Laras: Pelog
Gerakan: Anca
Sanggian/Rumpaka: Mang Koko
Bandung.....Bandung
Bandung nelah kota Kembang
Bandung.....Bandung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung gunung
Heurin ku tangtung
Puser kota nu mulya parahiyangan
Bandung......Bandung
Pada muru dijarugjugan
Bandung...Bandung
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung.....Bandung
Dipasieup Cikapundung
Di Bandung mumpung,jalma ti kampung
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabingung
Bandung...Bandung
Pangbeberah nu ngadon nguyung
Artinya apa?
BalasHapusArtinya apa?
BalasHapus