Minggu, 27 November 2011

Ngaran-ngaran Wangunan

Bagan: saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di Banten disebutna bagang
Balandongan: adegan saheulaanan pikeun narima semah; tempat kamonesan di nu kariaan
Bale: adegan wangunan
Bale bandung: tempat ngabandungan parentah raja
Bale desa: kantor pamong desa
Bale kota: kantor walikota
Bale watangan: kantor pangadilan
Bedeng: imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upamana bae pagawe kontrakan
Elos: adegan nu biasa tara dibilikansabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun
Garduh: wawangunan leutik sisi jalan, tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda
Gosail: adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tina beusi)
Imah: wangunan tempat pamatuhan jalma
Istal/gedogan: kandang kuda
Jobong: kamar atawa imah leutik nu nempel di imah batur
Jongko/kios: adegan pikeun tempat dagang
Karapyak: kandang munding atawa sapi
Kobong: kamar leutik
Langgar: adegan tempat salat atawa diajar ngaji (dipakampungan)
Leuit: wangunan paranti nyimpen pare
Lio: adegan paranti nyieun kenteng atawa bata
Masigit: adegan gede paranti salat
Masjid: adegan gede paranti salat. Masjid agung masjid gede nu aya di kota kabupaten.
Masjid jami: masjid nu teu sabaraha gedena, nu aya diunggal tempat, paranti salat (jumaahan)
Pagupon: kandnag japati
Paranje: kandang hayam
Ranggon: saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya di luhur kai paranti ngintip sato
Saung: adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti reureuh patani.
Saung lisung: saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu
Sorondoy: wangunaan leutik nu ditempelkeun ka imah, dipake nyimpen kai, parabot nyawah jste.
Tajug: masjid leutik dipakampungan



 (Tina Peperenian: Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa