Senin, 26 September 2011

Nu Reueus Kana Sastra Sunda

Upama aya urang Jepang anu pasehat ngagunakeun Basa Sunda, salahsaurangna nyaeta Dr. Mikihiro Moriyama. Dirina teu saukur pasehat nyarita ku Basa Sunda, dina kahirupan sapopoe, tapi oge mampuh mikir jeung ngebrehkeun pikiranana kalawan lisan.

Kamapuhna dina ngagunakeun Basa Sunda ditembongkeun ka sakumna nu hadir dina acara sawala buku semangat baru:Kolonialisme, Budaya Cetak jeung Kasusatraan Sunda Abad  ke-19 di Gedung loka Abika Widya Itenas, Bandung sawatara waktu katukang. Nu nyawang eta buku Mikihiro, nyaeta Prof. Dr.Iskandarwassid, M.Pd. jeung Drs. A.N. Muhtadin. Sedengkeun anu jadi panumbu caturna H.W. Setiawan

Buku anu ditulis salila sawelas taun ku seler teureuh Nippon ieu teh judul asalna nyaeta buku A New Spirit: Sundanese Publising anda changing Confirugation of writing in Nineteent Century West Java. Satuluyna eta buku ditarjamahkeun kana Basa indonesia  ku Suryadi, M.A, jeung diterbitkeun ku Kapustakaan Populer Gramedia (KPG, 2005).

Gagasan pikeun nalungtik perkara asal muasal tulisan Sunda Modern ieu teh mimitina mah basa keur dirina matuh di Leiden taun 1998. Tumuwuhna karep pikeun nulis  disertasi ngeunaan kasundaan teh saprak dirina amprok jeung R. Heing Maler.

"Sedengkeun bahan-bahan anu ku abdi diserat tos dikempelkeun sateuacana." ceuk Mikihiro ku Basa Sundan anu lentongna oge mani nyunda.

Moehammad Moesa mangrupa sastrawan anu jadi puseur panalungtikanana. "Moehammad Moesa dianggap satrawan anu hebat dina mangsana, panulis anu pinunjul, sarta anu ngawasa pisan kana ragam Basa Sunda. Data-data ngeunaan Moehammad Moesa rea anu kapanggih di Leiden. Kumargi kitu, abdi miharep ieu hasil karya teh jadi nuwuhkeun sumanget pikeun panulis sejenna nu aya di Tatar Sundana sorangan, utamana dina ngagali kabeungharan basa jeung sastra Sunda dina abad ka-19. Naon-naon anu ditulis ku abdi kakara kumpulan pananya". Ceuk Mikihiro handap asor pisan.

Kiwari  ieu alumnus alumnus Fakultas Sastra Univesrsitas  Leiden, ngajar di Univesitas Nazan Jepang."Di Jepang abdi teu mung ukur basa jeung Sastra Sunda, tapi ngajar oge basa jeung sastra Indonesia."

Upama dirina dipanjangkeun umur, baris tetep museurkeun panitenana kana kamekaran jeung tumuwuhna sastra Sunda.Nu jadi alesanana teh cenah yen dina karya sastra Sunda mah leubeut informasi anu gede pisan ajenna, nu teu ukur mangpaat pikeun dirina, tapi oge pikeun jalma sejenna,  pangpangna pikeun masyarakat Sundana sorangan.

"Ieu buku anu ditulis teh itung-itung tawis nuhun ka urang Sunda geus ngajadikeun diri abdi saperti kiwari.Naon-naon anu ku simkuring ditaluntik, diwangsulkeun deui ka urang Sunda nyalira. Mugia wae urang Sunda kersa ngaosna." ceuk Dr. Mikihiro Moriyama bari imut.

Ditarjamahkeun tina
Pikiran Rakyat


(Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)

1 komentar: