Senin, 16 Mei 2011

Kajurung Ku Lapar

“Ayeuna we akang mah, jagjag  gede tanaga soteh. Baheula mah leuwih reyog batan ayi,” ceuk Pa Adung ka Pa Uding.
“teu bisa gegesor-gegesor acan, istuning namprak teh lain bobohongan. Dahar cukup ku dihuapan batur. Hudang dihudangkeun batur”.
Pa Uding:  “Ah piraku, akang mah, da tara kabejakeun salesma-salesma acan. Manasina abdi,......ririwit teh, ti bubudak nepi ka kolot.”
Boga ku bogana pamajikan, kalahka nambahan lungse, tibatan jadi waringkas. Untung  we............pamajikanana sabar , daek dibawa kieu..........Ke, ke, iraha akang nyorang gering pohara teh?
Tembal Pa Adung: “ Da akang mah teu nyebutkeun katarajang gering pohara. Kungsi ngarandapan leuleus lungse, teu bisa walakaya soteh harita, waktu akang orok keneh, kitu oge ti pun biang.”
Pa Uding: “Ari akang Adung.........................sugan teh lain omongan heureuy, boro dihaminan. Sarerea atuh ari keur orok mah”,
Pa Adung nambahan deui: “Akang mah, lain sing dumeh hareupeun,  muji ka ayi teh, eta ku pinter.......”.
Walon Pa Uding: “Make ngalem pinter sagala, kumaha rek pinterna jelema reyog kieu. Meureun jiwana oge kapangaruhan teu pati waras, bororaah kuat mikir, teu ari kubalas ngararasakeun kanyeri,”
Keur padukdekan silih tempas, gero Nyi Uning ti dapur: “Keun heula ngobrol mah tong waka diteraskeun, anggursi urang taruang heula, sanguna bilih tiis manten.”
Nu diajak dahar teh teu talangke.......................................
Barang nempo pamasangan anu sakitu euyeubna, panasaran Pa Adung nanyakeun: “Salametan naon ieu teh nyai.Tilu bulan sakali oge langka akang mah aya nu nyuguhan tuang kawas kieu.”
Walon Nyai Uning: “Pakaulan, Kang  Adung. Ieu pun lanceuk katingalna rada jagjag, mudah-mudahan we sing saterasna kieu. Kang Adung ieu bibit nu hiji nu pinuh ku mantega dihususkeun kanggo Kang Adung, kedah seep dituang didieu.Ngan aya kayidna peta Kang Adung nu mimiti rek diturutan. Jadi, upama Kang Adung nyewol heula pundakna, eta pupundakan Kang Adung  teh tangtu baris dikeureut ku abdi. Upami ngorowot heula beuteungna, patungan Kang Adung rek dicakaran ku abdi nepi ka getihan, upama huluna heula nu rek ditarok, tah ieu tingali, tos sadia gegendir. Cenah rek motongkeun heula buntutna uninga di................rengkod...................engke upami mulih.”
Tembal Pa Adung:  “Beu-beu. Aya ku ayana milik gede, make kudu mikir heula sagala. Enyaan ieu teh nyai atawa banyol.”
Nyai Uning:”Apan pakaulan, piraku banyol”
Pa Adung: “Mani geus uruy kieu yeuh ciduh.”
Aya kana tujuh menitna Pa Adung mikir-mikir.
Kulantaran kajurung ku lapar, ceuk dina pikirna, kari kumaha engke bae. Kerewek bibit teh dicekel  ku dua leungeun, sungutna dikecrokan, saentas kitu kakara murak huluna.
Nyai Uning gap kana gegendir, rek diheumbatkeun, tapi ditahan ku Pa Adung, bari sok nyarita: “Apan ceuk nyai oge, peta akang anu mimiti, atuh narok hulu lauk mah peta akang nu katiluna.”
Nyai Uning: “Punah  Kang Adung, pakaulan teh mangga..............nyanggakeun sing raos tuangna. Muga-muga  weKang Uding sing tereh jagjag waringkas, kuat, gede tanaga kawas nu lian.”
Ana hekak teh Pa Adung..........ceuk dina pikirna: “Mun unggal poe, aya nu nyuguhan dahar kawas kieu teh..................................

(nyutat tina Peperenian,  Kanda Kartawidjaja )


Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa