Teu sirikna dibelaan tatapa, Pa Tarkimah teh,bakating ku hayang-hayangna boga anak lalaki.
Nya dikabul oge ku nu kawasa, ngan eta we,...........................................bet ku matak watir.......................lolong ti oorok.
Si Asju,.....................................kitu ngarana eta budak teh, kacida pisan morontodna, bangorna nataku, komo ogona mah hese tandingna.
Ambu Tarkimah sakapeung sok ngarasa teter, horeng kawalahan. Nya ari keuheul-keuheul teuing mah, kapaksa wedirangketan.
Babaturan Si Asju lain hiji-dua. Mindeng pisan Si Asju dipangdongengkeun. Ku kituna kanyahona teh beuki nambahan.
Sakapeung sok loba pisan kapanasaranana, make sok nanyakeun soal paeh sagala.
Ngan nyakitu,.......................................abong-abong nu lolong.......................mindeng dibarobodo.
Dina hiji poe Si Asju ngiles.
Atuh pada nareangan, ka ditu, ka dieu, tatangga-tatanggana oge marilu, pada riab.
Ari kapanggihna mah, nya ku bapana keneh bae,..........................................ti pipir leuit Mama Lebe.
Matak pikarunyaeun pisan. Keur cinekul weh, bari gegereyeman.Leungeunna nu katuhu diacungkeun ka luhur, curukna ditalian. Duka naon pamaksudanna.
Ku bapana diboro, terus ditanya: "Kunaon ujang kikituan, naha teu kesel?eta leungeun bet di-ka luhurkeun jeung curukan ditalian. Hayu urang balik, ema ujang keueungeun."
Si Asju ngajawab bari nyentak: "Bongan sok dicarekan. Pan ieu teh keur ngagantung maneh,.............................bodo si bapa mah make tatanya ujang teh hayang paeh, tapi..................geuning bisa ngomong wae.......................................
Walon Pa Tarkimah; "His, ieu mah budak teh sok nyanyahoanan. Samarukna kumah ari paeh teh. Hayu urang balik," bari rigidig Si Asju teh dipangku.
(Nyutat tina Peperenian, Kanda Kartawidjaja)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa