
1.Silih asih
Aya meri dina rakit,
boboko wadaha bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Daek soteh ngawulaan,
lamun hade rumawatna.
Carulang dipahpal kuda,
hejo deui-hejo deui.
Rek mulang samar kaduga,
nenjo deui nenjo deui.
Seungit kembang sumarsana,
bawa angin ngadalingding.
Nu laip kieu rasana,
nandang nyeri tanpa tanding.
Talingtung talina benang,
mobil beureum diguratan.
Satungtung teu acan beunang,
moal eureun disuratan.
Tangkal manjan sisi lamping,
tangkal putat kaibunan.
Hate bungah tanpa tanding,
nampi serat kikintunan.
2. Piwuruk
Baju kutud heureut pola,
dikelin teu dijalujur.
Mun teu cucud sakola,
osok loba gogodana.
Susuru opat ngajajar,
katinggang ku daun jati.
Guguru kapalang ajar,
cara kembang burung jadi.
3.Sesebred
Cau naon cau naon,
cau kulutuk di juru.
Bau noan bau naon,
bau hitut nu di juru.
Cikur jangkung jahe koneng,
lampuyang pamura beuteung.
Rarasaan jangkung koneng,
puguh mah bureuteu hideung.
Daun jarakdibeungkeutan,
dibawa ka jalan gede.
Anu harak ngadeukeutan,
hayangeun dibawa hade.
Kihiang nu meunang nuar,
disugu pikeun jualeun.
Kahayang meunang nu beunghar,
puguh mah jalma kuuleun.
Poe Saptu poe Kemis,
salasa heuleut-heuleutan.
Saha itu muril kumis,
leumpangna eundeuk-eundeukan.
(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk.)
(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi Spk.)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa