Jumat, 25 November 2011

Wangenan jeung Harti

1. Wangenan

Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata dina basa Inggris disebut lexicon. Ari asalna mah tina basa Yunani : Lexicon hartina "kecap". Widang elmu basa anu maluruh selang surupna kandaga kecap, parobahan, katut kamekaranana disebut leksikologi. Kandaga kecap bisa dihartikeun: (1) Sakumna kecap nu aya dina hiji basa, (2) kecap-kecap nu geus dipikanyaho jeung dipake ku jalma-jalma di hiji wewengkon, (3) kecap-kecap nu dipake dina hiji widang elmu pangaweruh anu tangtu, (4) dina elmu basa: sakumna morfem nu aya dina hiji basa, (5) daftar sapuratina kecap (ungkara) tina hiji basa anu disusun kalawan alfabetis, anu biasana dilengkepan ku wangenan jeung katerangan.

Kandaga kecap teh robah ti mangsa ka mangsa, henteu angger, mekar ngarekahan atawa ngurangan. Tumuwuh jeung mekarna kandaga kecap teh sok aya patalina jeung rembesna kecap atawa ungkara basa lian, boh wangunan boh hartina. Mun geus aya dina hiji basa, kecap-kecap dina basa deungeun teh sok teu karasa asingna.

Pikeun kaperluan anu tangtu, upamana pikeun pangbakuan, pamekaran jeung pangajaran basa, kecap-kecap teh biasana sok disusun dina buku khusus, anu disebut kamus (leksikon). Bagian tina elmu basa anu maluruh dasar-dasar nyusun kamus, saperti nu patali jeung ngumpulkeun data, milih data, nyieun papasingan data, ngo;ah data, nyusun data sacara alfabetis , sarta nysusn wangenan katut katerangan lianna, disebut leksikografi. Wangun pangleutikan anu jadi poko (entri) dina kamus teh disebutna leksem  (kecap disebutna leksikal). Ari harti nu dikandung ku leksem disebut harti leksikal.

2. Harti Kecap
Harti nya eta patalina antara lambang omongan jeung objek (referen, konsep ) anu dimaksudna. Harti  mangrupa eusi (maksud) anu dikandung ku kecap atawa omongan, atawa naon-naon anu dimaksud ku panyatur basa. Ku kitu, Ullman (1972:57) netelakeun yen antara lambang jeung sora jeung harti raket patalina. Upamana urang ngadenge hiji kecap, tangtu wae urang bakal nyipta kumaha "wujud barangna", sarta bakal ngarti kana naon nu dituduhkeun ku objek eta tea. Bagian tina elmu basa anu maluruh selang surupna harti, parobahan katut kamekaran disebut tata harti (semantik).

Omongan manusa teh hakekatnana mah, ngandung harti anu gumulung tina: tema (sense), rasa (feling), nada (tone), jeung amanat (intension). Tema nyaeta ide (pokok pasualan) nu keur dicaritakeun, rasa harti disawangan tina sikep panyatur basa ka pangregep, jeung amanat nyaeta maksud nu ditepikeun ka pangregep sangkan kahartieun. Contona kalimah: Isuk-isuk teuing datang teh jang?anu diucapkeun ku guru ka muridna anu datangna kabeurangan, temana ngabejakeun aya budak kabeurangan, rasana nuduhkeun kakeuheul, nadana nuduhkeun nyindiran, ari amanatna nanyakeun naha datang ka sakola teh beurang-beurang teuing.

Harti teh gurat badagna bisa dipasing-pasing kieu:

Harti leksikal nyaeta harti unsur-unsur basa anu mangrupa lambang barang, hal objek, jste. Harti langsung nyaetaharti anu langsung nuduhkeun konsep anu tangtu tina hiji objek. Biasan oge disebut harti puseur, denotatif, referensial, kognitif, logikal jeung deskriftif. Contona:

Manehna keur ngahampas kalapa, (harti langsung) 
Anjeun ulah ngahampas ka kuring, (harti injeuman)

Harti injeuman, nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun; objekna; biasan ngandung rasa, tapsiran, jeung ingetan kana objek sejen. Harti injeuman teh aya sababaraha rupa.

1). Harti konotatif, nayeta harti anu mangrupa tambahan kana harti langsung. Contona Nyi Icih teh di kelasna mah kaasup bentangna (panggeulisna)
2. Harti afektif, nyaeta harti anu muncul balukar ayana pamadegan panyatur kana hiji objekbinarung rasa atawa emosi . Contona: berek, bisa, tiasa. iasa harti harti langsungna mah sarua, tapi rasa anu dikandungnamah beda.
3. Harti reflektif, nyaeta anu muncul lantaran pangregep matalikeun hiji harti langsung jeung harti langsung sejenna, nepika muncul refleksi kana harti sejen tea. Biasana raket patalina jeung pantangan, kapercayaan, jeung kasopanan. Harti reflektif nu patali jeung pantangan, kapercayaan jeung kasopanan disebut harti piktorial. Contona ngising jadi kabeuratan, torek jadi kirang nguping, paeh jadi dugi ka hanteuna. harti reflektif nu patali jeung pantangan katut kapercayaan jeung kasopanan disebut gereflektif. Contona jurig, jadi nu ngaeugeuh, maung jadi karuhun atawa urang leuweung.
4. Harti stilistik, nayeta harti anu biasana aya dina gaya basa atawa rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ku pangregep. Contona, gaduh tanah teh mung satapak peucang.
5. Harti kolokatif, nyaeta harti anu ngan bisa muncul dina lingkungan kecap (ungkara)anu sarua.Contona: demplon jeung geulis ngan tumerap ka awewe wungkul.
6. Harti idiomatik, nyaeta harti anu aya dina pakeman basa (idiom) atawa wangunan basa anu husus sarta teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti unsur-unsurna. Contona, hampang birit, "pangmiceunkeun tampolong".

Harti struktural, nyaeta  harti anu muncul balukar patepungna unsur-unsur basa. Harti struktural, aya sababaraha rupa.

1. Harti gramatikal, nayeta harti anu muncul balukar patepungna wangun-wangun gramatik (morfem, kecap, frasa, klausa, kalimah) dina wangun anu leuwih jembar. Contona: ka+tincak-katincak, harti gramatikal teu dihaja; keur +manehna-keur manehna; harti gramatikal tujuan.

2. Harti tematikal, nyaeta harti anu muncul balukar museurkeun paniten jeung nekenkeun lentong salahsahiji unsur basa.
Contona:
Anu maot dilengkehan ucing hirup.
Anu maot/dilengkahan ucing hirup.
Anu maot dilengkahan ucing/hirup.
Anu maot dilengkahan/ucing hirup.

Harti dina basa mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaeta:
1. basa miboga sipat barobah.
2. dina basa sok aya wangunan basa anu samar (vaguenes)
3. dina basa sok aya wangun atawa ungkara basa anu miganda harti (ambiguous);
4. dina basa sok aya kajadian leungitna dadasar; jeung
5. unggal basa miboga struktur leksikal.

Jaba ti eta, aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaeta faktor:
1. linguistik
2. sosial
3. psikologis
4. historis
5. basa deungeun; jeung
6. pangabutuh kana kecap anyar.

Parobahan harti teh aya sababaraha rupa (proses), diantarana nyaeta:
1. ngajembaran (generalistik)
2. ngaheureutan (spesialisasi, spesipikasi)
3. ngahandapan (asosiasi), jeung
4. matukeurkeun (sinestesia).

Cag.


(Kamekaran, Adegan Jeung Kandaga Kecap Basa Sunda; Drs. Abud Prawirasumantri)


1 komentar: