Rabu, 31 Agustus 2011

Pagetreng


Ambu Aswi,  Bapa Aswi, sanajan geus pada kolot oge, katembongna mah masih keneh silih pikadeudeuh; silih kanyahokeun. Ku mindeng pisan kapanggih rerentetan.

Si Aswi, anak nu cikal, rada goreng adat,jigana rada nyirik, upamana nempo bapana sok dipupujuhkeun teh.

Mindeng Si Aswi pagetreng jeung indungna, pangpangna tina sola dahareun.Ongkoh deuih,...........Si Aswi teh geus nincak kana umur 12 taun, keur resep ngabantah.Karesepna sapoe-sapoena teh ngan ngider ulin, tara pisan kaarah gawena.

Dina hiji waktu Si Aswi balik meuntas ulin, duka ti mana, da bajuna baraseuh. ti luar keneh geus ngagorowok: "Ema, geus sadia dahareun keur uing?sing loba deungeuna teh, ulah karo uyah wungkul, ieu uing tas cape."

Ambu Aswi:"Cing tong cocorowokan kitu. Era ku tatangga.Tuh ilik dahareun mah geus sadia. Keur maneh mah, da tukang ulin, sakitu ge leuwih ti cukup. Sambel aya, lalab aya, malah ditambahan beuleum belut sagala."

Si Aswi andekak sila, nyanghareupan sangu sapiring metung. Tapi panona masih keneh we, rarat reretngenca ngatuhu. Kodomang leunguena ngarongkong tetenong. guluprak turubana dibuka. Indungna nu harita keur ka jeuro imah, norojol ka dapur bari gogodeg.

Si Aswi ngomong:"Geuning tah, ayaa pais uceng. Keur saha?naha uing teu dibere?tuh aya tempe, aya tahu, beuleum peda beureum deuih geus diminyak kalapaan."

"Ari Ki Aswi," ceuk Ambu Aswi.
"Pais uceng hancengan si bapa. Karunya atuh, sakitu capena digawe di sawah, masina ulin kaawas maneh. Peda, tempe, tahu hancengan si bapa, apan si bapa mah tara kana sambel da sok mejen. Ulah sok hayang sarua jeung kolot, budak mah pamali,"

Si Aswi nambalang, bari molotot:"Enya..............biasa ema mah.........sakur nu ngenah keur si bapa. Gula beureum nu keur digelom oge, ari jolsi bapa mah, geuwat dikaluarkeun deui, diasong-asong ka sibapa, batan ka uing, majar cenah, nyaah ka anak. Ayeuna mah ngala suluh oge, ulah nitah ka uing. Ulah kapalang bela ka si bapa. Tuh nu dina parako oge, dodol haseum nu geus kalebuan, ulah henteu, ku ema asongkeun ka si bapa, kagegelan ti Si Cantel, kituh."

(Tina Peperenian; Kanda Kartawidjaja)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa