Selasa, 06 Maret 2012

Pangkur

Palanggeran : 8-a, 11-a, 8-u, 7-a, 12-a, 8-a, 8-i.
Judul : Hutang Pati Bayar Pati
Dicutat tina Peperenian ku Kanda Kartawidjaja


Sang gaang samakta,
nyuhun batu, awakna dibeulit hinis,
dina buntut jarum pentul,
tatandang bari susumbar,
nunggu musuh munding bule, nu putukul,
bongan abong kena kuat,
adigung boga hate dir.


Samaruk hamo dilawan,
padahal mah, najan leutik asal pelit,
sanggup jurit bari unggul,
jangkung ge ditarajean,
komo ieu ukur dayut euweuh tanduk,
hayu urang perang,
rasakeun pamales aing.


Hutang uyah bayar uyah,
hutang pati, tangtu dibayar ku pati,
anak aing paeh tujuh,
paeh ku sakaasakeun sakali tincak,
abong kena ieu aing kuat suku,
rasakeun ieu pakarang,
geura datang tong jejerih.


Jigrag-jigrag bari tanggah,
rarat-reret neangan nu ngajak jurit,
umba-ambeu, ungas-ingus,
mawa rawe dina sirah,
dina tonggong jigana mah mawa bubu,
maksudna eukeur naheunan,
sato leutik nu aprelit.


Sabot Si Bule tatandang,
henteu nempo musuh dina tangkal kai,
enggeus ngincer mawa batu,
dicentang lebah panona,
gerang-gerung Si Bule teh ngarumpuyuk,
tangginas sang gaang luncat,
rek meuncit musuh ku hinis.


Si Bule adug-adugan,
ambek nyedek, sukuna mani pakupis,
hanjakal teu boga tanduk,
musuh ngan ukur karasa,
boga panon duanana tambuh,
na saha anu merangan,
geuning pinter bisa licik.


Suku buntut pada meta,
Sang Gaang mah, cungcat-cingcet estu gasik,
najan si musuh babadug,
ripuh ku polah sorangan,
tanaga dihambur-hambur teu puguh,
sang gaang ngarasa punah,
geus bisa males kanyeri.
r

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa