Do: G
2/4 Moderato
Sanggian: NN
Ririungan urang karumpul
mengpeung deukeut hayu urang sosonoan
pacangkrama bari ngawadul
urang silih tempas, silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
bakal pisah bakal pajauh
bakal mopohokeun katineung urang
Sapu nyere pegat simpay bakal kasorang
takdir ti gusti Hyang Widi pasti ka lakon
urang rek papisah urang rek pajauh
mengpeung deukeut hayu urang sosonoan
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa