Senin, 29 Agustus 2011

Fonologi Jeung Ejahan

How to make a gif


1. Fonologi

Fonologi atawa tata sora nyaeta widang elmu basa anu maluruh cara ngawangun katut makena sora basa. Fonologi ngawengku: (1) fonetik, nyaeta anu maluruh cara ngawangun sora basa ku pakakas ucap, jeung (2) fonemik, nyaeta anu maluruh fonem-fonem hiji basa.Fonem nyaeta sora basa anu pangleutikna anu miboga fungsi pikeun ngabedakeun arti. Ngabuktikeun hiji fonem teh biasana make pasangan minimal atawa kontras minimal.Contona lamun urang ngabandingkeun kecap-kecap bata, bati, jeung batu bakal jentre yen eta kecap-kecap teh beda, boh wangunna boh hartina. Ari anu ngabedakeunana teh nyaeta sora-sora a, i, jeung u. Kulantaran kitu, eta sora teh disebut fonem sabab mangrupa sora basa anu pangleutikna anu fungsina ngabedakeun harti.

Fonem dina basa, aya nu segmental, saperti vokal jeung konsonan, aya anu suprasegmental, saperti tekenan(aksen), wirahma (nada), jeung randegan (jeda). vokal dina Basa Sunda aya 7. a,i,u,ĕ,o,e, jeung eu; ari konsonan aya 18; b,c,d,g,h,j,k,l,m,n,ng,ny,p,r,s,t,w, jeung y. Fonem w jeung y sok disebut semivokal.

Balukar ayana pangaruh basa deungeun, Basa Sunda mikawanoh f, v, x, q, jeung z. Ieu pangaruh teh nimbulkeun rupa-rupa masalah, upamana dina cara ngucapkeunana. Contona, ucapan fonem f jeung v sok robah jadi p atawa dipacorokeun, saperti anu kapanggih dina kecap-kecap: fakultas, fonem, folklore, film, filsafat, tv (televisi), universitas, vaksinasi, virus, video,valid, jeung lian ti eta. Ucapan fonem z sok robah jadi d, j, jeung s, saperti anu kapanggih dina izin, zaman, inza..

Sakapeung sok aya dua fonem atawa leuwih dina kecap anu tangtu henteu ngabedakeun harti. Fonem-fonem sarupa kitu sok disebut alternan atawa varian bebas, nyaeta fonem anu baganti jeung fonem sejen dina waktu ngucapkeun kecap nepika hiji kecap mibogadua atawa leuwih struktur fonem.Alternasi fonem teh bisa dina vokal, bisa oge dina konsonan, contona:
u-o : surung-sorong
u-e : pungkur-pengker
b-w : belang-welang
k-g : kumasep-gumasep
h-s : heug-seug
r-d : iser-ised
r-c : ragap-cagap

Ucapan fonem-fonem teh sok dipangaruhan ku sora-sora nu aya di sabudeureunana.Variasi fonem nu ditangtukeun ku sora sabudeureunana sarta sipatna komplementer (silih lengkepan) tur mangrupa hiji fonem nepika henteu ngabedakeun harti sok disebut alofon (variasi alofonemis). Contona sora fonem o dina kecap noong beda jeung o din akecap boboko.

Nurutkeun distribusina, fonem-fonem Basa Sunda bisa nyicingan posisi awal kecap, tengah kecap, jeung ahir kecap, iwal fonem e, c, j, jeung ny anu hentu bisa nyicingan posisi ahir kecap.Fonem e anu nyicingan posisi ahir kecap ucapanana sok robah jadi eu, contona akte-akteu;metode-metodeu.

Patali jeung konsonan, aya anu disebut kluster, nyaeta kantetan dua konsonan atawa leuwih anu diucapkeun sawaktu dina hiji engang. Contona: (1) bl, cl, gl, jr, kr, sr, jeung tr dina kecap-kecap gabrug, gecruk, segruk, gejret, bakrik, keprok, jeung (3) by, hy, jeung py dina kecap-kecap gebyar, sanghyang, kopyok.. kluster dina Basa Sunda euweuh nu diwangun ku tilu konsonan atawa leuwih jeung euweuh nu bisa nyicingan ahir kecap. Tapi, ku pangaruh basa deungeun, sok aya kluster anu diwangun ku tilu konsonan jeung anu nyicingan ahir kecap, saperti anu kapanggih dina kecap-kecap strategi,struktur, jeung kompleks.. Kantetan konsonan mbl, mpl, jeung mbr saperti anu kapanggih dina kecap-kecap gamblung, tamplok, nambru, jeung amprok, lain kluster anu diwangun ku tilu konsonan lantaran fonem m-na misah tur ngahiji jeung engang samemehna. jadi,mun dipisahkeun engangna, bakal kieu: gam-blung, tam-plok, nam-bru, am-prok.

Dina Basa Sunda aya sababaraha pola engang, nyaeta:
1) V: a-mis, e-ta, i-sin
2) VK: bu-ah, ku-eh, sa-ir
3) KV: ka-ca, sa-wah, ti-lu
4) KVK : am-pun, ku-ring, a-mis
5) KKV : sas-tra, nam-bru, mong-plo
6) KKVK : ngem-plong, dem-plon, ga-jleng

Balukar pangaruh basa deungeun, dina Basa Sunda aya pola engang kieu:
1) KKKV : stra-tegi
2) KKKVK : struk-tur
3) KKVKK : kom-pleks,tri-pleks

Upama sistem fonem Basa Sunda dibandingkeun jeung sistem fonem Basa Indonesia, bakal eces aya sawatara anu beda, diantarana saperti ieu di handap:

1) Basa Indonesia henteu mibanda fonem /Ȣ/ (eu)
2) Fonem konsonan betus nyoara dina tungtung kecap Basa Indonesia diucapkeunana jadi konsonan betus teu nyoara, ari dina Basa Sunda mah angger. Contona ucapan Basa Sunda /sabab/,/pilag/dina Basa Indonesia diucapkeun /
sabap/,/abat/,/pilak/.
3) Konsonan /k/ Basa Sunda ditungtung kecap diucapkeunana jadi hamzah /?/.Contona:/anak/jadi/ana?/.
4) Fonem /a/ Basa Indonesia dina tungtung kecap diucapkeunana angger, ari dina Basa Sunda mah ucapanana sok dirobah jadi /Ȣ/. Contona:/metoda/jadi/metodeu/.
5) Fonem hamzah /?/ Basa Sunda salawasna ngarendon jeung ucapan vokal, boh di awal kecap, di tengah, boh di tungtung kecap. Contona: /?aki?/,/ca?ah/,/buku?/,/?ya?/,/kuda?/.


2.Ejahan


Ejahan nyaeta aturan atawa palanggeran nuliskeun lambang-lambang sora basa ku aksara, nuliskeun kecap, nuliskeun wangun injeuman, jeung cara makena tanda baca.

luyu jeung kamekaran ejahan Basa Indonesia, ejahan Basa Sunda henteu angger, terus barobah, malah nepi ka kiwari ejahan Basa Sunda teh geus ngalaman sababaraha kali parobahan. Taun 1912 D.K. Ardiwinata nyusun ejahan Basa Sunda kalawan dijudulan "Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Walanda", anu dikaluarkeun ku Commisie voor de Volkslectuur sarta dipake nepi ka taun 1947. Satemena ieu ejahan teh sumender kan ejahan Ch. van Ophuysen.

Taun 1952 Surawidjaja dina Kongres Basa Sunda I ngasongkeun prasaran perkara "Edjahan Basa Sunda ku Aksara Lanten". Saterusna, taun 1956 eta prasaran teh dipedar deui ku R.I. Adiwidjaja.Najan kitu, hasilna mah can bisa disahkeun ku pamarentah. Ari sababna ejahan Basa Indonesia oge can puguh bule hideungna. Ku kituna, taun 1959 LBSS ngaropea jeung ngesahkeun "Ejahan Basa Sunda ku Aksara Laten".

Ejahan Basa Sunda wedalan LBSS teh terus dipake nepi ka kaluarna buku Pedoman Umum Ejahan Bahasa Indonesia yang Disempurnakan.


Gunta-gantina jeung barobahna palanggeran ejahan teh netelakeun yen eusina (aturanana) acan nyugemakeun atawa aya keneh pasualan anu can bisa direngsekeun. Upamana bae, dina cara misahkeun engang kecap tibra, mana anu bener ti-bra atawa tib-ra, Nu sejenna, kumaha misahkeun engang kecap ginanjar, naha gi-nanjar atawa gin-an-jar?

Kumaha nuliskeun rarangken pada, para, silih, jeung barang, naha dihijikeun atawa dipisahkeun jeung wangun dasarna? Naha padamawa, paraguru, silihasih, barangbere, atawa pada mawa, para guru, silih asih, barang bere?

Kumaha nuliskeun rarangken barung, saperti di-keun, pangna, jeung sajabana, mun wangun dasarna mangrupa kantetan kecap? naha dika Bandung Wetankeun, dika-Bandung Wetankeun, dika-Bandung-Wetankeun, dikabandungwetankeun? Mana anu sakuduna, naha pangluhurkutagededunyana atawa pangluhur kuta gede dunya?

Dina nuliskeun wangun injeuman oge aya rupa-rupa masalah. Uapamana wae, kumaha cara nuliskeun metode atawa metodeu; modern atawa moderen;film, filem, atawa pilem; text, tex atawa teks; taxi atwa taksi;technology, teknologi, atawa tehnolohi; factuur, faktur, fakteur, atawa pakteur?

Masalah anu muncul dina ejahan teh loba keneh pisan, kaasup masalah makena tanda kecap. Upamana wae, kumaha sakuduna nuliskeun kalimah kieu:

1)
"Saha anu keketrok teh, Nyi?" Saur Ibu ka kuring, "Cing bukakeun ka dituh!"
"Saha anu keketrok teh, Nyi?" saur Ibu ka kuring, "Cing bukakeun ka dituh!"
"Saha anu keketrok teh, Nyi?" Saur Ibu ka kuring. "Cing bukakeun ka dituh!"

2)
"Euy! Euy! Euy! Ka dieu!" ceuk Rusli.
"Euy, euy, euy, ka dieu!" ceuk Rusli.
"Euy, Euy, Euy, ka dieu1" ceuk Rusli.

3)
Ngomong teh ngan balik deui-balik deui.
ngomong teh ngan balik deui, balik deui.


(Dicutat tina Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. H. Abud Prawirasumatri, Spk.)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa