Minggu, 24 Juli 2011

Sesebutan Ka Jelema

Aki-aki:; lalaki nu geus kolot.
Baleg tampele; mangkat beger, wani di tukangeun ari di hareupeun era keneh.
Bijil bulu mayang; saharti jeung baleg tampele.
Budak gumelo; budak  nu can boga jeujeuhan (pikiran) kira-kira 2-4 taun.
Budak kamalole;budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daek cicing bari yeu kanyahooan naon sababna atawa kasakitna,
Budak pahatu; budak nu ditinggalkeun maot ku indungna.
Budak yatim; budak nu ditinggalkeun maot ku bapana,
Budak pahatu lalis; budak nu teu boga indung jeung bapa.
Bujang; lalaki nu geus baleg, tapi can kawin.
Bujang jengglengan; jajaka tulen.
Beubeureuh; kabogoh (lalaki)
Bebene; kabogoh (awewe)
Cawene; parawan (awewe nu can kawin).
Cetuk dawuk; jalma nu geus kolot, buukna geus meh kabeh jadi huis.
Duda; lalaki nu geus kungsi boga pamajikan, tapi can kawin deui.
Galak sinongnong; budak lalaki nu geus mimiti aya sir ka awewe (sarua jeung baleg tampele, ngan geus aya kawani).
Kolot; jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh.
Kolot sapeuting; jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kakara dijurukeun sapeuting.
Kokolot begog; jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan kolot.
Kontrong-kontrong; jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki.
Lanjang; aweawe nu can kawin.
Ngomboan; lalaki nu geus mimiti beger ka awewe, sorana ngagedean.
Parawan; cawene, awewe nu can kawin.
Parawan jekekan; mojang tulen.
Randa/rangda; awewe nu geus diserahkeun, atawa ditinggalkeun maot ku salakina.
Randa bengsrat/kulanjar; randa nu saenyana parawan keneh, can sapatemon jeung salakina memeh diserahkeun.
Sengserang panon; parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nenjo resep naksir.
Tengah tuwuh; jalma nu umrna kira-kira 40-45 taun.
Turun amis cau; parawan nu mimiti beger.

(Nyutat tina Peperenian)


Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa