Selasa, 17 Mei 2011

Teu Sangka Bet Borangan

Pa Timo parantos aya kana 3 mingguna payagang-peuyeugeung, karaos nyeri dina padaharan.
"Boa-boa peujit buntu", ceuk emutanana.
Ari ngumaha ka sobat-sobatna, bet sok miwarang enggal-enggal diparios ka doktor.Ari ka doktor tea...............kumaha.................upami dioperasi?palalaur.Bet ku dusun....................;naha......................kitu, golongan intelek teh?. Ieu mah intelek oge ............................intelek nu leutik hate we.


Sobatna:
"Kang, ngarah sakali damang mah, sae enggal-enggal mundut diparios ku dokter atuh.Abdi oge, cacakan 2 kali dioperasina teu nyeepkeun Rp. 1.000,- jaba digentosan teh sapalih, ku Pamarentah."


Pa Timo:
"Aduh,aduh.......................make dioperasi 2 kali........................2 kali kitu. Akang mah sakali oge ulah............ah; da akang mah barina oge lain dina peujit buntu. Na kumaha eta teh nepi ka 2 kali kitu?"


Sobatna:
"Abdi mah pan tos dua minggu teh jiih bae dagingna teh teu gancang-gancang rapet deui. Barang diparios ku doktor, horeng aya nu kakantun...................benang-benang tilas ngaput......Aduh..................ampun ku nyerina waktos dikorek-korek ku "pinset"...............milari potongan-potongan benang; nya sami we sareng 2 kali dioperasi."


Pa timo mani muringis bareng nguping sobatna teh,teu pok cacarios deui:
"Akang mah................sakieu jagjagna, ukur eta rada jejeletitan...........saeutik; boa dina peujit buntu, boa ..............kalikiben"


~~~~


PaTimo:
"Doktor nyuhunkeun diparios ieu dina padaharan, palih katuhu, beh handap saeutik....................sok jejeletitan wae...............upama leumpang teu tiasa rusuh-rusuh..............Tapi ku emutan mah, sanes dina peujit buntu......................"
Dokter Musa bari semu gumujeng teh, enggal ngayakeun pamariosan anu taliti pisan.........................................


Dokter Musa:
"Kedah wayahna we...............Pa.Upami teu enggal-enggal dipotong...............bahaya...........Dioperasi mah......sual biasa..........."


Sabot Dokter Musa cacarios sareng Pa Timo, teu lami dongkap Mantri Sastro.


Saur Mantri Sastro: "wilujeng siang doktor..............abdi teh bade ngawartosan eta.............nu tadi dioperasi tea..............rupina...................teras..................doktor."


Barang kakuping ku Pa Timo, teu sak deui yen aya nu dioperasi, teras maot;.......................................kumargi nguping-nguping maot teh Pa Timo mah teu kinten sieunna,...............................ana berebet teh lumpat muru kana panto................................bet ngadon kabur, rupina teu emut kana kanyeri..............................


Matak watir.................................................,ku sabulang bentor tea, ana jedak teh paadu jeung tihang..............atuh nambru ngalumburuk; emut-emt deui tos diriung-riung ku Jururawat.................................


(Nyutat tina Peperenian, Kanda Kartawidjaja)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa