Jumat, 03 Juni 2011

Bonganna Talobeh

Pa Iding pohara pisan resepna kana ngojay. Ngan hanjakalna, sok boga panyakit limpeuran jeung talobeh.

Ari ngojayna.......................?Di susukan, jadi, di balong oge jadi, malah sabalikna, ari diajak ka "Taman Renang" mah sok merod, majarkeun teh, sok sieun teu bisa hanjat deui ka darat...................................

Dasar Pa Iding pohara pogotna kana ngojay, barang hiji waktu malah keur dina panganjangan, breh teh nempo balong anu sisina ditembok sagala, jigana kagungan haji nu jegud, da teu tata pasini deui, ujug-ujug geuwat bae cucul-cucul.

Baju jeung calanana anu geus saminggu can diganti-ganti, geus barau kesang, bru bae ditambrukeun di sisi balong, gujubar ancrub ka balong, terus kokojayan jeung teuteuleuman.

Keur waktu Pa Iding tonggoy teuteuleuman, pakeanana nu nambru teh teu katangen, digusur ku Si Bopih, anjing nu kagungan balong, jigana bae, kataji ku ambeuna, duka dibawa ka mana.

Nu kagungan balong teh sihoreng Pa Haji Kadir, malah harita teh nembe pisan reup kulem, ngarasa lungse, dumeh aya kana 3 jamna mentas miang nganggo beus.

Pa Haji kabaribinan kunu icikibung, kokojayan.
Bari ngaleng istrina, norojol kaluar, pok ngagorowok, "saha eta teh, kokojayan wayah kiwari, ti saha meunang idin?"

Pa Iding rada geumpeur oge, kakara ngarasa yen manehna teh teu boga temah wadi, kawas lain kolot bae. Terus muru pakeanana, maksudna rek sasadu.

Dasar talobeh,.................................................pakeanana teh disumputkeun ku Si Bopih.

Pa  Haji Kadir nyorowok deui, "Hayoh geura hanjat, bisi kaburu dibaledog ku batu gede."

Pa Iding mikir-mikir pijawabeun, bari teu weleh-weleh memendekan ti kajauhan teu wani ka darat da puguh bulucun.

omong Pa Iding bari alangah-elengeh, "Nuhun we Pa Haji, ari norojol kaluar mah, numawi abdi teh sanes teu hoyong ka darat,...........................................piraku ari kedah.................bubudakan mah. Sakalian wae bade musapir tutp orat kulan."

"Nurustunjung ka patutna," tempas Pa Haji, cing bere samping poleng hiji kadinyah Nyi Haji, anu eta tea we, nu sok disegetan ku Si Empus."

Bonganna talobeh, nya kapaksa we.....nyigcrig.......bari diharudum. Barang ka jalan, paamprok jeung Si Bopih keur pahereng-hereng jeung Si Empus marebutkeun pakean  Pa Iding nu geus ngangkarawak.


(Nyutat tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa