Sabtu, 15 Oktober 2011

Rarakitan






1. Silih asih

Daek soteh ka Cinangka,
ka Cisitu mah teu purun.
Daek soteh ka manehna,
ka nu itu mah teu purun.

Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing kanu geulis,
teu bisa ngakalanana.

Ka mana nya nyiar kulit,
hayang seubeuh sesewiran.
Ka mana nya nyiar duit.
hayang seubeuh pelesiran.

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.

Mihape sisir jeung minyak,
kade kaancloman leungeun.
Mihape pikir jeung niat,
kade kaangsonan deungeun.

Cau ambon dikorangan,
kanyere ka pipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
awewe teu mikir-mikir.

Deungkleung dengdek,
buah kopi rarangeuyan.
Ingkeun anu dewek,
ulah pati diheureuyan.

Kapinis ulah disumpit,
tangkal muncang ngarangrangan.
Ieu nulis bade pamit,
du'akeun ti kaanggangan.

Karinding palapah kawung,
ditiup kunu paranti.
Nu ginding ulah mangpaung,
sing emut ka diri abdi.

Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan.
Sono mondok sono nganjang,
sono patepangdi jalan.

Kembang goyang jeung ermawar,
pacampur jeung kacapiring.
Hariwang rea kakelar,
tagiwur teu ngeunah cicing.

Lampuyang nu cocongoan,
bawaeun ka Rajagaluh.
Ku hayang nya sosonoan,
isuk mah urang pajauh.

Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kekejoanana.
Deueukeutan reureujeungan,
ngarah tetenjoanana.

Majar manehnganyam samak,
neukteukan bari motongan.
Majar maneh neang anak,
ngadeukeutan popotongan.

Ngala antanan ka jami,
cau emas tengah huma.
Kahayang ulah rek lami,
geura unjukan ka rama.

Ngalantung mulungan jantung,
bari metik nagasari.
Baringung pikir mangpaung,
ati ngerik jeung rarisi.

Pucuk tiwu akar bangban,
amis mata di susukan.
Mun rek milu geura dangdan,
cimata geura susutan.

Rayagung tanggal sapuluh,
kasungka reujeung malela.
Abdi burung mun teu tulus,
kasuka da ti baheula.

Reundeu beureum reundeu hideung,
rendeu kayas solempangan.
Beuki heubeul beuki nineung,
beuki lawas kaedanan.

Samping hideung dina bilik,
kumaha nuhurkeunna.
Abdi nineung kanu balik,
kumaha nuhurkeunana.

Sayang kaak diarengan,
diasupkeun kana peti.
Hayang angkat sasarengan,
bati gegetun nya ati.

Mun teu tulus ka paseukna,
ka pcirna oge hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.

2. Piwuruk
Lamun urang ka Cikole,
moal hese tumpak kahar.
Lamun urang boga gawe,
moal hese barang dahar.

Lamun urang ninun kanteh,
ulah resep make poleng.
Lamun urang leutik keneh,
ulah resep ngomong goreng

Menggeus diangir ku jeungjing,
geura ganti ku kihiyang.
Menggeus pelesir ti peuting,
geura ganti ku sambeang.

Sing getol ninun jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

3.Sesebred
Majar maneh cengkeh koneng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan melak cau,
teu nyaho mun melak jahe.
Rarasaan matak lucu,
teu nyaho mun matak rehe.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
sok hayang nyaho nanjakna.
Sok hayang nanya nu pundung,
sok hayang nyaho nyentakna.



(Dicutat tina Peperenian;  Drs. Ahmad Hadi Spk)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa