Atah anjang:langka silih anjangan
Adigung adiguna:takabur, sombong
Ambek nyedek tanaga midek:napsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogogan kalong:mikahayang nu lain-lain
Adat ka kurung ku iga:lampah goreng hese leungitna
Alak paul:jauh pisan
Aki-aki tujuh mulud:geus kolot pisan
Ayem tengtrem:tenang taya kasieun
Asa teu beungeutan:awahing ku era
Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan:mupuas kanu keur cilaka
Amis budi:hade paroman
Aya jurig tumpak kuda:aya milik nu teu disangka-sangka
Aya jalan komo meuntas:aya kahayang, tambah aya nu ngajak
Awewe dulang tinande:awewe nurutkeun kumaha salaki
Amis daging:babari katerap panyakit
Abong letah teu tulangan:sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun batur
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecad sawed:ari umur geus kolot, ari kahayang siga budak ngora
Agul ku payung butut:agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik:aya kahayang
Asa ditonjok congcot:ngarasa bungah pisan
Adean ku kuda beureum:ginding ku pakean meunang nginjeum
(Tina Peperenian: Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa