jeung lian ti eta. Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa wawacan, saperti, wawacan Samaun, Babad Cirebon, Panji Wulung, jste. Sastra anu gelar mangsa ieu teh loba kapangaruhan ku Arab jeung Jawa. Wangunna mangrupa babad, guguritan, jeung sa’ir.
1.d. Sajarah Basa Sunda Mangsa IV (Tahun 1900-1945)
Dina mangsa ieu Walanda (nu ngajajah Indonesia) mimiti ngayakeun pulitik etis ngaliwatan pangajaran. Ieu teh sabenerna mangrupa tradisi samemehna anu diteruskeun. Dibuka rupa-rupa sakola saperti Sakola Dokter, Sakola Guru, Sakola Menak jeung OSVIA. Keur rahayat oge dibuka Sakola Kelas I jeung Sakola Kelas II, malah dina taun 1907 dibuka Sakola Desa anu waragadna sagemblengna ditangkes ku desa.
Mangsa ieu muncul rupa-rupa gerakan nasional pikeun ngalawan penjajah. Mimitina keur ngalawan Walanda, terus ngalawan Jepang, nepika Indonesia merdika taun 1945. Basa Sunda terus digunakeun, tapi kulantaran Jepang teh musuh Walanda, urang Sunda nu marake basa Sunda campur Walanda teh diwajibkeun make basa Malayu.
Karya sastra anu gelar teh kawilang loba, boh nu mangrupa terusna tradisi samemehna, boh nu mangrupa wangunan anyar. Muncul rupa-rupa novel, saperti, Baruang kanu ngarora (Ardiwinata), Agan Permas (Yuhana, 1926), Siti Rayati (Muh. Sanusi 1927), Rasih nu Goreng Patut (Yuhana, 1926), Mantri Jero (R. Memed Sastrahadipura, 1928), jste. Muncul deuih rupa-rupa sandiwara, saperti, Lutung Kasarung, Sekar Pakuan jeung lian ti eta. Tradisi samemehna oge terus gumelar, saperti wawacan jeung guguritan, sarta ahirna muncul wangunan anyar, nyaeta carita pondok.
Parapanalungtik basa Sunda beuki loba, boh urang Sunda sorangan, boh urang deungeun. Umpamana wae, aya buku Elmoening Basa Soenda (D.K. Ardiwinata, 1916), Soendaneesche Spraakkunst (Goolsma, 1904, anu ditarjamahkeun ku Husein Widjajakusunah jeung Yus Rusyana, Tata Basa Sunda, 1985), Panjoengsi Basa (Soeria di Raja), Spraakkunst en Taaleigen van het Soendasch (J. Kats, 1927, anu ditarjamahkeun Ayatrohaedi Tata Bahasa jeung Ungkapan Bahasa Sunda, 1982).
Kamus-kamus oge terus muncul, saperti, Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (Coolsma, 1913), Kamus Sunda-Malayu, Kamus Sunda-Indonesia, Kamus Indonesia-Sunda (Satjadibrata, 1913-1970), dina Poesaka Soenda (1926-1927) dikumpulkeun rupa-rupa dialek saperti dialek, Bogor, Bungbulang, Cilacap, Cirebon, Jatiwangi, Karawang, Kuningan, Lurugung, Menes, Sumedang, jeung lian ti eta.
Nepi ka datangna Jepang (Perang Dunya II), basa Sunda terus dipake dina widang atikan jeung kabudayaan. Jadi, mangsa ieu urang Sunda geus meunang pangaruh atikan, pangajaran jeung kabudayaan Kulon. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab Jawa, Malayu jeung Walanada.
Dina Mangsa ieu geus mimiti medal pustaka mangsa, kayaning, Papaes nonoman (1915), Pasoendan (1917), Padjadjaran (1918), Siliwangi (1918), Poesaka Soenda (1923), Sipatahoenan (1923), jeung Parahyangan.
1.e. Sajarah Basa Sunda Mangsa V (Taun 1945-ayeuna)
Basa Sunda sabada Perang Dunya ka II dipake dina kahirupan sapopoe, dina kalawarta, rupa-rupa kasenian, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Ku datangna Jepang ka wewengkon Priangan, harita masarak at Sunda dikudukeun make basa Malayu (Indonesia) nepika parentah, bewara resmi jeung lian ti eta make basa Indonesia. Mangsa ieu basa Sunda terus kontak jeung basa Indonesia.
Ti taun 1950 mimiti lahir rupa-rupa kalawarta kayaning Lingga (1950), Medan Bahasa Sunda (1950), Warga (1950), Sunda (1952), Sawawa (1945), Siliwangi (1956), Kiwari (1957), Mangle (1957), Sari Wangsit (1963), Panglajang, pelet, Handjuang, Pitaloka, Gondewa, Balebat, Baranangsiang, Giwangkara, Galura, Kania, Katumbiri, Cakakak jeung lian ti eta. Di eta majalah bakal kasaksen kumaha kahirupan kabudayaan, basa jeung sastra Sunda.
Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa buku, kamus, sarta hasil panalungtikan, upamana, Pamelaran Basa (Adwidjaja jeung Sumapradja), Adegan Basa Sunda (Adiwidjaja, 1951), Kamus-kamus karya Satjadibrata, Kamus Sunda-Indonesia (1946), Kamus Basa Sunda (1948), Kamus Leutik Indonesia-Sunda jeung Sunda-Indonesia (1952), Seri Kandaga (Bacaan,Tatabasa, Tatakalimah, Bahan Pangajaran, Kasusatraan) Karya M.A. Salmun, R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna, Tatabasa Sunda (Djajasudarma, 1980), Tatabasa Sunda (Faturohman, 1982), Panggelar Basa (Prawirasumantri spk., 1984), Pedaran Basa Sunda (Sudaryat, 1985), Gapura Basa (Suryalaga spk., 1987), Piwulang Basa (Faturohman spk.,1988), Mitra Basa (Yus Rusyana, 1985) jeung lian ti eta.
2. Kalungguhan jeung Fungsi Basa Sunda
Kalunggugan basa Sunda teh nya eta status relatif bas Sunda salaku sistem lambang ajen-inajen budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh basa Sunda dumasar kana ajen-inajen masarakat Sunda.
Nepi ka taun 1600 Masehi, kalungguhan basa Sunda teh mangrupa basa nagara di Karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda jeung Pajajaran. Patali jeng kalungguhan jadi basa nagara, basa Sunda alam harita mibanda fungsi jadi, (1) basa resmi nagara, (2) basa resmi dina ngalaksankeun pangwangunan jeung pamarentahan, (3) basa nu dipake miara jeung mekarkeun budaya alam harita, jeung (4) basa panganteur (resmi) di paguron-paguron alam harita.
Ti taun 1600 nepi ka taun 1800 masehi, kalungguhan basa Sunda aya dina mangsa peralihan tina basa nagara jadi daerah anu dipake di wewengkon-wewengkon anu tangtu, saperti, Priangan, Banten, Sundakalapa, Tanah Ukur, Sukupura, jste. Dina awal kamekaranana jadi basa daerah, basa Sunda loba narima pangaruh tina basa Arab, Jawa, Sansekerta, Walanda jeung Malayu. Kadieukeuna, basa Sunda loba narima pangaruh tina basa Indonesia jeung basa deungeun, pangpangna tina basa Inggris.
Kiwari basa Sunda teh miboga kalungguhan jadi basa daerah. Ieu luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36 yen wewengkon-wewngkon anu mibanda keneh basa daerah, saperti Sunda, Jawa, Bali jeung Madura, anu dipiara jeung diajenan ku nagara. Ari sababna, eta basa-basa teh mangrupa salah sahiji unsur kabudayaan nasional.
(Kamekaran, Adegan jeung Kandaga Kecap Basa Sunda, Drs. H. Abud Prawirasumantri, Spk, )
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa