Sabtu, 23 Juli 2011

Caturangga


Caturangga, nyaeta pakeman atawa pangaweruh, anu netelakeun tanda-tanda (perwatekan) kuda, hade henteuna pikeun diingu. Geura titenan ieu di handap.
  1. Buaya ngangsar; aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang, watekna goreng lamun dibawa meuntas di cai nu deet.
  2. Satria pinayungan (tinayungan); aya kukulinciran dina tonggong lebah handapeun sela beulah katuhu. Watekna hade, matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  3. Sekar panggung; bulu sukuna ti handap nepika tuurna bodas. Watekna hade, mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
  4. Sumur bandung; aya kukulinciran dina tarang. Watekna hade matak loba rejaki.
  5. Tumpur ludes; aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup . Watekna goreng matak mawa sangsara kanu boga.
  6. Turub layuan; aya kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup. Watekna kurang hade, matak pikasieuneun.
  7. Wisnu murti; buluna hideung meles. watekna hade, mawa bagja kanu boga.

(Nyutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

4 komentar: