Sabtu, 23 Juli 2011

Panyaraman Kalakuan Kurang Hade

make a gif



Ulah heheotan bisi leungitan beas/uyah.
Ulah heheotan tipeuting bisi disampeurkeun urang leuweung.
Ulah diitung ranggap bisi kotokeun.
Ulah ngawur-ngawur uyah bisi nyeri tuur.
Ulah lalanggiran bisi paeh indung.
Ulah diuk dina nyiru bisi sakalor.
Ulah nyiduh sisi hawu bisi loba anak.
Ulah ngiihan ruhak bisi nyeri kiih.
Ulah diuk dina meja bisi loba hutang.
Ulah ngeusian cai pinuh teuing teuing bisi kawiwirangan.
Ulah dahar pipindahan bisi boga salaki loba.
Ulah diangir sore-sore bisi maot di pangumbaraan.
Ulah ka cai magrib bisi katerap panyakit.
Ulah nyengseurikeun hitut bisi ompong.
Ulah ngadiukan bantal bisi bisul.
Ulah ngadahar cau sisina bisi kasingsal.
Ulah dahar dina piring kohok bisi jadi cacah kuricakan.
Ulah nyebut "apu" lamun meuli apu ti peuting, bisi matak tutung kana letah/biwir (lamun apuna dipake nyepah peuting kudu nyebut tai manuk).


(Tina Peperenian,  Drs. Ahmad Hadi. Spk.)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa