Senin, 25 Juli 2011

Pahlawan Toha

Laras: Pelog atawa Degung
Gerakan: Sedeng
Rumpaka: A. Pemana

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyumkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh kolot
Tugu ngawangun ngajadi ciri
Tarate mangkak ligar di taman
Jadi bukti gugurna Pahlawan Toha

3 komentar: