Senin, 25 Juli 2011

Aambeuan jeung Rarasaan

A. Aambeuan


Bau: bangke, bugang, kokotor jalma/sato
Hangit; olahan anu tutung, barang anu kaduruk
Hangru; getih
Hangseur; cikiih
Hanyir; lauk, getih
Hapeuk; pakean kotor, tempat kotor
Haseum; kokotor ucing, kelek nu kakesangan, olahan anu geus lila
Penghar; jengl\kol, peuteuy, obat-obat nu ngandung bahan kimia
Pesing; cikiih
Segak; bako, cipeuyeum
Seungit; kembang, parfum




B. Rarasaan
Amis; rasana gula
Anta; rasana cai
Asin; rasana uyah
Gahar; rasana manisan, inuman anu nagndung amis-amisan
Haseum; rasana cuka
Kecut; rasana cuka
Kesed; rasana salak (salak ngora)
Keutar; rasana geutah, cangkang bubuahan
Keurang; rasana kadaharan nu geus teungi, atawa digoreng ku minyak kalapa anu hargana murah
Lada; rasana cengek
Pahang; rasana buah jengkol,iwung nu geus kolot/iwung nu can diasakan
Pangset; rasana olahan nu rea teuing uyah
Pait; rasana kina, paria, hamperu
Peuheur; rasana terong;


(Dicutat tina Peperenian, Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

Tidak ada komentar:

Lebetkeun Komentar Pangersa