Sabtu, 19 November 2011

Surung Munding jeung Ucing-ucingan

make a gif

Sumber photo:kuwarasanku.blogspot.com

Surung munding mangrupa kaulinan barudak lalaki. Dina surung munding anu diutamakeun teh tanaga (kakuatan). Carana, duaan pahareup-hareup, terus jogol, silih surung pakuat-kuat tanaga. Nu ngariung ngalalajoanana sok bari ngawih:
Gere tong gere tong
nu eleh dipotong
gere tong gere tong
nu eleh dipotong
ucing-ucingan bisa dilakukeun ku barudak lalaki atawa barudak awewe. Samemeh prung sok ngarariung heula bari dikawihan ku saurang.
Cingcangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
bapa satar buleneng
Nu ngawih teh xurukna bari acir-aciran, nuduh ka unggal jelema. Lamun palebah "buleneng". curukna nunjuk ka Si A, nya Si A nu jadi ucingna, kudu ngudag-ngudag nu sejen. Anu katewak, eta nu kagiliran jadi ucing.






(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa