Wanci janari gede; kira-kira tabuh 01.00-03.00 peuting
Wanci janari leutik; kira-kira tabuh 03.30-04.30
Wanci balebat; waktu pajar geus udat-udat (sinar panon poe) beulah wetan (-+04.30)
Wanci carancang tihang; wanci liwat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh (-+tabuh 4:30-05:00)
Wanci rumangsang; waktu panon poe geus karasa mimiti karasa panas (-+tabuh 09:00)
Wanci pecat sawed; waktu munding nu dipake gawe dilaan sawedna (-+ tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor; waktu panon poe luhureun sirah, tengah poe (tabuh 12:00)
Wanci lingsir ngulon;waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon (tabuh 13:00)
Wanci panonpoe satangtung; -+ tabuh 15:00
Wanci tunggang gunung; waktu panon poe geus rek surup ayana dina luhureun gunung (-+tabuh 16:00-17:00)
Wanci sariak layung; waktu layung (sinar panonpoe) di langit katenjo beureum (-+ tabuh 17:00-18:00)
Wanci sareupna; geus mimiti poek (-+ tabuh 18:30)
Wanci sareureuh budak; waktu budak leutik geus mimiti carapeeun tas hareureuy jeung dulur (-+tabuh 20:00)
Wanci tengah peuting; -+ tabuh 12:00
(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa