Senin, 23 Januari 2012

Tap Akur

Sabada salat
tuluy munajat
kalawan to'at
Di kamar leutik
diliung bilik
keur anteng calik
Di tempat suci
tapakur muji
mantep ka Gusti
neda hidayah
miceun kasusah
nu patulayah
Di dunya kusut
pakutcrut ribut
ku nu parebut


(tina Kandaga III)


Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa