Minggu, 13 November 2011

Pancaraken


Assalamu'alaikum....sampurasun...bari ngadagoan tunduh, posting ah.Biasa we nyutat, ..tina Peperenian anu diserat ku Bapak Drs.Ahmad Hadi,Spk, anu diterbitkeun ku CV.Geger Sunten Bandung.

Dina kasempetan posting peuting ieu, kuring rek ngaguar ngenaan pancaraken atawa parabot-parabot dapur, anu biasa di pake khususnya ku urang sunda.Jigana keur barudak ayeuna mah loba nu teu apal. Sababna jaman ayeuna mah geus ngabadeg parabot-parabot anu dijieun tina palastik jsb.Tapi henteu dibarengan ku gambarna, teu bisa asupkeunana....hehe....mun hayang apal gambarna, sok teangan we bukuna nya.

Sabenerna mah loba rupana pancaraken, ngan dina kasempetan ieu mah ukur sabagaen leutik anu ku kuring rek diguar, diantarana nyaeta:


Aseupan: dijieun tina awi, biasana digunakeun pikeun nyeupankeun sangu.
Ayakan: dijiun tina awi, pikeun ngala lauk atawa pikeun ngayak
Baki: dijieun tina awi atawa beusi. Paranti ngawadahan gelas atawa keler mun keur susuguh
Bakul: dijieun tina awi, paranti wadah beas atawa sangu.
Baskom: dijieun tina kaleng/alumunium. Paranti wawadahan, beas, sangu, dahareun jsb
Boboko: dijieun tina awi, paranti wadah sangu
Cecempeh: dijieun tina awi, paranti napikeun beas atawa moe kadaharan
Centong: dijieun tina kai, paranti nyiuk sangu (*biasa oge dipake pikeun ngakeul sangu)
Centing: dijieun tina taneuh, paranti wadah uyah
Cewo: dijieun tina taneuh beureum. Paranti meuleum uyah guruntulan supaya lemes
Coet jeung Mutu: dijieun tina taneuh atawa batu.Paranti nyambel
Cukil: dijieun tina kai atawa awi.Paranti nyiuk sangu
Cumbung: dijieun dina awi.Paranti wadah sangu dinu kariaan
Didingklik/jojodog:dijieun tina kai.Paranti diuk di hareupeun hawu
Dingkul: atawa bodag/boboko gede:paranti wadah sangu atawa wadah beas
Dulang jeung Hihid: dulang dijieun tina kai.Paranti ngakeul (ngarih) jsb.Hihid dijieun tina awi, paranti ngahihidan sangu jsb).
Emuk jeung Cangkir: dijieun tina seng/kaleng.Paranti wadah cai
Gayung/siwur:dijieun tina batok kalapa.Paranti nyiuk cai tina buyung

................Mimiti eunteup yeuh sakadang tunduh.....ngopi heula aaahhh......................................sanggeus 3 tilu jam

Gentong/buyung: dijieun tina taneuh.Paranti wadah cai atawa beas
Halu: dijieun tina kai.Paranti nutu
Hawu: dijieun tina taneuh atawa semen.Paranti mirun seuneu di dapur, keur ngasakaeun kadaharan atawa naheur cai.
....................................Cag ah sakitu heula nya.Insyaallah kahareup urang pedar deui.Ieu panon teu bisa diajak dami.

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa