Kamis, 28 Juli 2011

Tatarucingan 1

Image by FlamingText.com



Si Carles (ari ngencar terus ngereles), ngajak tatarucingan ka Si Mikael. 


Si Carles:Tarucingan euy?!
Si Mikael:Tarucingan naon bro?sok
Si Carles:Kieu, jawab ku ilaing heueuh! Naon bedana silaing jeung monyet? (bari rada ngasin)
Si Mikael:Na tarucing teh beubeut melit ka dewek (bari rada nyureng)
Si Carles:Tenang bro, tong waka nyureng, asa beuki goreng tah beugeut.Ngaranna ge tarucing atuh, da moal matak bohak ieuh.Taluk?
Si Mikael:Nya beda atuh, dewek mah jelema, monyet mah sato.
Si Carles:Cacing ge apaleun eta mah. Lain…lain eta nu dimaksud ku dewek mah.
Si Mikael:(ngahuleng sakeudeung)….nyao ah teu timu.
Si Carles:Taluk?!
Si Mikael:Heueuh
Si Carles:Bedana?...ari monyet mah botakna teh bujurna, ari silaing mah sirahana…..ha….ha……ha…ha
Si Mikael:Jadol siah (jamotrot)
Si Carles:Eiit..tong esmosi, ngarana ge tarucing. Sok gilaran ilaingeun.
Si Mikael ngageremet hayang males.Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok nyarita.
Si Mikael:Dewek ge moal jauh tina masalah monyet. Cing naon bedana motor  jeung monyet?
Si Carles: (ngahuleng bari ngagaroan bujur)
Si Mikael:Taluk?!
Si Carles:Taluk.
Si Mikael:Ari motor mah Kawasaki.(reg nyaritana eureun teu kebat).
Si Carles:Ari monyet?! (panasaran)
Si Mikael:……Kawasia….ha…ha…ha….1:1

Caag

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa