Paciwit-ciwit lutung
kaulinan paciwit-ciwit lutung sok dilakukeun ku tiluan atawa ku opatan. Carana silih ciwit kitu teh sok dikawihan:
Paciwit-ciwit lutung
si lutung pindah ka tungtung
paciwit-ciwit lutung
si lutung pindah ka tungtung
Kaulina pacublek-cublek uang sok dipilampah ku barudak awewe, duaan atawa tiluan. Carana, maing-masing dampal leungeuna dikeupeulkeun, tuluy disimpen di handap. Salah saurang jadi indung, anu purah mepegan peureup, si indung ngawih.
pacublek-cublek uang
Si Uang maung lenter
matata-mutiti
Si titi mau kawin
pa emh, pa emh emh.....
nu peureupna kapepeg pangpandeurina (bareng jeung panungtungan kawih), rikat disumputkeun ka tukang. tuluy indung mepegan peureup nu sejenna deui, bari angger ngawih, tepi ka anggeus (peureup sarerea geus aya di tukang). Saha nu peureupna pangheulana dikatukangkeun, eta nu kagiliran mepegan (jadi indung) dina balenan anu kadua.
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa