Senin, 21 November 2011

Doa

gif maker
Sumber poto: huzaifah-iphenk.blogspot.com

Dina jempling sepi peuting
ayat-ayat Alloh dihiberkeun
dileupaskeun tina jaruji iblis
mangsa diri eling

Ya Alloh
kakiatan nu dipiharep
pikeun meruhkeun katelengesan
jaman nu beuki ngabarungsinang
memeh diri tepung jeung udagan

Peuting beuki jempling
doa-doa geus diburakeun
laju ngalayang ngambah jomantara
sugan anjog ka sidrotul muntaha



Cihayam, 1997
Mangle No. 1678/1998
Nyutat tina Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd

2 komentar:

  1. itu nyaritakeun naon sih trus naon amanatna :D
    PLEASE jawab

    BalasHapus
  2. itu nyaritakeun naon sih trus naon amanatna :D
    PLEASE jawab

    BalasHapus