Kamis, 28 Juli 2011

Nini Anteh 2

(1)

CAANG BULAN OPATWELAS. BARUDAK LALAKI DARATANG BARI NYARALUNG, DITUTURKEUNG KU BARUDAK AWEWE BARI TERUS KARAKAWIHAN.

LAGU (CING CANGKELING) :
cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
bapa satar buleneng---

cing cangkeling
ucing hideung nyirekem
pung ka bulan
nini anteh keur anteng---

yu urang ulin
meungpeung bulan ngagateng
pray duh siang
urang ngawih sing bareng---

BARUDAK AWEWE UCANG-UCANG ANGGE, BARUDAK LALAKI TERUS NABEUH CALUNG.

LAGU (UCANG-UCANG ANGGE)
ucang ucang angge
mulung muncang ka parangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu mang lebe
ari goo-gog cungungung

ucang ucang angge
mulung bentang ka sarongge
diudag ku munding bule
munding bule nu mang uhe
ari e-e gejebur.

ucang ucang angge
anu nyalung melong bae
sora bet aha-ehe
meureun hayangeun diteke
ari trek-trek bancunur.

BUDAK AWEWE EMPRAK. BARUDAK LALAKI ARULIN PEREPET JENGKOL JEUNG KARAKAWIHAN BARI TERUS NYALUNG.

LAGU (PEREPET JENGKOL)
perepet jengkol
cangkang kadu,
perepet jengkol
hayang tahu,
perepet jengkol
hayang jambu,
perepet jengkol
hayang bolu,
perepet jengkol
hayang miluuuuuuuuu---

milu oray-orayan
hayuuuuuuuuu---

BARUDAK AWEWE EUREUN EMPRAKNA, TULUY TINGBEREBET MILU ORAY-ORAYAN KA BARUDAK LALAKI.

LAGU (ORAY-ORAYAN):
oray-orayan, oray naon
oray bungka, bungka naon,
bungka laut, laut naon,
laut nyanggut, nyanggut naon,
nyanggut dipa, dipa naon,
dipandeuri---

oray-orayan, oray naon,
oray naga, naga naon,
naga langit, langit naon,
langit diting,diting naon,
ditinggalkeun---

oray-orayan, oray naon,
oray kadut, kadut naon,
kadut huut, huut naon,
huut diang, diang naon,
diangcunan---

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa