Sabtu, 30 Juli 2011

Nini Anteh

(2)
BARUDAK KABEHANANA AREUREUN ULINNA, SAWAREH AYA NU NANGTUNG, SAWAREH DEUI DARIUK BARI NAREUTEUP BULAN.

LAGU (BULAN TOK)
bulan tok, bulan tok
bulanna sagede batok,
bulan pak, bulan pak,
bulanna sagede opak,
bulan ruk, bulan ruk,
bulanna sagede jeruk,
bulan pir, bulan pir,
bulanna sagede tampir

BARUDAK LALAKI NYARALUNG, BARUDAK AWEWE KARAKAWIHAN. KAPIRENG SORA KENTREUNG TINUN NINI ANTEH NGENGKLOKAN DI LANGIT.

LAGU (JUNG JAE)
jung jae bala ka tanjung, jae
pucuk menyan ansoyi gedong malati, riri,
riri ngapung ka bulan anu keur mabra, itu,
itu geuning si nini keur jongjon ngentrung, ninun,
ninun poleng keur aki anu keur nyadap, handap,
yap kahandap nya nini urang arulin, resep
resep geura ngabungbang jeung kakawihan nonang,
nonang-noning noninang nonang nonanung, dang dung,
dang durirang duraring durang durarung, turun, turun, turun,
itu nini anteh turun
rek milu ulin jeung urang!

KABEH TARANGGAH NGADAGOAN NINI ANTEH, BARUDAK NARUNJUK KA LANGIT.

LAGU (PUCUNG)
kundang iteuk nini anteh itu turun,
mapay mega bodas,
bodasna lir huis nini,
hiap gancang urang ulin di buruan

mani bongkok meureun balas terus ninun,
ti jaman baheula,
ngentreung nepi ka kiwari,
hiap nini urang nyelang ulin heula.

ngawang-ngawang meureun geus rebuan taun,
nini tumpak bulan,
dibaturan ucing hiji,
ngaranna teh cenah mah si candramawat.

beuki handap teup nini itu kurunyung,
leuh kumaha damang,
naha mana ari ucing?

NINI ANTEH (DATANG TULUY NEMBALAN)
ucing nini ka dieu henteu dibawa,
nya keun bae ditinggalkeun sina tunggu,
nungguan tinunan,
bisi digegelan beurit,
beurit langit jahatna kabina-bina.

BUDAK I (SINOM RANCAG)
aduh nini kuring bungah,
ayeuna bisa papanggih,
kumaha beja ti bulan?

NINI ANTEH
di bulan mah estu sepi,
henteu kawas di bumi,
mun nini nenjo ti luhur,
kungsi bet kareureuwasan,
aya nu ngabelesat tarik,
beuki deukeut heg tuluy eunteup di bulan.

BARUDAK (ALOK CIAWIAN)
nu kitu teh pan ostronot
melesat ti amerika,
nu kitu teh pan kosmonot,
melesatna ti rusia.

jaga kuring tangtu bisa,
ngapung melesat ka bulan,
ayeuna mah tacan bisa,
karek bisa kabuhulan...


x_3b72b2bb

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa