Jumat, 22 Juli 2011

Harti jeung Wangunan Kabudayaan

Kasusatraan teh salah sahiji hasil tina kabinangkitan atawa kasenian.Ari kasenian salah sahiji babagian tina kabudayan.
Kecap "kabudayaan" asal tina "bud" jeung "daya".
"Bud" atawa "budh" hartina "hudang" atawa "gerak". Kecap "budi" hartina anu ngahudang atawa anu ngagerak. Wujudna mah "angen".
"Daya" tegesna kakuatan atawa tanaga anu aya dina jajaten. Jadi lain tanaga cara upamana bedasna gajah. Ieu mah upamana bae daya panarik reklame, daya komara, daya listrik, jsb.
Jadi harti saujratna mah "budaya" teh "tanaga anu ngahudang"
Ayeuna kecap kabudayaan teh geus jadi istilah wangenanana: "Hasil budi manusa dina lingkungan hirup kumbuhna" atawa "Saniskara anu dihasilkeun ku pangajaran atawa luang"
Contona: bae anu pangbabarina bae, upamana dahar.
Di bangsa A dahar geus anggeus ku dicomotan dihuap-huapkeun. Di B mah sirikna teu dirawuan dibebeskeun kana sungut. Di C dahar teh dicapitan ku awi dua. Di D mah make sendok garpuh.Kitu deui dina barang pake, barangjieun, barangala jeung cara hirup liana, unggal bangsa, sacarana-sacarana. Eta kabeh hasil tanaga budina atawa hasil pangajaran jeung luangna.
Ku kituna, kabudayan teh beunang dipake ciri kabangsaan, sajabana ti eta bisa nyirikeun potongan awakna, warna kulitna jeung sapapadana ti eta.
Kabudayan tea henteu bisa hudang atawa gerak kumaneh, kudu dihirupan ku tilu rupa hal, nya eta:
1. Cipta
anu ngagerakeun akal,hayang bisangawujudkeun nu dikandung dina angen. Hasil akal tea, bisa ngabuktikeun naon-naon anu nyata. Contona; Dina keur hujan, anu kacipta teh hayang tuhur.Tuluy timbul akal, yen cihujan teh kudu dihalangan supaya awak henteu baseuh. Dibuktikeun ku daun cau meunang ngahaja nilas, dipake "payung"
2. Rasa
Ieu mah gerakna teh kana kaendahan. contona: Daun cau anu dipake payung, moal dipilih anu panggorengan, tapi tangtu anu panghadenan, pangmulusna, pangalusna.
3. Karsa
Atawa karep, nyaeta anu nuju kana kahadean. Contona : Pangna hayang ulah baseuh kahujanan teh, supaya henteu jadi gering atawa papakean henteu ruksak.
Mekarna anu tilu rupa tea, dina hirupkumbuh lega mah kieu: 
Cipta, laun-laun nimbulkeun paelmuan jeung pangaweruh.Contona dina payung daun cau tea, diulik, diteangan padikana, dikotektak rusiahna nepika bisa nyieun jas hujan anu henteu tembus cai.
Rasa, anu henteu sugema ku daun cau pang alus-alusna, tuluy mekar kana kaendahan anu leuwih luhur, upamana bae mangrupa gabrdin sutra anu nya lemes nya haneut, tapi hampang jeung praktis dipakena. Nya nepi ka jadi kabinagkitan atawa kaseniaan tea.
Karsa, atawa karep, henteu sugema ku elmuna jeung endahna bae, eta jas hujan teh kudu ulah orat atawa henteu ngagasruk kana rasa hormat.
Cipta, rasa jeung karsa, bisana ngawujud teh kudu karana usaha. Lamun usaha tea alus hasilna, disebutna karya. Luhur handapna ajen karya, beunang dijieun ukuran nu boga budaya.
Tegesna, kabudayan teh ngalaman pirang-pirang jaman.Aya kabudayan pra sejarah, kabuyan baheula, kabudayan beh ditu jeung kabudayan modern.
Kabudayan tea, rupa-rupa cabangna. Nurutkeun hiji paririmbon kahot anu kapanggih tina kepek butut titinggal kolot, cabang-cabangna teh nyaeta:
1. Basa
parabot anu pang utama-utamana dina hirup kumbuhpikeun ngedalkeun pikiran jeung rasa. Ieu basa teh ebrehna babakuna ku lisan jeung tulisan. Tapi teu arang anu ebreh ku peta atawa tanda.
2.Lambaga
Ebrehna teh mangrupa adat, kabiasaan, cahara atawa pamake.
3. Agama
Nya eta  Gama atawa gawe, anu geus jadi pamuhitan pikeun pamageuh kaluhuran susila katut akhlak.
4. Winaya
Atikan anu nungtun kana kaluhuruha budi jeung kajembaran akal
5. Wiyasa
Ceuk basa ayeuna mah kasenian atawa kabinangkitan nu bisa ngebrehkeun kaagungan jeung kaendahan
6. Tatapraja
Bab ngatur jalma, ngaheuyeuk dayeuh, ngolah nagara kiwari disebutna "Politik".
7.Santika
Elmuning perang, carana ngagempur musuh, ngabela nagara, kaprawiraan kaprajuritan.
8. Undagi
Elmu wangun, tata titi arsitektur.
9. Perdata
Elmuning adil-adilan.
10. Raharja
kamahmuran kasuburan.
11. Sagara
Sawarnaning elmu laut jeung palayaran, ngurung tanggara (navigasi) jeung tranggana (elmu bentang).
12. Husada
Pangaweruh bab ubar-ubaran.
13. Marga
Tegesna jalan. Maksudna urusan lalar liwat, patalimarga, hubungan antara tempat jeung tempat.
14. Darmaga
Nya eta bendungan. Maksudna mah elmuning ngatur cai, bangsaning nyusuk ngabendung, nerus narutus, ngangler ngamalir, ngabobok ngahambaro jspp.
15. Tani
Elmuning ngolah taneuh ngeuyeuk taneuh, malar raweuy beuweungeun, rambay hakaneun, palias nyorang paila.
Unggal cabang kabudayan, diwangun ku sababaraha bagian laleutik minangka dahan.Dahan eta aya deui babagianana, minangkana rangrang.
Jadi lamun digambarkeun mah, tangkal kabudayan teh cabangna aya lima belas, diwangun ku sababaraha dahan, nu dijadikein ku pirang-pirang rangrang.
Pacorokna kabudayan pituin jeung kabudayan asing di jagat, ngalaman tilu rupa olahan, nya eta adaptasi, asimilasi jeung akulturasi
1. Adaptasi urang sebut wae sinaringan, nya eta nyokotan kabudayan asing tapi dipilihan anu hade.
2. Asimilasi urang sebut lambonan,hartina pacampur atawa pagalo. Nu dimaksud, pacampurna kabudayan asing jeung kabudayan pituin, nepi ka mangrupa kabudayan anyar.
3. Akulturasi, upama dipaksa disundakeun disebutna lindihan. Sabab buktina mah kabudayan asing ngalindih kabudayan pituin. Contona, urang marake calana niron urang Barat. Lilia-lila mah nepi ka aya urang Sunda teu bisaeun malah eraeun make samping.Conto sejen, awahing ku pogot kana singing jeung manyanyi,nepi ka "ngewa" kana kawih jeung tembang.Cag....
(Nyutat tina Kandaga,  M.A. Salmun)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa