Anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga= tukang nyieun/nulis carita
Candoli= tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan (biasana awewe)
Gending= tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan= tukang dititah kaditu kadieu
Kajineman= 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan= tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kebojengkeng= tukang ngagusur padati
Kulaer= kusir anu numpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen=tukang ngurus kuburan
Legig= tukang ngasruk dina pamoroan
Malim= tukang nalukkeun sasatoan
Maranggi= tukang nyieun landean jeung sarngka keris
Merebot= tukang nakol bedug
Nyarawedi= tukang ngagosok permata
Pakacar=bujang, juru laden
Palatuk=iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang=tukang nyieun parabot tina tambaga
Palika=tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang=tukang moro
Pamayang=tukang ngala lauk di laut
Panday=tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan=tukang nyadap
Paninggaran=tukang moro
Sarati=tukang ngusir gajah
(Nyutat tina Peperenian, Drs. Ahmad Hadi.Spk, )
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa