Kamis, 02 Juni 2011

Sawer Orok

How to make a gif
Astagpirullah hal'adim,
astagpirullah hal'adim,
astagpirullah hal'adim,
astagpirullah hal'adim,


Apa numpang hudang rasa,
Nur bakal jadi cahaya,
cahaya bakal manusa,
manusa wawadah Allah.


Allah di gaibul guyub,
awor Allah jeung Muhammad,
Muhammad tunggal cahaya,
cahaya bakal manusa.


Waktu utun dititihan,
samemeh nitih ka rama,
rama keur di alam gaib,
ngaran utun teh Datullah.


Sanggeus ngalih ka aherat,
gantina jadi Datullah,
sanggeus ngalih ka Muhammad,
ngaran utun teh Sirullah.


Sanggeusna teh ngalih deui,
kana tempat kani'matan,
tegesna tempatna nu samar,
merenah teh rama keneh.


Malah utun dingaranan,
katelahkeunnu ti kadim,
pangjadi pancering hurip,
lawasna teh tujuh poe.


Awor kaulaning Gusti,
campur kalawan si biang,
bakal ti rama nu medal,
campur jeung bakal ti biang.


Gumulung dina nur tea,
nya eta badan rohani,
merenah di bumi inji,
dingaranan Insan Kamil.


Utun enggeus meunang tempat,
nu katelah kani'matan,
cupu manik astagina,
waktu keur nitih ka biang.


Sabulan eukeur ngaherang,
dua bulan keur ngalenggang,
tilu bulan keur gumulung,
Muhammad tumampa ngaran.


Ari pingaraneunana,
di antara nu sabulan,
katelahna eta gaib,
gaib pastining Yang Widi.


Tilu bulan keur gumeter,
dina jero wewetengan,
opat bulan dina usik,
lima bulan tumpak bali.


genep bulan geus mangrupa,
katujuh mangusik putih,
dalapan ngaruang-ruang,
geus nitih dina sajati.


Salapan bulan nyukupan,
henteu salah dingaranan,
dat sipat mujijat cahaya,
jabang bayi keur lumenggang.


Geus nitih dina ajali,
kasebat dina laksana,
marga tumpak kana baga,
bakal gumelar ka dunya.




Nitih bali nincak jati,
geus nepi kana ugana,
ngagubrag utun ka dunya,
nelah Sang Ratu Guyubud Putih.


Dijaring ku indung peuting,
dilanglang ku indung beurang,
rabul anu narareang,
tatana hayangeun terang.


Teu petot katatamuan,
geus puguh dikawargian,
marawa parejekian,
nyumbang geusan kaperluan.


Ayeuna teh geus waktuna,
geus ninggang patokanana,
anu kumaha umumna,
jangkep kaopat puluhna.


Utun urang pelesiran,
ka Ma Paraji diemban,
diiring ka umuman,
ilahar kabiasaan.


Ngalongok ka rerencangan,
waktu dina wewetengan,
tumerasna pipisahan,
moal deui babarengan.


Utun anu teras gelar,
muga bae masing janglar,
ginanjar rahmat jembar,
geusan nempuh keur panalar.


Susul rejeki ti kadim,
ala bagjaning ti kudrat,
ulah suda masing toat,
neda ginajar sapaat.


Tuh nu itu di kebon alas,
Utun teh ulah ngalunjak,
katambah dibanding payung,
sing arasih ngarariung.


Payung tilu nu ti ibu,
watekna mawa rahayu,
payung opat nu ti rama,
watekna unggah darajat.


Para wargi mungpung sumping,
malah-malah nu ti lamping,
ankaribung mawa samping,
teu tinggaleun bungkus emping.


Eta tanda milik enung,
mana ulah arek pundung,
teu burung sagala mungpung,
geus cape Apa nya manggung.




(Nyutat tina  Upacara Adat di Pasundan, R. Akip Prawira Soeganda)



Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa