Jumat, 22 Juli 2011

Paribasa

Paribasa, anu dina elmu basa kaasup basa pakeman, nyaeta kalimah atawa kecap anu geus pasti, geus matuh, kudu kitu unina, teu meunang robah tempatna atwa dilemeskeun.
Hiji-hijina warna basa pakeman tea, nyaeta:
1. Basa lemes, (basa nu boga pakeman pribadi).
2. Paribasa jeung sabangsana.
3. Basa kabujanggaan.
4. Basa istilah.
5. Kacapangan.
Paribasa jeung sabangsana
Anu karasa perluna diterangkeun di dieu, dumeh raket patalina jeung kasusastraan, nyaeta "Paribasa jeung sabangsana". Ari sababna, dumeh eta paribasa teh dina kasusatraan mah lain ngan jadi mamanis bae, tapi bisa ngagambarkeun naon-naon kalawan ringkes teges. Pondok catur, panjang maksud.
Nurutkeun dr. H.H. Juynboll, ari harti sacerewelena mah "paribasa" teh "panyarek" (panyeuseul). Tapi dina harti kiwari geus ngeser hartina, lain nyarek, lain nyeuseul, tapi "basa umum" anu prah diparake ku sarerea pikeun nyinggekeun carita anu panjang maksudna.
Tadi disebutkeun "paribasa jeung sabangsana", ari sababna anu matak diimplik-implikan ku "jeung sabangsana" teh dumeh nurutkeun anu kapapay mah, warnana paribasa teh sing horeng rupa-rupa. Hiji-hijina nyaeta:
1. Paribasa (nu asli) sipatna teh ngabandingkeun atawa ngupamakeun jeung mapandekeun.
2. Babasan (wiwilangan) sipatna rarahulan (hiperbola) atawa ngasor (litotes).
3. Basa Sindir, dumeh asalna tina sisindiran.
4. asal kajadian, sipatna minangka judul tina salah sahiji kajadian anu aya caritakeunana.
5. Basa kabujanggaan, anu sakapeung mangrupa wiwilangan, sakapeung kalimah anu teleb sarta anteb nanceb kana hate anu dibawa nyarita.
6. Paribasa asing, boh asal tina spreekwoorden, tina proverbe atawa sprichwort, malah rea ti jaman Yunani jeung Rumawi, ayeuna geus bumetah di kalangan basa Sunda.
Make paribasa, urang kudu apal ejaan, sabab lamun teu neggel bener, hartina oge pasti mengpar.
Paribasa henteu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun.
Jadi lamun camat ka Bupati nyebut "asa uyah kidul" teh henteu kudu "raos abdi uyah kidul".
Kitu deui lamun nyieun babasan "mastaka bapa wadana teh geuning hulu petieun", eta mah kudu kitu we.
Basa sindir "bisi aya nu kapiring leutik", henteu kudu jadi "bilih aya nu kapiring alit", tapi tetep "bilih aya nu kapiring leutik", jadi anu dilemeskeun teh ngan kecap "bisi" jadi "bilih", ari "leutik" mah tetep bae "leutik".
Dalah kecapna jeung engangna, teu meunang dikurangan-dileuwihkeun.Contona dina cocok lambaran aya guguritan paribasa anu hartina "lain babadna" atawa "lain tandingna", kieu:
"Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir"
"Jogjog neureuy buah loa"
"anjing ngagogogan kalong"
"cecendet mande kiara"
"cileuncang mande sagara"
"bonteng ngalawan kadu"
"pacikrak ngalawan merak"
Saterusna, anu sabangsana ti eta tapi henteu kaasup kana pupuh Asmarandana, lantaran geus cukup nyaeta:
"hunyur mapandean gunung"
"peucang mandean manjangan"
"ngajul bentang ku asiwung"
"malengpeng pakel ku munding"
Boh dina Asmarandana, boh dina panambahna, urang mendakan hal anu ceuk hukum paramasastra mah mah, "henteu tigin", henteu satuhu, nyaeta kecap "mande, mandean jeung mapandean". Tiluanana maksudna mah "nyaruaan, nyasamaan".
Tapi ku hukum paribasa jeung hukum dangding kecap anu tilu rupa teh dina welitan eta mah dimeunangkeunkitu makena. Jadi henteu meunang tuluy dirobah upamana: "Hunyur mande gunung"". Kitu deui kecap "ngalawan" jeung "ngalawanan" dina bonteng ngalawan kadu, jeung "Pacikrak ngalawan merak", hukumna mah sarua wae jeung mande, manpandean tadi.
Eta kabeh, "mande, mandean, mapandean, ngalawan, ngalawanan"", dipakena tangtuna ge dumeh gugon kana kawitarka. Dina conto-conto eta ku urang katangen "pabaliutna" basa, upana ngagugu kana kawitarka tea. Nu matak, ari lain pohara kapaksana mah sabisa-bisa mending ulah ngagunakeun kawitarka teh.
Jabana ti kitu, kabiasaan paribasa anu tulen Sunda, ku kolot teh sok diatur dalapan-dalapan engang, cara ungkara-ungkara dina kawih pantun bae. Hiji dua, memang aya iwalna. Tapi kabiasaanana mah dalapan-dalapan tea.
Geura ieu bandingkeun paribasa ti Jawa jeung nu asli Sunda:
"Iwak nangtang sujen"
"Lauk nyampeurkeun panggangan"
"Oray nyampeurkeun paneungeul"
"Adam lali ing tapel"
"Kacang poho ka tuturus"
"Kacang nukang ka lanjaran"
Henteu kabeh kitu, tapi anu sakira bisa didalapankeun mah sok didalapankeun paribasa sababaraha rupa.
Ayeuna urang kari nitenan warna sarupa-sarupana.
1. Paribasa Asli
Ieu teh sipatna ngabandingkeun, ngupamakeun jeung mapandekeun. Sawareh, ngupamakeun teh jol pok bae disebut babandinganana, tapi sawareh deui make "cara" "siga" jeung"lir", malah dina tembang mah aya anu make "kadya". Saenyana eta teh mengpar tina pakeman. Ulah diturutan.
A.Conto anu torojogam make babandingan
1. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecad sawed.
2. Maut nyere ka congona.
3. Nangkeup mawa eunyeuh.
4. Nyieun heler tengah huma.
5. Mihape hayam ka heulang.
6. Ti kikirik neupika jadi anjing.
7. Kejo asak, angen datang.
B. Anu make, cara, siga jeung lir.
Tapi memeh mere conto hayang negeskeun heula, carana make kecap-kecap cara, siga, jeung "kawas" katut "lir", anu maksudna kabeh oge "saperti".
"Cara", nuduhkeun petana atawa paripolahna. Kalakuanana.
"Siga", nuduhkeun rupana atawa bangunna, sakapeung warnana.
"Kawas", nuduhkeun katembongna.
"Lir", asal "Lwir", nyaeta:, "Bapa Satar  cara anjing tutung buntut", Eta teh pasti nuduhkeun kana kalakuanana anu kokotetengan, henteu ngeunah cicing lantaran boga kasusah atawa kanyeuri. Beda deui jeung nyebut, "Bapa Satar siga anjing tutung buntut". Ieu mah artina beungeut Bapa Satar rupana sarua jeung beungeut anjinga anu tutung buntutna tea. Eta tangtu salah, sabab moal enya aya jalama sarua jeung anjing.
Komo salah disebut, "Kawas anjing tutung buntut" mah, sabab sagoreng-goreng patutna jelema, mustahil katembongna ngacir aya buntutan siga anjing.
Jadi kade sing ati-ati makena.
Ieu conto-contona:
Lir emas sinangling.Lir gula jeung peueut.
  • Cara cai dina daun taleus.
  • Cara bueuk beunang mabuk.
  • Cara monyet keuna sumpit.
  • Cara hayam rek endogan.
  • Cara beuleum keong.
  • Siga dodol bulukan.
  • Siga kedok bakal.
  • Siga tunggul kahuru.
  • Siga beubeulahan terong.
  • Siga birit seeng.
  • Lir Rama jeung Sinta.
  • Lir berlian diwatangan emas.
  • Lir bulan diliung bentang.
Dina conto-conto eta tetela, yen "kawas" mah henteu diasupkeun, sabab biasana "kawas" mah dipakena lain dina paribasa, tapi dina babandingan basa janget ilahar, upamana bae: "Ngembat paul kawas dina gambar", atawa "Puncak gunung kawas nu napel ka langit". Atawa, "Nu ka kidulkeun teh jangkung-jangkungna mah kawas Ama Saca, nya". Eta kabeh nuduhkeun katenjona.
    2. Babasan atawa wiwilangan.
    Lain basa nu enyaan. Wiwilangan atawa bibilangan ngan sakadar ucapan, omongan. Ngaranna bae geus ngabejakeun maneh, yen ulah dihartikeun sacerewelena. Ari rupa-rupa, upamana bae:
    A. Rarahulan
    • Hulu dijieun suku, suku dijieun hulu.
    • Gajah meta maung ngamuk, bagean kaula.
    • Tunggul dirarud, catang dirumpak.
    • Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega.
    • Behditueun alak paul.
    Rarahulan tea, henteu misti digambarkeunanana ku bangsaning anu gede atawa anu luhur jeung pohara. Masing digambarkeunana kunu laleutik oge, asal sipatna nuduhkeun rahul atawa nuduhkeun rosa kajadianana, beunang bae diasupkeun kana rarahulan. Upamana.
      • Najan dibawa asup kana liang cocopet...
      • Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag di walang-walang.
      • Dibelaan kuru cileuh, kentel peujit
      • Lengkeh tanding papanting.
      • Sagede bakatul hiber.
      B. Ngasor (litotes)
      Ieu sabalikna tina rarahulan, sabab sipatna handap asor atawa ngarendahkeun maneh, ataawa ngaleutik-leutik maneh. Bisa jadi bari jeung barangna anu digambarkeun teh kabeneran leutik, saeutik atawa murah. Contona:
      1. Dumeudeul sasieureun sabeunyeureun.
      2. Rumojong sacongo rema.
      3. Kokoro nyoso, malarat rosa.
      4. Lieuk euweuh, ragap taya.
      5. Ngahaturanan tuang sapulukaneun.
      C. Basa bobodoan
      Ieu oge basa anu hartina henteu dimaksud supaya dihartikeun saujratna. Memang aya hartina anu saujratna mah, tapi da lain eta nu dimaksud. Upamana bae "pangjang leungeun". Harti anu saujratna "leungeun anu henteu pondok". Tapi dina basa bobodoan mah maksudna teh, "jelema nu sok puak-paok".
      Nu sok dipake basa bobodoan teh biasana babagian badan manusa. Sakapeung sok sipatna atawa pagaweanana. Contona:
      1. Nu sok teuteunggeul : hampang leungeun.
      2. Nu babari dititah: hampang birit.
      3. Nu adigung: gede hulu.
      4. Nu teu kabagean: bengkok tikoro.
      5. Nu teu awet rejeki: lesang kuras.
      6. Nu teu aya kanyaho: buta tuli.
      7. Nu cilaka keur nyaba: mapag kala.
      3. Basa Sindir
      Disebut basa sindir soteh, dumeh paribasa model kieu asalna tina sisindiran. Sawareh mah geus teu karasa deui, yen eta teh saenyana sisindiran, asa paribasa asli wae.
      Ari wujudna, sawareh mah aya anu "cangkang paparikan", aya nu "cangkang bangbalikan", anu dina istilah sisindiran disebut "bangbalikan lanjaran" tea.
      Duanana oge sok tara jeung eusina, malah aya anu cangkangna ngahaja beda pisan dieusinana, cara upamana "batu turun keusik naek".
      Dina hukum sisindiran mah eusina teh "itu purun kuring daek". Tapi dina paribasa mah hartina, "menak jadi somah, somah jadi menak". Tuh sakitu bedana.
      Patali jeung eusi anu disumput salindungkeun tea, urang kudu pohara ati-atina lamun mendak paribasa model basa sindir. Bisi aya anu hartina pikeun kahadean, heug dipake pikeun kagorengan. Contona upamana bae, "geus jadi sabiwir hiji".
      Eta teh maksudna mah bangbalikan "balem", nyaeta biwir dua, ti luhur ti handap, dihijikeun. ari mistina dipake kana kahadean, upamana, "sastrawan teh geus jadi sabiwir hiji, jadi pangaleman sarerea (dialem ku sarerea)".
      Atuh salah lamun nyebut, "bangsat gerot nu geus jadi sabiwir hiji, sabab moal aya jalma anu ngalem bangsat".
      Patali jeung eusi sisindiran (lain maksud paribasa)anu disumputkeun tea, dina conto-conto di handap eusi sisindiran rek diteundeun antara kurung. Tapi peupeujeuh, ieu mah ngan supaya tetela bae, sabab dina diapkena mah eusi sisindiran teh sok tara dibawa-bawa. Malah eta pisan sababna, pangna bangbalikan disebut, "bangbalikan lanjaran" oge.
      A. Tina paparikan
      1. Dilantayan komo naek. (dilantaran komo daek).
      2. Ulah mabok ari saruas mah (Ulah moyok ari sarua mah).
      3. Adean ku kuda beureum (Hadean ku banda deungeun).
      4. Paribasa nganyam samak (Paribasa neang anak).
      5. Cukup belengur baraganaya (Cukup keu batur, sorangan teu aya).
      6. Nginjeum sirib kanu nyair (Nginjeum duit kanu kawin).
      7. Nyarek ka bolang, taleus ge ateul (Nyarek ka urang anjeuna ge teu bageur).
      B. Bangbalikan lanjaran
      1. Teu puguh monyet hideungna (tungtungna lutung).
      2. Aya ka kelor hejona (pikaseurieunana, turi).
      3. Aya nu dianjing cai (diheroan, sero).
      4. Geus jadi sabiwir hiji (pangaleman, balem).
      5. Deukeut-deukeut anak taleus (nyangkewok teu kanyahoan, tewok).
      C. Bangbalikan pondok
      1. Kabedil langit (kalinglap, gelap).
      2. Ngembang kadu (olohok).
      3. Ngembang boled (tetela, tela).
      4. Kapiring leutik (kaisinan, pisin).
      5. Wadah benang (dusun, dus).
      4. Asal kajadian
      Tegesna mah sasakala. Gelarna eta paribasa di urang teh dumeh tadina aya kajadianana. Tah, "judul" eta kajadian tea nepi ka mangrupa paribasa.
      Tiantara anu kajadian tea, rea anu karandapan ku bangsa deungeun, tapi dina lingkungan hirup kumbuh urang. Lantaran aneh, henteu kajadian sapopoe, eta kajadian-kajadian tea boh nu karandapan ku deungeun-deungeun, boh nu ku urang pribadi, nepi ka lila-lila mah jadi paribasa. Lamun aya kajadian sarupa jeung eta sok tuluy dilapan paribasa eta. Conto-contona sakumaha nu kauni di handap, tapi anu ngeunaan kajadian ka bangsa deungeun mah ngahaja diliwat bae.Anu hayang leuwih eces, hade nglik buku bab paribasa.
      Ana gurubug teh maung hudang. Nu reureuh teh kapaksa kudu muntangan buntut bari gegeroan menta tulung sugan aya jalma anu ngadenge. Hadena bae kaburu ditarulungan kunu naluar kai.
      Tah cenah ti harita, ka jelema anu sok pangangguran nyieun pagawean anu engkemalindes ka diri pribadi, sok dibasakeun "katempuhan buntut maung".
      5. Basa kabujanggaan 
      ucap atawa ajara para bujangga anu geus maneuh, ngaleman diparake dina hirup kumbuh Sunda.Ieu teh sakapeung kalimah parondok mangrupa wiwilangan, sakapeung mah kalimahna  rada paranjang mangrupa pituduh atawa panungtun.
      Ari nu kasebut "bujangga", dina lebah dieu mah henteu tukuh kudu pangarang anu mashur luhung bae, tapi sakur nu geus diaku kaahlianana ku jalma rea, eta beunang digolongkeun kana bujangga. Jadi, ucapan ahli ekonomi, ahli perang, ahli tenik, ahli kawarasan, jeung pirang-pirang deui sakur anu nya bener nya beuneur mah, diasupkeun wae kana basa bujangga.
      Omonganana tea, sok dipetik dijieun papaes karangan, atawa ku anu pidato osok diucapkeun pikeun ngantebkeun biantarana. Cindekna geus beunang diasupkeun kana basa umum nu diparake ku jalma rea, jadi paribasa.
      Conto anu parondok, upamana.
      1. Umur gagaduhan, nyawa sasampayan.
      2. Ulah magar kaniaya.
      3. Hade ku omong, goreng ku omong.
      Conto-conto nu paranjang.
      1. Anak nu ngaberung pundung, balik mah tangtu ka indung (R. Poeradireja).
      2. Lamun kasasar lampah, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan (R.A. Bratadiwijaya).
      3. Satungtung ngajugjug ngidul, nandakeun di kaler keneh; satungtung neangan mulya, nandakeun yen hina keneh (R.H. Hassan Mustapa).
      4. Sanajan di luhur gunung, tengah leuweung luwang-liwung, jelema teu burung mungpung, da uwang nu jadi duyung (D.K. Ardiwinata).
      6. Paribasa asing
      Nu dimaksud "asing" teh, sakur anu henteu asli Sunda. Jadi nu ti Jawa atawa ti peuntas oge, nu geus kaitung sering atawa rajeun kapendak dina basa Sunda mah diabuskeun bae.
      A. Basa Jawa
      Sagalak-galak ning macan, tara nyatu anak.
      Ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu.
      Wong becik katitik, wong ala katara.
      Weruh sadurung winarah.
      Guru, ratu, wong atua karo, wajib sinembah.
      Keneng lara tan keneng pati.
      Giri, lungsi tan paingan.
      Muncang labuh kapuhu, kebo mulih pakandangan.
      Nangkoda tan wareg ing dunya, bujangga tan wareg ing elmu.
      Wong tua dadi wiwitan, wong enom darma nglakoni.
      Kateda kalingga murda, katampi ku asta kalih.
      Bungah amarwata suta.
      Sepi ing pambrih, rame ing gawe.
      Sakunang araning geni, sadom araning baraja.
      Iwak nangtang sujen.
      Lali ing purwa daksina.
      Adam lali ing tapel.
      B. Basa Indonesia
      Tau sama tau
      Aya hurang handapeun batu
      Jauh di mata deket di hati
      Aya biang kaladina
      Malu-malu kucing
      Lu-lu gua-gua
      Boga rasa "rendah diri"
      Eta mah "isepan jempol"
      "Sama rata sama rasa"
      C. Basa Arab
      Nu nyaho ka dirina,nyaho ka Pangeranana
      Nu sabar kaksih gusti
      Nungtut elmu ka nagara Cina ge hade
      Nyaah ka lemah cai teh satengahna tina iman
      Lamun gunung teu nyampeurkeun urang, urang nu kudu nyampeurkeun gunung
      D. Basa Eropa
      Waktu sarua jeung duit
      Lamun aya karep, aya jalana
      Manggih jalan buntu
      Neangan jalan kaluar
      Tong kosong sok pangharusna
      Buah ragrag tara jauh ti tangkalna
      Jaba ti basa Jawa teh anu geus pohara ngalemahna dina basa urang ari basa-basa sejen mah karasa keneh yen "semah".
      Sanajan jadi eta teh kurang diharep pikeun engkena ngabeungharan basa Sunda, leuwih hade urang make paribasa teh nu geus  nyampak di Sunda bae. Upamana:
      1. Aya biang kaladina (aya ulon-ulona)
      2. Buah ragrag tara jauh ti tangkalna (teng maruteng anak merak kukuncungan).
      (Kandaga, M.A. Salmun)

      Tidak ada komentar:

      Lebetkeun Komentar Pangersa