Sumber poto:http://multiply.com/mu/membukamata
Ku Dian Hendrayana
Sok tumaros saban neuteup langit
naha bentang nu ngampar baranang
cicingna didinya bae
tara patukeur matuh
sumawonna pahili calik
narah pagirang-girang
teu paluhur-luhur
bet angin heman ngiberan
maneuh soteh puguh bentang nuju wirid
anteng nyambat Pangeran
Sok tumaros saban neuteup langit
naha bulan satia nembongan
bangun nu taya kacape
kumaha lamun pundung
bulan indit teu deui balik
bentang taya baturna
ngabigeu ngawagu
angin heman ngabejaan
puguh bulan satia moal rek jalir
gumusti ka Pangeran
Sok tumaros saban neuteup langit
mangsa beurang alam teh gumantung
kacaangan panonpoe
pareng mangsana surup
cahya ngempray ngampih ka mendi
inggis teu deui datang
lunta dumeh pundung
pok angin halon ngiberan
moal enya nu dikir indit lumungsir
ngolembar ti Pangeran
Saban pareng anteng neuteup langit
tingkalayang kalangkang sorangan
ngoleab pating koloyong
geuning diri kapahung
rampang reumpeung kamana ngeumbing
taya akar keur muntang
ngoleang ngalayung
da puguh diri keur bingbang
gupay gupay, Pangeran taya kasungsi
duka aya di mana
Wanayasa, 2005
Cupumanik No. 29/2005
Cupumanik No. 29/2005
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa