Selasa, 22 November 2011

Limeng, Karinyeng jeung Tingkem

Assalamu'alaikum......sampurasun dunungan

Ayeuna mah meureun, tilu kecap eta di luhur, nu ku kuring dijadikeun judul,  geus aneh kadengena ku cepil. Utamana mah ku barudak-barudak ayeuna, lain dek nyalahkeun tapi memang kondisi jaman ayeuna geus robah, nu sagala serba instan, wajar mun barudak ayeuna teu apal kana  limeng, karinyeng jeung tingkem.

Limeng, karinyeng jeung tingkem, ngarupakeun pakakas anu biasa di pake dinu kariaan jeung tahlilan.Keur wadah sangu atawa olah. Keur urang pasisian mah, baheula geus prah marake nu kitu, sarua jeung besek.Ngan ari besek mah nepika ka ayeuna oge masih loba nu make.Geura nya urang coba tataan hiji-hijina, sugan masih aya nu karekam dina uteuk.

Limeng.Kuring teu apal naha disebut kitu, ngarana aneh kawas tina basa Mandarin nya....dijieuna tina daun cau, make seuseumat anu dijieun  tina awi atawa nyere.Bentukna ampir masagi saperti besek, bisa make tutup atawa limeng sabeulah (teu make tutup).Kumaha cara nyieuna?.Nyieuna make citakan, biasana mah nu dipake rantang atawa parabot lainna anu bentukna buled. Daun cau dibelitkeun, geus kira-kira rantang kabulen, terus sambunganana dipageuhan ku seuseumat, kitu deui biritna dilepet jadi juru opat, terus disemat. Lamun hayang make tutup, anu jadi tutup jelas kudu leuwih gede, batah wadahna jeung teu perlu kewung teuing.

Kalolobaanana, limeng sok dipake dinu tahlilan, biasana katujuhna, matang puluh jeung natus. Dinu kariaan mah biasana diganti ku besek anu dijieun tina awi, eta meureun supaya leuwih seseg.

Karinyeng.Tina ngaranna ge kadenge lucu nya, jeung geus bisa dikira-kira maksudna......karinyeng....kari mawa....kari gunyeng.

Karinyeng mah kuring teu kungsi lila ngajamanana, kuring SD ge teu katingali deui jeung teu pati apal kumaha cara nyieuna, anu jelas mah dijieuna tina daun kawung kolot. Mirip-mirip tanggungan keusik, handapna nu ngarupakeun wadah saperti limeng ngan dianyam carang, terus tiap tungtung   anyamanana dibesot ditarik kaluhur, dihijikeun terus dibeungkeut ku rapia, awi tali atawa daun kawung ngora,  dijadikeun panyekel.Jadi bisa dijingjing.Biasana dipake keur wadah limeng atawa besek  jeung kaolahan kariaan.

Tingkem.Bentukna masagi kotak kawas kardus, dijieuna tina awi meunang ngahua kasar.Biasana dipake keur wadah besek jeung olahan dinu kariaan. Ti luhurna make tutup, bisa kenca katuhu atawa sabeulah.

Bisa dikacirikeun, mun nu mere kanu kariaan atawa hajatan, balikna dibahanan tingkem bari ditangkodan cau, eusi amplopna pasti gede.......heuheuy deuh

Jaman kiwari mah serba dibujeng enggalna, parktis. Limeng, tingkem jeung karinyeng, ngarana geus meh teu kadenge, malah bisa disebutkeun geus tilem,  geus diganti ku kardus, plastik jsb. Ditingali tina sisi efisiensi jeung prinsif  ekonomi  mah memang bener oge, mun make limeng, karinyeng atawa tingkem, meakeun waktu, bahanna enteng ning bangga salian ti eta bisa jadi biaya nu kudu dikaluarkeun rada lumayan nguras kanjut kundang.Tapi lamun ditengetan deui, ku leungitna  limeng, karinyeng jeung tingkem, aya nilei  filosofis anu leungit, nyaeta  ajen kagotongroyongan jeung ajen kakulawargaan.Jentrena mah asas kekeluargaan jeung asas gotong royong.   Naon sababna?.Geus bisa dikira-kira, ari barang jieun  nu kitu mah teu bisa ku saurang, komo mun   loba mah. Butuh bantuan batur, ti mimiti ngala bahan nepika nyieun.

Tah lamun nyieun limeng atawa karinyeng, sok ngahaja menta bantuan tatangga. Atuh rame, nu ngala bahan, anu nyieun jeung anu nyayagikeun dahareun keur nu bara bantu.Ari nyieun tingkem onaman, biasana sok ngengken anu ahli.

Ayeuna mah, geus aing-aingan, nu boga kariaan menta bantuan pas dek breg wungkul, salian ti eta  ayeuna mah pamulang sambung (di pasisian), lolobana make atahan, cukup dipigawe ku saimah-imah. Asupkeun kana keresek (kantong palastik), tumpukeun di kamar, pas breng hajat kari ngeduk..hahay....gejlig.Cag ah.










Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa